Awi bunar
Awi Bunar | |
---|---|
(Schizostachyum glaucifolium) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Supertribus: | |
Tribus: | |
Subtribus: | |
Génus: | Schizostachyum |
Type species | |
Schizostachyum blumei | |
Sinonim | |
|
Awi bunar (Schizostachyum) nyaéta awi anu asalna tina kulawarga Poaceae, Genus: Siraten, Spesies: Siraten steudel, Sinonim Schizostachyum biflorum McClure.[1] Hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 600 méter saluhureun beungeut cai laut, loba kapanggih hirup di pilemburan, sisi leuweung, pasir, lamping, jeung suku gunung.[2]
Tangkalna ajeg ka luhur kékép ngarungkun, jangkung tangkalna tina puhu nepi ka congona 6-10 méter.[2] Daging tangkalna kawilang ipis, buleudan tangkalna 2-5 cm tur panjang buku ka buku 70-80 cm.[2] Awi bunar diarah tangkalna pikeun rupa-rupa kabutuhan, tapi teu saeutik ogé anu ngahaja diala pikeun dijual beulikeun.[2]
Sanajan tacan aya dina daptar beureum spesies anu baris tumpur di IUCN, dina kanyataanna tangkal awi bunar téh kiwari geus arang langka katempo hirup liar.[2][3] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar disebut ogé buloh anap (Malaysia), buluh lacau (Brunei), pring wuluh (Indonesia).[1] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun kuluwung, lodong wadah cai, Leumeung, paranti ngagolontorkeun cai di pancuran, jeung sajabana.[5] Dina adat kabiasaan urang baduy awi bunar dimangpatkeun pikeun nyieun obor.[6]
Tempo ogé rupa-rupa awi
éditDicutat tina
édit- ↑ a b "Siraten steudel". plantamor. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14.[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d e "Schizostachyum iraten". Useful Tropical Plants. 2017-09-28. Diakses tanggal 2017-10-14.
- ↑ "Sorting Schizostachyum names". Plantanames. 2001-04-04. Diakses tanggal 2017-10-17.
- ↑ a b toekio M, Soegeng (1990). Tutup Kepala Tradisional Jawa. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan.
- ↑ Djoewisno, Soegeng (2009). Nagabumi: jurus tanpa bentuk. I. Jakarta: Cipta Pratama.
- ↑ toekio M, MS (1987). Potret Kehidupan masyarakat Baduy: orang-orang Baduy bukan suku terasing, mereka yang mengasingkan diri di Banten Selatan. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |