Yasunari Kawabata
Yasunari Kawabata, lahir di Osaka, Jepang, tanggal 11 Juni 1899.[1] Kawabata téh sastrawan Jepang munggaran anu kasinugrahan hadiah Nobel dina widang sastra.[1] Ampir taya nu wanoheun di saluareun Jepang mah saméméh narima hadiah Nobel taun 1968.[1] Carpon-carpon jeung novel-novel Kawabata anu nuduhkeun yén Kawabata calakan, témbong umumna dina suasana sedih, nyaritakeun lalakon jalma-jalma anu hanaang ku trésna-asih, séks, atawa hubungan kamanusaan.[1] Kawabata téh anak dokter.[2] Kolotna maot mangsa inyana burey kénéh, saterusna diurus ku ninina ti pihak indung, tur disakolakeun di sakola umum di Jepang.[2] Antara taun 1920 tepi ka 1924 Kawabata nyuprih élmu Universitas Imperial Tokyo, tepi ka nyangking gelar sarjana.[2] Kawabata miluan ngadegkeun Jidai Bungei, publikasi média dina gerakan anyar sastra Jepang modéren.[2] Taun 1959, Kawabata narima medali Goethe di Frankfurt, Jérman.[2] Kawabata tiwas alatan maéhan manéh di Zushi, Jepang dina tanggal 16 April 1972.[1]
Karya-karya Yasunari Kawabata
édit- Izu no Odoriko (Tukang Ibing Izu jeung carita-carita lianna) (1927).[1]
- Asakusa Kurenaidan (1930) [1]
- Yukiguni (Nagara Salju) (1948) [1]
- Meijin (Master Go) (1951) [1]
- Sembazuru (1952) [1]
- Yama no Oto (Sora Gunung) (1954) [1]
- Mizuumi (Talaga) (1954) [1]
- Nemureru Bijo (Imah Parawan Saré) (1960) [1]
- Koto (Puseur Dayeuh kolot) (1962) [1]
- Utsukushisa to Kanashimi (Kageulisan jeung Kanalangsaan) (1964) [1]
- Kataude (Leungeun Sabeulah) (1964) [1]
- Tanpopo (Dandelion) (1974, medal sanggeus Kawabata tiwas) [1]
- Palm of the Hand Stories (1988, Kumpulan Carpon, medal sanggeus Kawabata tiwas) [1]
- Salju Munggaran di Fuji (2000, Kumpulan Carpon, medal sanggeus kawabatan tiwas) [1]
Rujukan
édit
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |