Kolampis
Klampis | |
---|---|
Klampis, Acacia tomentosa di tengah hutan jati Jurangjero, Bogorejo, Blora | |
Status konservasi | |
Not evaluated (IUCN 3.1)
| |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. tomentosa
|
Ngaran binomial | |
Acacia tomentosa | |
Sinonim | |
Acacia chrysocoma Miq., 1855 |
Kolampis (Acacia tomentosa) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga fabaceae. Kolampis hirup di daérah garing atawa rada garing, buahna ngawujud (Leguminosae, polong-polongan) hirup di tegalan, leuweung jati aya ogé di leuwueng anu garing. Tangkal kawilang leutik ieu kapanggih nyebar mimiti ti India, Asia Tenggara, nepika Indonesia.
Ngaran séjén
éditKolampis mibanda ngaran séjén kayaning : klampis (Jw.); kolampis (Sd.); klampés, longghay (Md.); ai kendara, ai kĕndarĕ, manggalawa (Sumba)[2]. Sedengkeun di nagara-nagara lian dipikawanoh ngarana: krathin-phiman, khaya, nam khao (Thai), böröbu (Vietnam), jeung sajabana[3]
Ciri mandiri
éditTangkal leutik nepika sedeng, jangkungna 5–10(–18) m, buleudan tangkalna nepi ka 50 cm; daunna ngarangrangan. Tajuk kawas payung; régang - régang ngorana buluan konéng , rapet; carucukan paranjang (Acacia: cucukan, tomentosa: uluna rekep). Kulit tangkal/Pepagan coklat poék , rarengat/rorombéheun.[3]
Daun panumpu wujudna cucuk, lempeng, panjang nepika 4,5 cm. Daun-daun majemuk kawas cécépét kénca katuhu , selang seling, kalawan cupat daun 0,6–1 cm jeung rakis (2,5–)3–9 cm; mibanda hiji kelenjar perenahna di handap tutumbu cécépét panghandapna, wujudna lonyod/jorong, lk 1–2,5 mm, rata aya ogé rada maringkel; hiji-dua kelenjar anu lain di palebah tungtung rakis, bulenek, lk 0,8 mm. Sirip-sirip (7–)12–25 pasang, 0,9–2,5 cm; anak daun 12–50, ngéntép pasingareup - singareup, naplok, lambaran kawas kertas, aya gurat, 1–4 × 0,4–1 mm, puhuna henteu simétris, tungtung mintul, buluan lemes di sisi handap jeung di tungtungna, atawa ampir gundul.[4]
Kembang majemuk wujudna bongkol-bongkol cupatna lk 2,5 cm, 1–7 pendul/bongkol ngumpul dina kélék daun deukeut tungtung regangna . Kembang naplok, bodas atawa bodas semu konéng, bilangan–4 atawa –5. Kelopak lk 0,9–1,2 mm, tabungna gundul kajaba palebah tungtung dina anu rérégéan buluan. Benang sari loba, panjang lk 5 mm; bakal buah gundul, 0,8–1 mm, duduk. Buah polong coklat poék, ipis rata, rada ngajendul dina siki , aya anu lempeng aya ogé anu bengkung, 9–18 cm × 0,8–1 cm. Siki ipis, lonyod, 6,5–9 × 4–5,5 mm.[4]
Ékologi jeung agihan
éditIeu tangkal remen katempo hirup di tegalan, sisi leuweung, daérah anu deukeut ka basisir, aya ogé ngahaja dipelak di sisi jalan. Jeung dina galengan-galengan sawah. Oge tempat séjén anu perenahna dina sabudeureun 500 m dpl. [4]. Di Jawa Wétan katempo kapanggih hirup di leuweung usum-usuman. Kembangna bijil dina bulan-bulan Juni nepika Oktober[4].
Kolampis hirup liar di India kidul, Srilanka, Benggala, Burma, Thailand, Vietnam, jeung Indonesia; utamana di Jawa, Madura, Sumbawa, Sumba, jeung Sulawesi[4].
Mangpaat
éditKolampis dipiara pikeun diarah kaina bahan pisuluheun. [2] Kaina ogé bisa dimangpaatkun pikeun nyieun doran pacul ogé gagang arit[2]. Kayu A. tomentosa kagolongkeun kana kai anu mibanda beurat sedang, kalayan dénsitasna 580–670 kg/m³ dina kadar cai 15%[5].
Kulit tangkalna pait tur ka angseu teu pikaresepeun, dimangpaatkeun pikeun ngubaran kuda. Harambay atawa rambat tina Kulitna dimangpaatkun pikeun nyieun tali atawa tambang, atuh geutah na dimangpaatkun pikeun nyieun mangsi /tinta.[2]
Pucuk jeung daun ngorana dipikaresep ku ingon-ingon, sanajan carucukan ogé. [2]. Sagigireun ti éta, daun ieu bisa dimangpaatkun pikeun gemuk sangkan tutuwuhan subur. [3].
Dicutat tina
édit- ↑ Willdenow, C.L. 1806. Sp. Pl. ed. 4, vol. 4 (2): 1087
- ↑ a b c d e Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 884. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor.
- ↑ a b c Sosef, M.S.M. & L.J.G. van der Maesen. 1997. Acacia tomentosa Willd. Archived 2021-10-20 di Wayback Machine In: Faridah Hanum, I & van der Maesen, L.J.G. (Editors). Auxiliary Plants.: Plant Resources of South-East Asia 11: 266. PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation, Bogor, Indonesia. [Internet] Record from Proseabase. Accessed: 25-Jan-2013
- ↑ a b c d e Nielsen, I.C. 1992. Mimosaceae (Leguminosae-Mimosoideae). Flora Malesiana ser. I, Vol. 11 (1): 46-47. Fig. 2
- ↑ ICRAF Wood Database: Acacia tomentosa Archived 2011-09-11 di Wayback Machine, diakses pada 03/02/2013
Tutumbu ka luar
édit- (nl) BHL: Acacia tomentosa Willd. @ K. Heyne. De Nuttige Planten van Ned. Indie, II: 221 (1916)
- (id) FOBI: Acacia tomentosa[tumbu nonaktif] (foto bunga)