Buka ménu utama

Stasion Jakarta Kota (JAKK) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮏᮊᮁᮒ ᮊᮧᮒ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Kalurahan Pinangsia, kawasan Kota Tua, Jakarta. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +4 méter ieu mangrupa stasion panggedéna anu dikokolakeun ku PT Kereta Api Indonesia (Persero) Daérah Operasi I Jakarta sarta mangrupa hiji tina babaraha stasion di Indonésia anu tipeuna terminus (stasion awal/ahir), anu teu boga tutuluyan jalur deui.

Stasion Jakarta Kota
Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero).png
PapanNamaStasiun JAKK.png
  • Singgetan: JAKK
  • Nomor: 0420
Stasiun Jakartakota 2018.jpg
Stasion Jakarta Kota
Lokasi
PropinsiDKI Jakarta
KotaJakarta Barat
KacamatanTaman Sari
KalurahanPinangsia
AlamatJalan Stasion Kota No. 1
Kodeu pos11110
Koordinat6°08′15″S 106°48′53″E / 6.1375786°S 106.8146342°E / -6.1375786; 106.8146342Koordinat: 6°08′15″S 106°48′53″E / 6.1375786°S 106.8146342°E / -6.1375786; 106.8146342
Sajarah
Dibuka8 Oktober 1929
Ngaran saméméhnaStasiun Batavia-Benedenstad, Djakarta
Taun ganti ngaran1941
Informasi séjén
OperatorDaérah Operasi I Jakarta
Kelas stasion[1]Badag tipeu A
Tingkat kaluhuran+4 m
Perenahna[2]km 0+000 lintas Jakarta Kota–:
LayananJayakarta Prémium, Menoréh, Kutojaya Utara, jeung KRL Commuter Line
Pamesenan tikétSistem tiket online, ngalayanan pamesenan langsung di lokét sarta kartu single trip/multi trip Commuter Line. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass, husus KA jarak jauh/manengah.
Operasi
  Stasion saméméhna     KRL Jabodetabék     Station sanggeusna  
Bogor–Jakarta KotaTungtung
Depok–Jakarta Kota
Bekasi–Jakarta Kota
Manggarai
Bekasi–Jakarta Kota
Pasar Senén
Cikarang–Jakarta Kota
Pasar Senén
Cikarang–Jakarta Kota
Manggarai
Tanjung Priuk–Jakarta Kota
  Layanan panghubung  
  Stasion saméméhna     Transjakarta     Station sanggeusna  
Tungtung Koridor 1
Nyambung di: Kota
Koridor 12
Arah Tanjung Priok
Nyambung di: Kota
Koridor 12
Arah Penjaringan
Nyambung di: Kota
Konstruksi jeung fasilitas
Jumlah jalur11:
  • jalur 4: sepur lempeng ti arah Jatinegara-Pasar Senén-Kampung Bandan handap
  • jalur 5: sepur lempeng ka arah Kampung Bandan handap-Pasar Senén-Jatinegara
  • jalur 8: sepur lempeng ti arah Tanjung Priuk liwat Kampung Bandan luhur
  • jalur 9: sepur lempeng ka arah Tanjung Priuk liwat Kampung Bandan luhur
  • jalur 10: sepur lempeng ka dipo karéta
  • jalur 11: sepur lempeng ti arah Manggarai-Gambir
  • jalur 12: sepur lempeng ka arah Gambir-Manggarai
Jumlah péronGenep péron teluk kalawan dua péron sisi jeung lima péron pulo
Gaya arsitékturArt Deco
ArsitékFrans Johan Louwrens Ghijsels
Fasilitas anu aya di stasion ieu:
Logo PT KAI (Persero).svg
Fasilitas parkir: Aya
Toilét: Aya
Aréa komérsial: Aya
Galéri ATM: Aya
Tempat ibadah: Aya

Stasion ieu ogé sok disebut Stasion Béos atawa Stasion Kota, sanajan ngaran asli ieu stasion téh nyaéta Stasion Batavia-benedenstad, tuluy ti saprak jaman Jepang di Indonésia, mimiti dipaké ngaran Djakarta (Stasion Jakarta aslina, ngarujuk ka ieu stasion). Ngaran "Stasion Kota" ogé bisa ngarujuk ka Stasion Surabaya Kota.

Stasion Jakarta Kota kiwari jadi kontrovérsi ku lantaran rék dirénovasi kalawan nambahan rohangan komérsial. Padahal ieu stasion geus jadi cagar budaya. Salian ti wangunanna anu heubeul, stasion ieu mangrupa stasion tujuan ahir lalampahan karéta. Saperti Stasion Surabaya Kota atawa Stasion Semut di Surabaya nu sarua-rua cagar budaya, anu rék dirénovasi ogé.

SajarahÉdit

Jaman baheula, bakating ku kasohorna ieu stasion, ngaranna kungsi dijadikeun hiji acara ku stasion télévisi swasta. Tapi, meureun ngan saeutik warga Jakarta nu apal naon harti Béos anu geuningan loba vérsina.

Nu kahiji, ngaran Beos numutkeun kana ngaran stasion Batavia BOS Bataviasche Oosterspoorweg Maatschapij (Maskapé Angkutan Karéta Api Batavia Wétan), anu nempatan tempat éta saacan dibongkar.[3] Pausahaan ieu mangrupa pausahaan karéta api swasta anu matalikeun Batavia jeung Kedunggedéh. Vérsi nu lian, nyebutkeun yén Béos téh asalna tina kecap Batavia En Omstreken, anu hartina Batavia jeung sabudeureunana, anu asalna tina fungsi ieu stasion minangka puseur transportasi karéta api anu matalikeun Kota Batavia jeung kota-kota séjén saperti Bekassie (Bekasi), Buitenzorg (Bogor), Parijs van Java (Bandung), Karavam (Karawang), jeung sajabana.[4]

Sabenerna, aya kénéh ngaran séjén pikeun Stasion Jakarta Kota, nyaéta Batavia Zuid anu hartina Stasion Batavia Kidul.[3] Ngaran ieu aya ku lantaran di abad ka-19, Batavia geus boga leuwih ti dua stasion karéta api. Aya Stasion Batavia Noord (Batavia Kalér) anu perenahna di kiduleun Museum Sajarah Jakarta ayeuna. Batavia Noord mimitina dipiboga ku karéta api Nederlandsch-Indische Spoorweg Maatschappij atawa NIS, sarta mangrupa stasion terminus pikeun jalur Batavia-Buitenzorg. Di taun 1913 jalur Batavia-Buitenzorg ieu dijual ka pamaréntah Hindia Belanda tuluy dikokolakeun ku Staatsspoorwegen. Harita, wewengkon Jatinegara jeung Tanjung Priok can asup gementee Batavia.[4]

Batavia Zuid, mimitina diwangun kira-kira taun 1887, tuluy ditutup di taun 1926 pikeun dirénovasi jadi wangunan anu aya kiwari. Salila ieu stasion diwangun, layanan karéta api dipindahkeun ka stasion Batavia Noord. Kira-kira 200 méter ti stasion nu ditutup, diwangun Stasion Jakarta Kota nu ayeuna. Pangwangunanna bérés di tanggal 19 Agustus 1929 sarta sacara resmi digunakeun di tanggal 8 Oktober 1929. Acara pikeun ngaresmikeunna dilakukeun gedé-gedéan kalawan nguburkeun sirah munding ku Gubernur Jéndral jhr. A.C.D. de Graeff anu maréntah di Hindia Walanda di taun 1926-1931.[5]

Jalma anu ngarancang ieu stasion nepi ka méwahna nyaéta arsiték Walanda kalahiran Tulungagung, 8 Séptémber 1882, nyaéta Frans Johan Louwrens Ghijsels.[4] Bareng jeung babaturanana, di antarana Hein von Essen jeung F. Stolts, manéhna ngadegkeun biro arsitéktur Algemeen Ingenieur Architectenbureau (AIA). Karya biro ieu bisa ditempo ti gedung Departemen Perhubungan Laut di Medan Merdéka Timur jeung Rumah Sakit PELNI di Petamburan anu duanana aya di Jakarta sarta Rumah Sakit Panti Rapih di Yogyakarta.

Stasion ieu pas jaman kolonial aya dua, nyaéta Batavia NIS (Batavia Noord) jeung Batavia BOS (Batavia Zuid)[3]. Sanggeus dua stasion éta dibeuli ku pamaréntah kolonial, pausahaan karéta api nagara Staatsspoor en Tramwegen, boga rarancang rék ngawangun stasion gedé nu anyar dina tanah Stasion Batavia BOS anu ditutup di taun 1923. Gantina, stasion Batavia Noord urut NIS anu jarakna 200 méter ka arah kalér jadi stasion utama pikeun ngalayanan panumpang. Di taun 1926, stasion urut BOS mimiti dibongkar. Pangwangunan ieu mangrupa proyék nagara, jadi Burgerlijke Openbare Werken, (Departemén Pagawéan Umum Hindia Walanda), ilubiung dina pangwangunanana.

Stasion Béos mangrupa karya Ghijsels anu dipikawanoh minangka Het Indische Bouwen nyaéta "hasil kawin" antara struktur jeung téhnik modérn barat anu dihijikeun jeung wangun tradisional. Kalawan dibungkus ku art deco, rancangan Ghijsels ieu siga nu basajan, tapi éndah. Luyu jeung filosofi Yunani Kuna, basajan nyaéta jalan pangpondokna pikeun nyiptakeun kaéndahan.[4]

KiwariÉdit

Stasion Jakarta Kota ayeuna geus jadi cagar budaya liwat surat kaputusan Gubernur DKI Jakarta No. 475 taun 1993. Sanajan masih kénéh dioperasikeun, di ditu di dieu katingali bagian anu kurang kaurus. Kaayaanna ogé kausik ku ayana warta pangwangunan mal di luhureun wangunan stasion. Kabersihanana ogé kurang kaurus, loba runtah di rél-rél karéta. Salian ti éta, loba jalma nu nyicingan sisi rél deukeut stasion anu ngurangan ajén éstétika stasion ieu. Ayeuna, Pihak KAI liwat Unit Pelestarian Benda dan wangunan Bersejarah geus ngamimitian nata stasion ieu.

Wangunan jeung tata letakÉdit

Stasion ieu mimitina boga dua welas jalur karéta api kalawan jalur 4 jeung 5 minangka sepur lempeng jalur ganda ka arah Kampung Bandan handap-Pasar Senén-Jatinegara, jalur 8 jeung 9 minangka sepur lempeng jalur ganda ka arah Kampung Bandan luhur-Tanjung Priuk, sarta jalur 11 jeung 12 minangka sepur lempeng jalur ganda layang ka arah Gambir-Manggarai. Tapi, pikeun saheulaanan jalur 1 ditutup ku lantaran péronna eukeur dirénovasi anu engkéna bakal dipaké pikeun rohangan tunggu panumpang babaraha karéta api jarak jauh jeung manengah anu eureun di stasion ieu. Di beulah wétan-kalér ieu stasion aya dipo karéta api anu matali jeung jalur 10.

Salasahiji hal nu unik tina stasion ieu nyaéta wangunan péronna mirip jeung nu di Stasion Jember, anu mangrupa kanopi nu manjang kalawan hateupna ngabentuk hurup V anu ditopang struktur kantilever kolom tunggal tinu baja.

Stasion Jakarta Kota ogé minangka tempat istirahat saheulaanan pikeun babaraha karéta api jarak jauh saacan disiapkeun kaberangkatanna di Gambir jeung di Stasion Pasar Senén.

Stasion ieu dirénovasi di taun 2019, salasahijina mangrupa nambahan rohangan tunggu anyar pikeun karéta api jarak jauh.[6]

Layanan karéta apiÉdit

Di taun 2013-2014 sakabéh karéta api panumpang jarak jauh jeung manengah anu asalna tujuan ahirna Stasion Jakarta Kota, dipindahkeun ka Stasion Pasar Senén, antara lain KA Gumarang, KA Gaya Baru Malam Selatan, KA Tegal Arum (ayeuna geus teu dioperasikeun), jeung KA Serayu. Pamindahan ogé dilakukeun ka Gambir pikeun KA Argo Parahyangan jeung KA Gajayana. Ti tanggal 9 Pébruari 2017 sakabéh lalampahan KA lokal Daop I bagian wétan (KA Cilamaya Éksprés/Lokal PWK, KA Walahar Ekspres/Lokal PWK, jeung KA Jatiluhur/Lokal CKP) dipindahkeun ka Stasion Tanjung Priuk.[7]

Ti tanggal 29 Méi 2019, tilu karéta api jarak jauh jeung manengah anu asalna tujuan ahirna di Stasion Pasar Senén, ayeuna geus dipindah ka Stasion Jakarta Kota.[8]

Kelas ékonomi AC prémiumÉdit

Kelas ékonomi AC plusÉdit

Menoréh, jurusan Stasion Semarang Tawang

KRL Commuter LineÉdit

Jadwal karéta apiÉdit

Ieu jadwal karéta api anu eureun di Stasion Jakarta Kota per 1 Juli 2019 (révisi Gapéka 2017). Jadwal karéta api ieu ngan ngabahas karéta api non-KRL.[9]

No. KA KA Jurusan Kelas Datang Berangkat
191A Kutojaya Utara Jakarta Kota (JAKK) Ékonomi AC Prémium 01.26 -
192A Kutoarjo (KTA) - 04.50
7063B Jayakarta Prémium Jakarta Kota (JAKK) 06.01 -
7064B Surabaya Gubeng (SGU) - 12.50
149 Menoréh Jakarta Kota (JAKK) Ékonomi AC Plus 15.02 -
150A Semarang Tawang (SMT) - 18.40

InsidénÉdit

Di tanggal 26 Désémber 2014 jam 06.30, lokomotip CC201 79R (89 07) nabrak péron di Stasion Jakarta Kota, pas ngalangsir rangkéan karéta api Argo Parahyangan. Lokomotip éta ngaleuwihan wates aman pikeun eureun, anu matak lokomotip luncat kaluar rél tuluy ngaruksak lantéy péron. Euweuh korban jiwa dina kajadian ini.[10]

Antarmoda pangrojongÉdit

Jinis angkutan umum Trayék/koridor Jurusan
Transjakarta   Blok M–Kota (di halteu Kota)
  (Koridor 5K) Kampung Melayu-Kota (di halteu Kota)
Pinang Ranti-Kota (di halteu Kota)
  Tanjung Priok–Penjaringan (di halteu Kota)
1A (MiniTrans) Fresh Market PIK–Balai Kota (di halteu Kota)
12A (MiniTrans) Stasion Jakarta Kota–Palabuan Kaliadem (di halteu Kota)
12B (MiniTrans) Pluit–Senen via Pasar Ikan–Muara Karang (di halteu Kota)
12E (MetroTrans) History of Jakarta Explorer
12K (MetroTrans) Asemka Explorer
DA4 (MetroTrans) Stasion MRT Dukuh Atas-Stasion Jakarta Kota
JAK 10 (Jak Lingko) Stasion Jakarta Kota-Stasion Tanah Abang (intégrasi ka     )
JAK 33 (Jak Lingko) Stasion Jakarta Kota–Terminal Pulo Gadung (integrasi ke      )
Angkot[11] M08 Stasion Tanah AbangStasion Jakarta Kota
M12 Stasion Jakarta Kota–Terminal Senén
M15 Terminal Tanjung Priok–Stasion Jakarta Kota via Tongkol
M15A Terminal Tanjung Priok–Stasion Jakarta Kota via Mangga Dua
M25 Stasion Jakarta Kota–Terminal Grogol
M39 Pademangan–Stasion Jakarta Kota
M53 Stasion Jakarta Kota–Terminal Pulo Gadung
Koperasi Wahana Kalpika (KWK)[11] B02 Stasion Jakarta KotaCengkareng Timur
B06 Stasion Jakarta KotaKamal Muara
U10 Sunter Agung-Stasion Jakarta Kota
Kopaja[11] 86 Stasion Jakarta Kota–Terminal Lebak Bulus
Kopami[11] P02 Terminal Senén–Terminal Muara Angké

GalériÉdit

Tingali ogéÉdit

RujukanÉdit

  1. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 
  2. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  3. a b c Murti Hariyadi, Ibnu; Basir; Pratiwi, Mungki Indriati; Ubaidi, Ella; Sukmono, Edi (2016). Arsitektur Bangunan Stasion Karéta Api di Indonesia. Jakarta: PT Karéta Api Indonesia (Persero). pp. 1 – 14. ISBN 978-602-18839-3-8. 
  4. a b c d Majalah KA Edisi Agustus 2014
  5. Stasion Batavia Selatan Genap 80 Tahun Kompas.com 23 Oktober 2009, diakses 2 November 2011.
  6. antaranews.com (2019-05-29). "Stasion Jakarta Kota mulai layani pemberangkatan KA jarak jauh". Antara News. Diakses tanggal 2019-05-29. 
  7. "KAI Daop 1 Jakarta Ubah Dua Relasi KA Lokal". BeritaSatu.com. Februari 2017. 
  8. karétamania (2019-05-27). "Stasion Jakarta Kota Melayani KA Jarak Jauh". Karéta Api Kita (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-05-29. 
  9. "Mulai 29 Mei 2019, Stasion Jakarta Kota Melayani Pemberangkatan KA Jarak Jauh". kai.id. Diakses tanggal 2019-05-29. 
  10. Liputan 6.com: Lokomotif Karéta Tabrak Peron Hancurkan Ruang Tunggu Stasion Kota
  11. a b c d "Daftar Trayek Angkutan Umum DKI Jakarta". Pemerintah Provinsi DKI Jakarta. Diakses tanggal 30 Desember 2017. 

Tumbu kaluarÉdit