Buka ménu utama
Sabungkus shampoo sakali paké

Bungkus (basa Inggris:package) nyaéta hiji tarékah pikeun ngajaga barang atawa hasil produksi tina karuksakan salila diteundeun, saméméh dipaké, kitu deui dinamangsa dipindahkeun tina hiji tempat ka tempat anu séjéna. Bungkus ogé mangrupa hiji sistem anu terkoordinasi dina nyiapkeun barang anu baris dipindahkeun, ditunda digudang, jualeun, jeung dina mangsa saméméh barangna dipaké.[1]

Eusi

SajarahÉdit

Jaman BaheulaÉdit

Bukus mimitina ngagunakeun bahan-bahan anu saayana dina mangsa harita, kayaning anyaman tina hoé atawa awi, kantong tina kulit, peti tina kai, jeung sajabana. ka dieunakeun bungkus téh beuki motékar waé luyu jeung kamajuan Téhnologi jeung rupa-rupa paménta anu meuli, contona bungkus tina bahan parunggu jeung kaca. Panalungtikan ngeunaan bungkus ieu mangrupa hiji bagéan anu kawilang penting tina Arkéologi.

Bungkus mimiti dimangpaatkeun numutkeun catetan salah saurang Pérsia dina mangsa pelesiran taun 1035 ngadatangan hiji pasar di kota Kairo nempo anu daragang sayuran, bungbu-bungbu jeung pakakas dibungkus ku kertas dinamangsa mikeun kanu meulina.[2]

Jaman ModernÉdit

KaléngÉdit

 
Kaléng Almaniem maké pamuka tutupna

Dina abad ka-18, kaléng (tinplate) mimitina kapanggih ku urang Inggris, nyaéta Andrew Yarranton dina taun 1667. Kotak tina bahan kaléng mimiti dijual kabalaréa di selat Bristol dina taun 1725, kotak kaléng ieu dikirim ti Monmouthshire [3] Taun 1760 di London Tobacconists (rupa-rupa pakakas pikeun udud) tina bahan kaléng dijieun jeung dijualbeulikeun. dina taun 1805 kotak kaléng dijieun nepika 80.000 siki pikeun di jual ka luar nagara 50.000 sésana dipaké kabutuhan sorangan.[4] Dina taun 1810 urang Perancis nyaéta Appert mangihan cara ngawétkeun kadaharan ku jalan nyieun wadah anu kedap/teu asup hawa, ieu cara ngarojong Sodagar Inggris Peter Durand maténkeun hiji cara ngawétkeun kadaharan ku jalan dikaléngan/prosés pengaléngan Durand henteu tuluy maké patén anu geus dipimilka pikeun produksi tapi ku Durand di jual deui dina taun 1812 ka urang Inggris ogé nyaéta Bryan Donkin jeung John Hall anu satuluyna nyampurnakeun ieu pamanggih Durand téa. Tuluy ngadegkeun pabrik pangaléngan komersial dina taun 1813 di Southwark Park Road, London.[5] Bryan Donkin jeung John Hall mimiti nyieun barang kaléngan munggaran pikeun Royal Navy/angkatan laut nagara Inggris.[6][7]

Ngaronjatna industri Pangaléngan jadi cukang lantaran pikeun Robert Yeates, manggihan hiji pakakas saderhana pikeun muka kaléng dina taun 1855 dituluykeun ku Hackney Road, nyieun alat pamuka kaleng ku jalan nyoehkeun bagian luhur kaleng, aya deui pamanggih pikeun muka kaléng leuwih seseg jeung kuat anu dipatenkeun ku urang Amerika nyaéta Ezra Warner asalna ti Waterbury, Connecticu.[8]

Bahan KertasÉdit

Bungkus tina kertas mimiti dijieun di Bristol, Inggris dina taun 1844, jeung Amerika. Dina taun 1852 Francis Wolle dipaténkeun pikeun mesin kantong kertas otomatis.[9]Kardus kotak mimiti digunakeun dina abad ka-16, Dina taun 1817 di Inggri kardus kotak (Corrugated) munggaran dijieun dina skala komersial, meunang patén ti nagara Inggris dina taun 1856. Robert Gair gumelar di Skotlandia ngawanohkeun kardus modél pre-cut dina taun 1890 satuluyna dijieun dina jumlah anu pohara lobana.[10]

Abad ka-20Édit

Bungkus asup abad ka-20 geus leuwih ngaronjat jeung maju, tayalian mimiti kapanggihna bakelite mangrupa cikal bakal tina lobana rupa bungkus anu dijieun, katambah ku leuwih murahna biaya pikeun ngolah plastik anu mangrupa bahan utama pikeun sarupaning bubungkusan, aya kantong plastik, botol plastik, wadah plastik jeung sajabana.[11]

Dina taun 1952, Universitas Michigan (Michigan State University) mangrupa hiji universitas anu pangheulana sadunya nyayagikeun gelar pikeun jurusan mesin bungkus.[11] Dina widang bungkus ieu, geus loba pisan kamotékaran anu pinujul, dina mangsa munggaran mekar ieu widang bungkusan di hususkeun pikeun kalengkepan militér, dina palebah dieu bungkusan dipaké mawa dahareun, pakakas, bahan-bahan séjéna sajeroeun dina kaayaan anu sarwa beurat. Dina wanci Perang sadunya ka-II spesifikasi kemasan militer mangrupa hiji konsép resmi anu dipaké dina taun 1941-an, ku lantaran bungkusan anu diapaké ku bala tantara leuwih onjoy boh dina widang kakuatan, antistatik, jeung katahanan. sakabéh bahan pamungkus anu sipatna komersial tunduk kana aturan kualitet militér anu dijieun saarat [12] Dina taun 2003, pamungkus ieu kurang leuwih dua persen ngarojong kana angka PNB (produk nasional bruto) di negara-negara maju. Satengahna tina éta mangrupa pamungkus pikeun kadaharan.[13]

Mangpaat BungkusÉdit

  • Ngajaga Eusina

Barang-barang anu dibungkus biasana mikabutuh panyalindungan umpamana tina ; kasetrum, kaendag-endag, Kateken, kapanasan, katirisan, jeung réa-réa deui.[14]

  • Pikeun Panghalang

Bisa waé dipikabutuh pikeun panghalang asup angin, cai, ibun, kekebul jeung sajabana. dina sababaraha model bungkus dijieun supaya ulah aya rembesan tiluar kajero ogé sabalikna salian ti bisa ngajaga eusina henteu gampang ruksak ogé bisa ngajauhan tina kontaminasi.[15] Panghalang ogé gedé mangpaatna pikeun misahkeun bahan saméméh dipaké ku lantaran bisa nimbulkeun karuksakan contona lém, cét husus, cairan médis jeung sajabana [16]

  • Panahan pikeunaglomerasi

Barang-barang anu laleutik biasana dihijikeun dina hiji wadah salian henteu pasolengkrah ogé bisa ngurangan biaya, patlot, pulpén, penyeukeutan, jeung pamupus éta bisa waé ditendeun disawadahkeun (aglomerasi).

  • Ngadagangkeun

Bungkusan bisa dimangaatkeun ku bagéan jualan pikeun ngabibita anu meulina. komunikasi anu meuli jeung anu ngajual bisa ngaliwatan ieu bungkus, sanajan henteu pamprok ogé. kuaayana tulisan dina bungkus anu nétélakeun éta eusina.

  • Ngamankeun

Bungkus bisa méré rasa reugreung salila dina mangsa keur dikirim. Bungkusan ogé bisa di ronjatkeun ku ayana kamotékaran umpamana bungkus maké segel, bisa ogé dicitak pangaman anu nétélakeun yén eusina lain palsu, bungkus bisa waé maké téhnologi tags RFID anti maling , atawa artikel éléktronik pangjaga.[17] jeung réa-réa deui kamotékaran bungkus anu dipiharep bisa méré rasa reugreug boh kanu ngajual komo deui anu meuli.

  • Convenience

Bungkus ogé bisa méré mangpaat umpamana waé, gampang disimpen jeung ditumpuk, gampang dicepengan, alus katempona, gampang dibuka jeung ditutup, bisa didaur ulang atawa gampang dipiceuna, jeung sajabana.

  • Pangontrol

Hiji bungkusan anu gedé leuwih gampang dina mangsa prakna dipaké, tapi pikeun barang anu dibutuhkeun seutik saeutik contona uyah anu dipaké ku rumahtangga tangtuna kudu maké bungkusan anu leuwih leutik ogé supaya gampang dicokot jeung henteu loba sésa anu disimpen, conto séjén umpamana susu pikeun konsumsi barudak leuwih hadé disadiakeun dina bungkusan leutik salian gampang dicokot ogé henteu beurat dinamangsa dibawa.

Rupa-rupa BungkusanÉdit

Bungkusan bisa waé dibédakeun kana sababaraha rupa umpamana bungkus dipaké dinamangsa transportasi, bungkusan bisa waé ngajaga eusina salila dina kapal, gudang, atawa anu séjéna, bungkus bisa ogé mangrupa sarat anu kudu diteduna ku produsen pikeun sawaréh konsumena anu ménta. Bungkusan ogé bisa nétélakeun naon eusina bisa waé pakakas medis, pakakas militer, ubar, kimia jeung sajabana. Supaya gampang bungkus dibagi kana sababarha rupa :

  • Bungkus primér nyaéta bahan anu pangheulana ngalimpudan jeung biasana anu keuna jeung eusina/produk .
  • Bungkus sekundér nyaéta aya dina saluareun bungkus primer, bisa waé digunakeun pikeun pamungkus babarengan
  • Bungkus tersiér dipaké dina mangsa dianteurkeun kanu meuli logistik, disimpen di gudang , transportasi. wujud anu paling umum bisa waé pallet, kontener, Dus, jeung sajabana .
 



Tempo OgeÉdit

Dicutat TinaÉdit

  1. Soroka (2002) Fundamentals of Packaging Technology, Institute of Packaging Professionals ISBN 1-930268-25-4
  2. Diana Twede (2005). "The Origins of Paper Based Packaging". Conference on Historical Analysis & Research in Marketing Proceedings 12: 288–300 [289]. http://faculty.quinnipiac.edu/charm/CHARM%20proceedings/CHARM%20article%20archive%20pdf%20format/Volume%2012%202005/288%20twede.pdf. Diakses pada March 20, 2010. 
  3. Data extracted from D.P. Hussey et al., Gloucester Port Books Database (CD-ROM, University of Wolverhampton 1995).
  4. "Metal Packaging". Diakses tanggal December 17, 2012. 
  5. Geoghegan, Tom (April 21, 2013). "BBC News - The story of how the tin can nearly wasn't". Bbc.co.uk. Diakses tanggal June 4, 2013. 
  6. William H. Chaloner (1963). People and Industries. Routledge. p. 107. ISBN 0-7146-1284-7. 
  7. "Main events in can making". Diakses tanggal August 8, 2009. 
  8. Encyclopedia of Kitchen History. Taylor & Francis Group. September 27, 2004. ISBN 978-1-57958-380-4. 
  9. "Paper Packaging". Diakses tanggal December 17, 2012. 
  10. Diana Twede and Susan E.M. Selke (2005). Cartons, crates and corrugated board: handbook of paper and wood packaging technology. DEStech Publications. pp. 41–42, 55–56. ISBN 978-1-932078-42-8. 
  11. a b "Michigan State School of Packaging". Michigan State University. Diakses tanggal February 11, 2012. 
  12. Maloney, J.C. (July 2003). "The History and Significance of Military Packaging" (PDF). Defence Packaging Policy Group. Defence Logistics Agency. Diakses tanggal June 7, 2011. 
  13. Y. Schneider; C. Kluge; U. Weiß; H. Rohm (2010). "Packaging Materials and Equipment". Di Barry A. Law, A.Y. Tamime. Technology of Cheesemaking: Second Edition. Wiley-Blackwell. p. 413. ISBN 978-1-4051-8298-0. 
  14. Choi, Seung-Jin; Burgess (2007). "Practical mathematical model to predict the performance of insulating packages". Packaging Technology and Science 20 (6): 369–380. doi:10.1002/pts.762. 
  15. Lee, Ki-Eun; Kim, An, Lyu, Lee (1998). "Effectiveness of modified atmosphere packaging in preserving a prepared ready-to-eat food". Packaging Technology and Science 21 (7): 417. doi:10.1002/pts.821. 
  16. Severin, J (2007). "New Methodology for Whole-Package Microbial Challenge Testing for Medical Device Trays". J. Testing and Evaluation 35. doi:10.1520/JTE100869. 
  17. Johnston, R.G. (1997). "Effective Vulnerability Assessment of Tamper-Indicating Seals". J. Testing and Evaluation 25 (4). doi:10.1520/JTE11883J. http://library.lanl.gov/la-pubs/00418792.pdf. 

Tutumbu KaluarÉdit