Buka ménu utama
PT Railink
Informasi
Lokal Nasional (sakabéh Daop jeung Divre)
Jumlah stasion 9
Operasi
Dipiboga ku PT Kereta Api Indonesia
Operator Railink
Data téhnis
Listrik 1,500 V DC Listrik aliran luhur (Jakarta)

Railink (parseroan terbatas) mangrupa parusahaan hasil kerja sama (joint venture) antara dua BUMN, nyaéta PT Kereta Api Indonesia jeung PT Angkasa Pura II (kedua-duanya Persero) sareng komposisi kapemilikan saham 60% ti PT KAI jeung 40% ti PT AP II. Kagiatan usaha anu dijalanina nyaéta pangoperasian, pangelolaan sareng pangusahaan karéta api bandara, pangembangan jeung pangelolaan stasion karéta api di bandara jeung di puséur kota, pangadaan sareng pameliharaan sarana jeung prasarana karéta api, pawangunan prasarana karéta api, konsultasi jeung desain sistem parkarétaapian, jeung pangusahaan jasa lainna anu nganunjang usaha-usaha pokok.

LayananÉdit

Layanan karéta api bandara anu dioperasikeun ku Railink diberi ngara Airport Railink Services (Layanan Bandara Railink) anu disingket ARS. Railink ieu hanya nagoperasikeun kereta api ARS Kualanamu jeung ARS Soekarno-Hatta. Parusahaan anu berkantor puséur di Jakarta ieu ogé keur ngembangkeun wangun jalur karéta api ARS Soekarno-Hatta ti Stasion Batuceper nuju ka Bandara Soekarno-Hatta anu sakabéh berada di wilayah Kota Tangerang, anu beroperasi dina akhir taun 2017. Salain di Medan jeung Jakarta, Railink ogé bade ngoperasikeun ARS pikeun Bandara Internasional Jawa Barat di Kertajati jeung Bandara Internasional Baru Yogyakarta di Kulon Progo.

ARS KualanamuÉdit

Karéta api ARS Kualanamu dioperasikeun ti taun 2013 sareng ruteu ti Stasion Medan kalawan City Railink Station nuju ka Bandara Internasional Kualanamu kalawan Airport Railink Station. Mimitina, ARS Medan ngagunakeun dua rangkéan karéta rél diesel elektrik (KRDE) minjeuman ti Kementerian Perhubungan anu ti mimitina dioperasikeun di pulo Jawa kalawan Karéta api Kaligangsa, anu kemudian digantikeun ku opat rangkéan KRDE anyar anu spésifikasi khusus angkutan bandara dijieun ku Woojin Industries, sabuah pabrik parkéretaapian di Koréa Kidul.[1][2][3] Kapasitas karéta ieu nyaéta 172 panumpang per karéta, jeung bisa ngangkut 3000-4000 panumpang per poé atawa 1,3 juta panumpang per taun.[4]

ARS Soekarno-HattaÉdit

 
Karéta rel listrik ARS Soekarno-Hatta

Karéta rel listrik (KRL) ARS Soekarno-Hatta rencanana bade diujicobakeun pangoperasianna dina Novémbér 2017 jeung beroperasi penuh dina 2 Januari 2018 sareng dua ruteu,[5] nyaéta:

KRL ARS Soekarno-Hatta ngagunakeun KRL anu dijieun sacara completely knocked-down (CKD) ku Bombardier Transportation jeung dirakit ku BUMN Industri Kereta Api di Madiun, Jawa Wétan. Saloba 60 unit karéta anu diproduksi dibagi jadi sapuluh rangkéan KRL sareng formasi génép karéta per rangkéan, sareng fasilitas-fasilitas sapertos audio-video on demand (AVOD), toilet sareng kloset duduk jeung paturasan, bangku khusus panyandang disabilitas, jeung sajabana.[6][7]

Ti tangga 19 Juni 2018, dilakukeun uji coba KA Bandara Soekarno-Hatta di Stasion Bekasi. Uji coba dilakukeun di luar jam sibuk sareng 8 kaberangkatan dalam sapoe. Meuli tiket iei bisa liwat vending machine anu aya di pintu kidul Stasion Bekasi jeung ogé bisa liwat aplikasi Railink.[8][9][10]

ReferensiÉdit

Pranala luarÉdit