Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Marah Rusli bin Abu Bakar
Marah Roesli
Gumelar7 Agustus 1889
WalandaPadang, Sumatra Kulon, Hindia Walanda
Tilar dunya17 Januari 1968 (yuswa 78)
Indonésia Bandung, Jawa Kulon, Indonésia
PagawéanSastrawan, Dokter sato

Marah Roesli (éjahan anyar: Marah Rusli) ngaranna dipikawanoh minangka Marah Rusli bin Abu Bakar (gumelar di Padang, Sumatra Kulon, 7 Agustus 1889 – maot di Bandung, Jawa Kulon, 17 Januari 1968 dina umur 78 taun)[1][2] nyaéta sastrawan Indonésia angkatan Balé Pustaka.[1] Anjeunna kasohor ku karyana nu judulna Siti Nurbaya.[1]

Pakasaban

édit

Sanajan leuwih kawentar minangka sastrawan, Marah Rusli sabenerna mah dokter sato.[1] Teu siga Taufiq Ismail jeung Asrul Sani anu ninggalkeun propésina minangka dokter sato ku sabab milih jadi panyair, Marah Rusli tetep ngaleukeunan propésina nepi ka pangsiun.[1]

Anjeunna pernah dines minangka dokter sato di Nusa Tenggara (19151922); di Semarang (19231945); di Solo jeung Klatén (19461949); saterusna pangsiun dina taun 1951.[1] Anjeunna saterusna digawé deui di Pusat Pendidikan Peternakan Bogor nepi ka taun 1960 sarta tilar dunya di Bogor dina tanggal 17 Januari 1968.[1]

Dunya Sastra

édit

Resepna kana sastra geus tumuwuh ti keur leutik kénéh.[1] Anjeunna pohara bungahna mun ngadéngékeun carita ti tukang kaba, tukang dongéng di Sumatra Kulon anu nguruling pilemburan ngajual caritana, jeung maca buku-buku sastra.[1] Dina sastra Indonésia, Marah Rusli kacatet minangka pangarang roman munggaran jeung dibéré gelar ku H.B. Jassin minangka Bapa Roman Modérn Indonésia.[1] Saméméh bijil wangun roman di Indonésia wangun prosa anu ilaharna dipaké nyaéta hikayat.[1]

Siti Nurbaya

édit

Marah Rusli mibanda atikan nu luhur.[1] Buku-buku bacaanana loba nu asalna ti Kulon anu ngagambarkeun kamajuan jaman.[1] Anjeunna tuluy ngilik yén adat anu ngalingkungan teu saluyu deui jeung ronjatan jaman.[1] Hal ieu ngabijilkeun lalawanan dina haténa anu dituangkeun kana karyana, nyaéta Siti Nurbaya.[1] Anjeunna hayang ngaleupaskeun masarakatna tila adat anu angger teu méré kasempetan kanu ngora pikeun ngedalkeun ébréhanna atawa kahayangna.[1] Dina Siti Nurbaya, geus diteundeun landasan pamikiran anu nojo kana émansipasi awéwé.[1] Carita ieu ngabalukarkeun awéwé mimiti mikirkeun hak-hakna.[1]

Lian Siti Nurbaya, Marah Rusli nulis ogé babaraha roman séjénna.[1] Tapi, nu pangonjoyna mah nya Siti Nurbaya ieu.[1] Roman ieu meunang hadiah taunan dina widang sastra ti Pamaréntah Républik Indonésia dina taun 1969 sarta ditarjamahkeun kana basa Rusia.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Jasa Terpadu Telematika. 2015 Marah Rusli[tumbu nonaktif]. Diaksés 17 April 2015.
  2. Mudzakir, Arif. 2006. RPUL (Rangkuman Pengetahuan Umum Lengkap. Aneka Ilmu: Semarang.