Wilayah Eropa mimiti kairut kana seni Yunani Purba ti taun 1500 nu dimimitian ku Italia.[1] Panulis-panulis di Italia diajar Puitika Aristoteles jeung Seni Puisi Horatius minangka tatapakan dina nulis esei-eseina.[1] Tina ieu éséi tuluy mekar jadi neoklasisme dina seni.[1]
Aya 3 rupa drama nu dimekarkeun di Italia nyaéta tragédi, komédi, jeung pastoral. Panulis-panulisna nu kasohor nyaéta Ludovico Ariosto (1474-1533) Giangiorgio Trissino (1478-1550), Giambattista Giraldi Cinithio(1504-1573), jeung Niccolo Machiavelli (1469-1527).[1]
Cicirén tina drama Italia nyaéta spectacle nu mekar ti istana.[1] Ieu spectacle atawa intermezzo diseselkeun dina pintonan-pintonan drama.[1] Biasana nyokot téma mitologi atawa kahirupan sapopoé kalawan kostum nu imajinatif.[1] Sanggeus taun 1600, ieu intermezzo asup kana opera nu aya dina taun 1590-an.[1] Taun 1650 opera jadi wangun téater nu dipikaresep di Italia.[1]

Sketsa Swan Teater, Teater Renaissance Inggris

Jaman Elizabeth

édit

Digunakeunana basa nasional di Eropa ngabalukarkeun tumuwuhna drama-drama nasional nu ditulis dina basa nasional.[2] Ieu téh mangrupa pangaruh paham reformasi nu ngaganti basa latin ku basa nasional.[2] Kamekaran drama nasional ngahontal puncakna di Inggris nalika pamaréntahan Elizabeth jeung dinasti Stuart (1580-1640-an).[2] wangunan téater munggaran nu dibuka keur umum nyaéta The Theatre London nu diwangun dina taun 1576.[2] Taun 1642 geus aya 9 gedong téater di antarana Globe, Rose, jeung Fortune.[2] Panulis-panulis nu aya di jaman ieu nyaéta Thomas Kyd (1558-1594), Christopher Marlowe (1564-1593), John Lyly (1554-1606), Robert Greene (1558-1592), William Shakespeare (1564-1616).[2]

Referensi

édit
  1. a b c d e f g h i Sumardjo,Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 25-28 (id)
  2. a b c d e f Sumardjo,Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 33-38 (id)