Ngaras
Ngaras nyaéta upacara nu dilaksanakeun ku calon pangantén, udaganana keur némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a keur kalancaran pernikahan[1]. Sacara étimologis, istilah ngaras asalna tina kecap ras, kecap ras mangrupa kecap anteuran kana inget, ngaraskeun, atawa ngingetkeun [2] . Salian ti éta, dina basa Sunda aya ogé kecap ngaraas anu hartina meuntas walungan anu teu jero pisan [3]. Kecap ngaraas asalna tina kecap ‘raas’ anu miboga awalan nga-. Bisa jadi, dina élmu linguistik, kecap ngaraas ngalaman prosés morfologis sinkopé (leungitna foném di tengah kecap) jadi kecap ngaras.[1]
Ma'na
éditUpacara ngaras miboga maksud pikeun ngélingan anak kana kamulyaan kolotna. Ku kanyaah,ngadidik sarta ngabimbing cara hirup anu bener luyu jeung tungtunan agama sarta hukum nagara dina ngajalankeun kahirupan di dunya. Tangtuna, tuntunan nu disadur tina ajaran agama téh nyaéta tungtunan kumaha nempatkeun kolotna dina wilayah iman jeung takwa ku cara hormat ka kolotna. Islam ngawajibkeun anak hormat ka kolotna, utamana ka indung. Dina Budaya Sunda, ngahormat ka indung-bapa nyangkaruk dina ungkara Munjung ulah ka gunung, muja ulah ka sagara, nya munjung kudu ka indung, muja kudu ka bapa. Éta ungkara téh tangtu waé balukar tina ungkara nya indung anu ngakandung nya bapa anu ngayuga.
Wujud hormat ka kolot
éditKalungguhan indung-bapa dina masarakat Sunda miboga kalungguhan anu pangluhuhrna. Ku kituna, saupama aya budak nu teu ngahormat ka kolotna disebut doraka ka kolot. Pikeun urang Sunda, sikep hormat ka kolot mangrupa salah sahiji kawajiban anu pangutamana. Bisa jadi, masarakat Sunda yakin pisan yén benduna Alloh teu aya lian salah sahijina tina doraka ka kolot sarta kanyaah Allah balukar tina kanyaah kolot. Sikep hormat tilawat ka kolot, di masarakat Sunda salah sahijina ditémbongkeun liwat tradisi nginum cai anu dipaké pikeun ngabersihan suku kolotna nu kaasup acara utama dina tradisi ngaras. Sagala wangun tingkah polah raket pisan patalina jeung lalampahan amal hiji jalma. Lalampahan hiji jalma lambangna aya dina suku. Dampal suku méré gambaran yén saéstuna éksisténsi manusa téh bisa ditingali tina pagawéanana. Ku sabab kitu, suku miboga ma’na nu jero jeung luhung..
Karumasa manusa
éditKecap ngaras dina basa Jawa boga harti sungkem, munjungan. Kecap ngaras, asalna tina raras nu jangkar kecapna tina ras, hartina dina basa Kawi nyaéta senang, kapéngpéongan, éndah, sedih; araras: sedih. Ngaras ogé aya nu nyebutkeun mangrupa wancahan tina ngaji jeung rasa, nyaéta rasa-rumasa yén dirina gubrag ka alam dunya asalna tina kanyaah jeung kacinta indung jeung bapa. Dina Islam, ngaras téh asalna tina kecap arasy, nyaéta hiji tempat anu mulya. Ku kituna, simbol dina upacara adat ngaras téh ngawasuh jeung nyium dampal suku indung kalayan khusyu. Satuluyna indung jeung bapa calon pangantén ngedalkeun janji yén aranjeunna ridho jeung ngawidian nikahan budakna.
Susuci diri
éditNyucikeun diri, sakumaha nu kagambar tina kecap ngaras nu hartina meuntas susukan nu caina hérang pikeun meresihan suku. Dina paradigma Islam, suku téh penting minangka tangara sembah jeung ménta pangampura. Nabi Muhammad pernah ngadawuh yén sorga aya dina dampal suku indung. Suku téh miboga ma’na nu jero jeung miboga ajén luhung nu jadi sarana ngalaksanakeun lalampahan hirup manusa. Lamun éta kadali aya di luar jalur, lalampahan hirup hiji jalma ogé bakal kaluar tina jalur nu sakuduna. Ieu pedaran miboga ma’na yén tékah polah budak gumantung kana cara kolotna ngadidik sangkan tetep panceg dina jalan anu bener. Deuih tetep aya dina jalur anu diridoan ku Alloh. Pituduh ti kolot ka hareupna bakal ngawangun watek, karakter, jeung tabiat budakna.
Tina pakakas
édit- Coét, kendi, paso nu dijieun tina taneuh bakal ngingetan jalma yén hiji waktu Gusti Allah bakal nyabut nyawa urang jeung mulangkeun deui waruga urang kana wujud taneuh.
- Lawon batik tujuh lapis anu salawasna ngingetan urang yén hirup di dunya salawasna bakal kakurung dina waktu tujuh poé.
- Lawon tujuh lapis téh nyaéta kudu salawasna inget ka Gusti Allah, sabab manusa mah ukur mahluk anu euweuh nanaonan di hareupeun Gusti Allah.
Tujuan
éditTujuan ngaras téh dijéntrékeun ieu di handap.
- Miharep ngalobaan atawa ngeuyeuban deui babagian upacara nalika nikahkeun disagigireun upacara-upacara adat Sunda nu geus aya, kayaning siraman, ngerik, seserahan, ngeuyeuk seureuh, sawér, buka panto, huap lingkung numbas, jsb.
- Miharep aya upacara nu khusyu. Nu némbongkeun baktina salaku budak ka kolotna. Ku kituna, teu salah mun budakna némbongkeun rasa bakti ka nu jadi kolotna ku cara ngedalkeun rasa rumasana.
- Miharep ayana upacara anu khusyu tur khusus, pikeun ngébréhkeun rasa kanyaah kolot ka nu jadi budak.
- Miharep lumungsurna ridho Alloh.
- Ngaraketkeun deui silaturahmi babarayaan calon pangantén.
- Maparin piwejang khususna ka pangantén umumna keur kabéh jalma nu hadir di éta patempatan.
- Nurunkeun suasana geumpeur (tegang, émosional) khususna keur kulawarga nu jadi sohibul hajat.
- Nuwuhkeun rasa hormat jeung ngajénan ka nu jadi kolot khususna keur calon pangantén. Keur jalma nu nyaksian bakal katoél mamarasna yén gumelarna urang ka dunya téh éstu ku ayana indung jeung bapa. Kitu deui ku diwanohkeunana rupa-rupa tutuwuhan jeung pacarakén anu mangrupa ciri mandiri budaya Sunda, dipiharep kapiarana deui lingkungan alam flora jeung budaya Sunda.
- Dina ngumbah suku kolotna miboga ma’na ménta ridhona kolot sangkan rarabi mulus banglus nepi ka kolotna. Ku kituna, upacara ngaras téh dipiharep bisa ngajaga kana runtut rautna rarabi.
Runtuyan acara
édit- Mimitina Panata acara ngabéjérbéaskeun tina tujuh lawon batik anu dihartikeun salaku lalampahan hirup anu salawasna aya dina tujuh poé. Unggal manusya wajib ngahargaan waktu. Katitén, budaya Sunda henteu nyapirakeun kana makna nu aya dina Al-Qur’an Surat Al-Ashr. Ku sabab kitu, ngeusi waktu anu tujuh poé dina saminggu téh salawasna milampah kahadéan.
- Panata acara ngabénjérbéaskeun kana rupa-rupa dadaunan. Éta rupa-rupa dadaunan téh nyaéta daun hanjuang, seureuh, puring, malati, caringin, mamangkokan, kibeusi, waregu, jeung handeuleum. Keur nyebutkeun sawatara conto dangdaunan (biasana Panata Acara mawa rupa-rupa dadaunan dina porsi anu saluyu jeung pangabutuh [4]. Salaku gambaran, ieu di handap mangrupa ma'na tina sababaraha dadaunan nu kudu aya dina ngaras.
- Hanjuang téh ngalambangkeun salila urang dibéré kasempetan keur ngahanju (engapan), urang kudu miboga kahayang. Makna séjénna nyaéta salaku pangbates antara léléngohan jeung rarabi.
- Seureuh téh ngalambangkeun reureuh dina ngumbarkeun nafsu, ku sabab rék miboga batur hirup. Ma'na séjénna nyaéta kanyaah antara calon pangantén awéwé jeung pangantén lalaki.
- Puring téh ngalambangkeun mpu kuring. Hartina guru (mpu) anu aya dina jero awak kuring atawa dina diri sorangan.
- Malati téh ngalambangkeun saleutik naon waé kanyaah anu dibikeun kudu dihargaan sawening bersihna kembang malati.
- Caringin téh ngalambangkeun dina ngalampahan kahirupan kudu bisa nuntun jalma séjén.
- Mamangkokan téh ngalambangkeun sikep tumarima kana rizki anu dibikeun ku Allah Swt, boh dina jumlah anu loba boh jumlah anu saeutik. Daun mamangkokan boh nu gedé boh nu leutik, bentukna saperti mangkok, jiga leungeun anu keur ngucapkeun rasa syukur.
- Kibeusi téh ngalambangkeun kakuatan anu tohaga. Hirup salawasna nyanghareupan pasoalan. Ku kituna, urang kudu tetep sigep dina nyanghareupan unggal pasualan rarabi.
- Waregu téh ngalambangkeun waruga anu kudu salawasna weweg dina nyanghareupan pasualan rarabi.
- Handeuleum téh ngalambangkeun alam ideu, angen-angen, jeung kahayang.
- Calon pangantén dititah pikeun ngahurungkeun palita, biasana ngabogaan lima sumbu anu disusun dina coét.
- Calon pangantén ngucurkeun cai anu aya dina kendi kana paso anu geus dieusian ku rupa-rupa kembang. Nalika ngucurkeun cai, calon pangantén ngabasuh suku kolotna salaku puncerna dina acara ngaras.
- Sabari nyuuh dina suku kolotna, calon pangantén sakali séwang nyium suku kolotna bari maca du'a.
- Pamungkas, calon pangantén ménta du'a restu ka duduluranana jeung nu séjénna ku cara sungkem atawa sasalaman.
Rujukan
édit- ↑ a b Hendrayana. (2011). Makna Simbolik dina Upacara Adat Ngaras. Bandung: Sonagar. (dimuat dina Sonagar, volume 5, nomer 2, Desember 2011). [diakses 20 Desember 2016],kc. 1
- ↑ Danadibrata. (2015).Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama, kc. 567
- ↑ LBSS. (2007).Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate, kc. 407
- ↑ Suryalaga, H. R. (1997). Rineka Budaya Sunda. Bandung: Geger Sunten, kc. 32