Awi wulung
Awi wulung | |
---|---|
Awi wulung, Gigantochloa atroviolacea ti Dukuhmaja, Luragung, Kuningan | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Tribus: | |
Génus: | |
Spésiés: | G. atroviolacea
|
Ngaran binomial | |
Gigantochloa atroviolacea | |
Sinonim | |
Langkung lengkep pilari : The Plant List[3] |
Awi wulung [4] atawa awi hideung (Gigantochloa atroviolacéa) nyaéta tangkal awi anu asalna tina génus Gigantochloa, loba dimangpaatkeun pikeun nyieun pakakas rumah tangga, waditra, ogé rupa-rupa karajinan.[1] [5]
Awi wulung baheula loba dipelak di wewengkon Jawa, kiwari awi wulung geus nyebar ka sababaraha daérah.[2] Awi wulung disebut ogé; pring ireng, pring wulung, pring ulung (basa Jawa).[1][2][6] Dina basa Inggris awi wulung disebut black bamboo,[7] Java black bamboo atawa tropical black bamboo.[8]
Pedaran
éditAwi wulung hirup ngadapur, kékép tur laleceng kaluhur.[9] Iwungna héjo semu hideung ari tungtungna rada konéng, disimbutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat sawaréh semu hideung.[9] Tangkalna ajeg ka luhur, jangkungna bisa nepi ka 15 m; Ø 6-8 cm panjang buku-bukuna 40–50 cm, kandel tangkana 8 mm; mangsa ngora kénéh kelirna héjo kolot, tuluy robah kelir jadi semu gandaria, semu héjo nepi ka semu coklat, palebah buku-bukuna mibanda lampang wangunna kawas geulang kelirna pias atawa semu bodas; buku-buku anu deukeut kana puhu tangkal mibanda akar tapi henteu manjangan (akar udara).[9] Régang bijil tina palebah tangkal anu geus jauh tina taneuh lk. 2–3 m ; mimitina bijil régang anu badag tuluy bijil deui régang-regang anu laleutik.[7]
Salumpitna gancang murag, kajaba salumpit anu deukeut kana puhu tangkal sakapeung masih kuat naplok dina tangkalna; panjang salumpit lk. 16–20 cm, buluan kelirna coklat kolot dipalebah sisi luarna.[7] Salumpit daunna loyod nepi ka (segi tilu) ngaleutikan ka palebah handapna panjang lk. 4–9 cm, tungtungna narikel ka jero.[7] Ceuli salumpit semu buleud tungtungna centang kaluar, rubakna 4 mm jangkungna 3–5 mm.[9]
Daun dina régangna lanset, 20-28 lokos 2–5 cm ; palapah daun mangsa keur ngora disimbutan ku bulu-bulu semu bodas cupat daunna leutik kurang leuwih 1 mm; ligula rérégéan, jangkung lk. 2 mm,[7]
Kembangna bijil tina régang anu teu daunnan, wangunna ''spikelet'' ngagunduk dina gagang kembangna.[7]Spikelet wangunna lanset lonyod, 8-11 × 3 mm, aya 4 floret anu sampurna jeung hiji floret tungtungna henteu sampurna.[7]
Tempat hirup jeung ékologi
éditAwi wulung hirup nyebar di wewengkon Asia tropis: India, jeung dataran Malesia,[10] asal muasalna henteu kanyahoan kalawan pasti.[7] Awi wulung loba dipelak di pilemburan utamana di daérah Jawa, di Banten, Jawa Barat, jeung Jawa Tengah, kiwari geus loba ogé dipelak di Sumatera beulah kidul.[1] Awi wulung ti Jawa, dibawa ka India dina pertengahan abad ka - XIX pikeun dipelakeun di Kebun Raya Kolkata; kiwari awi wulung ogé mimiti mecakan dipelak di Australia, Thailand[1] jeung Filipina.[7]
Awi wulung utamana hirup di dataran landeuh tropis anu jemlék, kalawan mibanda hujan dina sataun 1.500-3.700 mm, lengas udara relatif leuwih tina 70% jeung panas hawana 20—32 °C.[7] Di Jawa, awi wulung biasana hirup dina taneuh beureum (latosol), coklat semu beureum (laterit), ogé bisa hirup leuwih subur dina taneuh apu anu leuwih garing .[7]
Manfaat
éditAwi wulung loba dimangpaatkeun pikeun nyieun waditra saperti calung, gambang, jeung celempung.[1] Awi wulung ogé dipaké pikeun nyieun purnitur, balé-balé, jeung rupa-rupa anyaman karajinan .[7] Beurat jinis awi wulung dina kaayan baseuh 0,37—0,48; dina kaayaan garing 0,65.[7] Kadar cai dina tangkal awi anu digaringkeun ku jalan dipoé 16,8%.[7] Iwung bisa waé diasakan pikeun disayur.[6]
Spésiés deukeut
éditSaméméhna Gigantochloa atroviolacea digolongkeun kana G. verticillata Willd., babarengan jeung G. atter (Hassk.) Kurz (bambu ater), G. pseudoarundinacea (Steudel) Widjaja (bambu gombong), katut G. robusta Kurz (bambu mayan), Kiwari geus dipisah-pisahkeun jadi spésiés séwang-séwangan.[7]
Tempo ogé rupa-rupa awi
éditDaptar pustaka
édit- Kamus PS, Tim Penyusun (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Penebar Swadayas. ISBN 979-002-593-9.
- Ohrnberger, D. (2013). The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa. Elsevier. ISBN 0-444-50020-0.
- Andoko, Drs. Agus (2013). Budi Daya Bambu Rebung. Kanisius.
- Gerbono, Anton (2005). Teknologi Tepat Guna ANEKA ANYAMAN BAMBU. Kanisius. ISBN 979-21-0712-6.
- Haryoto (1996). Teknologi Tepat Guna MEMBUAT KURSI BAMBU. Kanisius. ISBN 979-497-621-0.
Referensi
édit- ↑ a b c d e f Widjaja, E.A. 1987. "A revision of Malesian Gigantochloa (Poaceae - Bambusoideae)." Reinwardtia 10(3): 323. [1987]
- ↑ a b c Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 297-8 Amsterdam :Elsevier.
- ↑ The Plant List: Gigantochloa atter (Hassk.) Kurz Archived 2023-04-26 di Wayback Machine
- ↑ KBBI daring: bambu
- ↑ Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of JavaRigg. Universitas Harvard: Lange. p. 536. Disungsi 28 Mei 2024
- ↑ a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 343 [sebagai Gigantochloa verticillata Munro]. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 281-4.)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o Widjaja, E.A. 1995. "Gigantochloa atroviolacea Widjaja" Archived 2016-08-18 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 102-4. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 22-Apr-2016
- ↑ Guadua Bamboo: Gigantochloa atroviolacea Archived 2016-05-05 di Wayback Machine
- ↑ a b c d Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 50. Gb. 16 dan L.f. 16. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
- ↑ GrassBase: Gigantochloa atroviolacea
Tutumbu kaluar
édit- Plantamor: Gigantochloa atroviolacea
- Useful Trop. Plants: Gigantochloa atroviolacea