Topéng Betawi
Topéng Betawi nyaéta salah sahiji hasanah budaya seni ibing anu aya di pulo Jawa tebéh kulon ngawengku Bogor, Depok, Bekasi, Jakarta jeung sabagéan wilayah Banten.[1] Topéng Betawi mangrupa gabungan musik, teater jeung visualisasi gerak improvisasi sarta nu jadi ciri, nyaéta pangibing maké topeng.[2]
Asal Kasenian Topéng Betawi
éditTopéng anu tina basa Kawi hartina kedok,[3] mangrupa hiji ti loba kasenian anu hirup di Indonesia. Mimitina seni ibing di Betawi atawa Jakarta dipangaruhan ku kasenian ibing Sunda jeung kasenian ibing Cina nyaéta jaipong jeung ibing topéng Cina.[2] Mimitina, topéng Betawi dipintonkeun kalawan kostum jeung aksésoris anu sarua saperti kasenian topéng di Cina.[2] Tapi ka dieunakeun, kasenian ieu rada ngagésér ku parobahan-paroban anu signifikan tina mimiti kostum nepi ka rupa topéng anu dipakéna.[2] Pangibing topéng Betawi ayeuna biasana maké topéng anu sarua saperti kasenian topeng Banjét di Karawang.[2] Anu ngabédakeun nyaéta makéna basa, topéng Betawi maké basa Batawi.[2]
Unsur jeung Instrumén Anu Dipaké
éditUnsur di dieu nyaéta unsur anu nyusun kapintonkeuna kasenian topéng Betawi.[2] Kasenian ieu kasusun ku 3 unsur anu baris ditataan ieu di handap:[2]
Sedengkeun intsrumén anu dipaké dina kasenian ieu nyaéta:[2]
Kostum
éditTopéng Betawi mangrupa gabungan tilu unsur anu geus dipedar di luhur.[2] Nalika dipintonkeun, sababaraha pamaén maké kostum anu husus sangkan némbongkeun ciri has tina kasenian ieu saluyu jeung bagéana saperti papasingan ieu di handap.[2]
- Pangrawit: biasana maké baju sapopoé atawa baju sadariah euweuh katangtuan husus pikeun pangrawit.[2]
- Pamaén: pamaén ieu bisa dibagi anu ngalalakon jeung pangibing.[2] Biasana anu lalaki kostumna kaméja bodas, baju hideung, kaos oblong, calana, sarung, peci sarta kedok.[2] Sedengkeun pikeun awéwé biasana maké sinjang batik betawi, kabaya, sodér, jeung makuta warna-warni anu biasana disebut kembang topeng.[2] Sarta ditambahan ku ampak-ampak, andung, taka-taka, jeung ampréng.[2]
Alur Pintonan
éditPintonan dikawitan ku instrumén-instrumén, tuluy dikawitan ku ibing kedok nyaéta ibing Ronggéng Topéng anu dina prak-prakna maké tilu topéng sacara gantian.[2] Baheula Ronggéng Topéng dijadikeun ibing pamungkas, tapi mangsa ayeuna dibalik.[2] Pintonan dilajengkeun ku munculna ibing Kembang Topéng sarta dibarung ku bodor kalawan dipirig ku lagu Aileu, Lipet Gandes, Enjot-enjotan, jeung sajabana.[2] Tuluy diteruskeun ku lakon bobodoran, biasana diangkat carita ngeunaan Bapak Jantuk.[2] Lakon séjéna nyaéta Benguk, Pucung, Lurah Karsih, Mursidin dari Pondok Pinang, Samiun Buang Anak, Murtasik, jeung sajabana.[2]
Dina lalampahan kamekaran kasenian ieu, biasana kelompok topéng nambahan sababaraha lakon panjang sapeuting jeput saperti: Jurjana, Dul Salam, Lurah Barni dari Rawa Katong, Asan Asin, Lurah Murja, Rojali Anemer Kodok, Waru Doyong, Daan Dain, Kucing Item, Aki-aki ganjen jeung sajabana.[2] Cara makéna topéng nyaéta di gégél di bagéan anugeus disadiakeun di tukang kedok.[2] Saperti kasenian buhun di Sunda, kasenian topéng Betawi ogé aya anu narepkeun tradisi saperti meuleum purukuyan, jeung disadiakeun sajén lengkep anu eusina béas, kalapa ngora, kainuman, rujak 7 rupa, bakakak, endog atah, sangu jeung deungeuna, sarta carutu atawa roko.[2]