Sunan Giri
Sunan Giri atawa Radén Paku, Prabu Satmata, Sultan Abdul Faqih, Raden 'Ainul Yaqin (Muhammad Ainul Yakin) atawa Joko Samudro dibabarkeun di Blambangan taun 1442 Maséhi.[rujukan?] Nurutkeun Babad Tanah Jawi, ngaran bapana nyaéta Maulana Iskhak asalna Arab jeung indungna Déwi Kasiyan putri Raja Blambangan.[rujukan?] Dikurebkeun di Bukit Giri Désa Giri, Kebomas Gresik.[1] Disebutkeun yén anjeuna tilar dunya taun 1506 M.[2]
Didikan Awal
éditSunan Giri guguru ka Sunan Ampél nepi ka panggih jeung Maulana Makhdum Ibrahim (Sunan Bonang).[rujukan?] Teu lila Sunan Ampél nitah Sunan Bonang jeung Sunan Giri angkat ka Mekkah pikeun ibadah Haji ogé nungtut élmu nu leuwih jero.[rujukan?] Saméméh angkat ka Mekkah, aranjeuna nyimpang heula ka Pasai pikeun nambahan élmu kaagamaan. Utamana élmu Gusti numutkeun ajaran tasawuf.[rujukan?] Mangsa harita loba ulama ti Persia jeung India datang ka Pasai pikeun nyiar élmu éta.[rujukan?] Sanggeus ibadah Haji, dua urang ieu balik deui ka Jawa.[rujukan?] Sunan Giri meunang élmu ladunni nepi ka guruna di Pasai méré ngaran "Ainul Yakin".[1]
Sunan Giri bisa disebut minangka ulama nu boga ngaran gedé sabab loba jalma nu guguru ka anjeuna.[rujukan?] Nepi ka Kapuloan Maluku sarta bagéan wétan Indonésia saperti Madura, Lombok jeung Makassar jauh-jauh nyiar élmu nepi ka Sunan Giri.[rujukan?] Urang Maluku nyebut Sunan Giri ku ngaran "Raja Bukit" sabab Giri dina basa Sansekerta hartina "pasir".[1] Cara Sunan Giri nyebarkeun da'wah nyaéta ngaliwatan nalukkeun daérah, nikah atawa ngaliwatan da'wah ka urut muridna.[rujukan?]
Cara Da'wah
éditNgeunaan cara da'wahna, Sunan Giri ngasupkeun hikayat-hikayat Islam dina pintonan wayang dina raraga dakwah.[rujukan?] Anjeunna ogé nyiptakeun tembang Pucung jeung Asmarandana sarta nyiptakeun kaulinan barudak nu dibéré napas agama misalna Jetungan jeung Jamuran.[3]