Ki cacangkir
Ki cacangkir, Abroma augusta
di kampus IPB Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. augusta
Ngaran binomial
Abroma augusta
Sinonim
  • Theobroma augustum L.[1] (basionym)
  • Ambroma augustum (L.) L.f.[2]
  • Abroma fastuosa Jacq.[3] (nom.illeg.)
  • Abroma fastuosa R.Br.[4]
  • Abroma javanica Miq.[5]
  • Abroma alata Blanco
  • Abroma angulata Lam.
  • Abroma angulosa Poir.
  • Abroma mariae Mart.
  • Abroma mollis DC.

Sinonim selengkapnya pada: The Plant List[6]

Ki cacangkir; (Abroma augusta (L.) L.f.) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Malvaceae.[7] Tangkal ki cacangkir hirup nyebar ti mimiti India, Asia Ngidul, Tiongkok kidul, ngaliwatan Nusantara nepi ka Pasifik.[7] Dina basa Inggris, Ki cacangkir disebutna Devil’s cotton, perennial Indian hemp, atawa cotton abroma.[7]

Ngaran daérah édit

Ngaran daérah ki cacangkir aya sababaraha rupa, kayaning:

Ciri mandiri édit

 
Kembangna kawas maké payung
 
Buah kawas cangkir, baris meleték beulah mun geus kolot
 
Pelat botani numutkeun Jacquin

Rungkun anu ajeg ngawujud tangkal leutik, jangkungna bisa nepi ka 10 m;[7] tapi anu remen katempo 2–3 m.[10] Tangkal sareng régang baruluan anu matak ateul mun keuna kana kulit.[7]

Daun-daun tunggal, selang-seling, gagang daun panjang, puhuna kawas jantung, tungtungna méncos; deukeut puhu régang buleud kentob 3-5, lk. 20–37 cm garis tengahna, sareng anu deukeut tungtung régang buleud endog panjang kalawan tungtungna rérégéan.[10]

Kembang ngumpul di jero wadah anu wujudna kawas cangkir (cyme) ditungtung régran atawa pasingareup-singareup jeung daun, eusina 1-4 kuntum, cupat cangkir lk. 1–3 cm, daun panyalindungna (braktea) 6–8 mm. Kembangna ngagantung, diaméter 3–5 cm, kelamin ganda, lobana-5, gagangna panjang 1–3,5 cm. Kelopak kembang bertaju-5 bagéan dalam, menyegitiga, 15–20 mm × 6 mm, semu héjo. Daun mahkota 5 lambar, wujudna sendok, 2–3,5 cm × 1 cm; bungur kolot, beureum atawa konéng kalayan puhuna celong jeung bodas; leuleus ngagantung .[7] Tempat benang sari wujudna kawas pariuk, putik sari 15, pajulang-jaling unggal 3 putik sari jeung 1 staminodium.[10]

Buah wujud locéng atawa aseupan tibalik, jangjangna 5, engkéna baris meleték muka sorangan milu kan sikatanna.[10] ukuran lk. 4–5 cm × 3–4 cm.[7] Biji buleud aya agé anu lonyod kawas endog, 3–4 mm × 2 mm.[7]

Agihan jeung ékologi édit

Ki cacangkir nyebar ti mimiti India, Asia Tenggara, ka wétan Tiongkok kidul jeung Kepuloan Solomon, jeung ka kidul nepi ka Australia kalér.[7] Di Asia Tenggara, ki cacangkir aya hirup kapanggih di Thailand, Vietnam, Malaysia, Indonesia, jeung Pilipina.[11] Di India, Asia Tenggara, jeung Afrika (Kongo katut Uganda) ngahaja dipelak pikeun diarah haramayna.[7]

Rungkun ki cacangkir remen katempo hirup di sisi susukan, ogé di leuweung anu caang, di tegalan; anu perenahna 5-1.100 m dpl.[10] aya ogé hirup liar dina taneuh anu teu kaurus, sisi kampung , sarta sisi jalan karéta api. Wilayah nyebarna ka daérah anu kaayaan suhuna lk. 27–30 °C dina usum halodo tarik, rata-rata turun hujan sahenteuna 1500 mm dina satauna.[7]

Manfaat édit

Tina pepagan;kulit jerona ngahasilkeun harambay;selulosa, anu kasebut leuleus pikeun digintir dijieun tali (benang) useup, jaring lauk, jaring tempat saré (kulambu), tambang, jeung bahan pakéan.[7] Ieu harambay ki cacangkir mibanda kualitét anu alus pikeun dijieun bahan kabutuhan sapopoé.[12] Di Lampung, harambayna dimangpaatkeun pikeun nyieun buuk palsu bakat ku alus leuleus liat.[9] Pikeun ngarah harambay ki cacangkir, numutkeun Rumphius urang Bali dimimitian neukteukan heula tangkan ki cacangkir, tuluy dikeueuman heula 2 nepi ka 3 poé sangkan rada buruk jadi leuwih gampil migawéna, kakara kulit luarna dikerok, bakal katembong harambay anu bersih bodas tulu baé disuay-suay sangkan bisa diarah harambayna. Rumphiusnyebut kana ki harambay "capas antu" (Lat.: Gossypium daemonis, atawa Bld.: Duivels cattoen).[8]

Timimiti akar, tangkal, daun jeung anu séjén dimangpaatekun pikeun ubar.[13] Ki cacangkir digunakeun ubar tradisional di India jeung Bangladesh pikeun ngubaran gangguan mangsa datang haid, pikeun ubar (afrodisiak) sarta anti-kesuburan, nyageurkeun kasakit kencing nanah (gonore) jeung kencing manis (diabetes), kitu deui bisa ngubaran penyakit kulit.[7][13][14] Di zaman Rumphius, akarnya dipergunakan sebagai obat kudis.[8]

Ki cacangkir sakapeung ngahaja dipelakeun pikeun pepelakan hias, mapaés buruan sangkan tambah éndah .[11]

Catatan kaki édit

  1. Linné, Carl von. 1767. Caroli Linnaei...Systema naturae per regna tria naturae :secundum classes, ordines, genera, species, cum characteribus, differentiis, synonymis, locis. Editio decima tertia, ad editionem duodecimam reformatam Holmiensem. t.3: 233. Vindobonae :Typis Ioannis Thomae, 1767-1770.
  2. Linné, Carl von. 1782. Supplementum plantarum Systematis vegetabilium editionis decimae tertiae, Generum plantarum editionis sextae, et Specierum plantarum editionis secunda. p.341. Brunsvigae [Braunschweig] :Impensis Orphanotrophei, 1781.
  3. Jacquin, NJ. 1776. Hortus botanicus Vindobonensis [...] Vol. III: 3, Tab.1. Vindobonae : typis Josephi Michaelis Gerold, aulae imperialis typographi, 1776-1777.
  4. Aiton, WT. 1812. Hortus Kewensis [...] The second edition [...] Vol. IV: 409. London : Longman, Hurst, Rees, Orme, and Brown, Paternoster Row (printed by Richard Taylor and Co. Shoe-Lane, London) 1812
  5. Miquel, FAW. 1859. Flora van Nederlandsch Indië. Vol. 1(2): 183. Amsterdam :C.G. van der Post; [etc.] 1855-60.
  6. The Plant List: Abroma augusta (L.) L.f.
  7. a b c d e f g h i j k l m Wabuyele, E., 2011. "Abroma augusta (L.) L.f." [Internet] Record from PROTA4U. M. Brink & E.G. Achigan-Dako (Editors). PROTA (Plant Resources of Tropical Africa / Ressources végétales de l’Afrique tropicale), Wageningen, Netherlands. <http://www.prota4u.org/search.asp Archived 2013-11-08 di Wayback Machine>. Accessed 20 November 2015.
  8. a b c Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 38; Tab 14. Amstelaedami:apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  9. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 3: 1347. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. (versi berbahasa Belanda -1917- III: 232-3, sebagai Abroma augusta L., A. fastuosa R.Br. dan A. mollis DC.).
  10. a b c d e f Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia: 301. Jakarta: PT Pradnya Paramita.
  11. a b Useful Tropical Plants: Abroma augustum(L.) L.f.
  12. Hanelt, P. 2001. Mansfeld's Encyclopedia of Agricultural and Horticultural Crops: (Except ... p.1578. Berlin: Springer Science & Business Media.
  13. a b Medicinal Plants of Bangladesh: Abroma augusta L. Archived 2016-05-15 di Wayback Machine (kandungan kimiawi).
  14. Quattrocchi, U. 2012. CRC World Dictionary of Medicinal and Poisonous Plants: Common Names ... p.6. Boca Raton: CRC Press.

Pranala luar édit

 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan