Puyuh / Turnicidae
Puyuh Tegal
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Turnicidae (GR Gray,1840)
Genera

Turnix (Bonnaterre, 1791)
Ortyxelos (Vieillot, 1825)

Panyebaran manuk puyuh

Manuk Puyuh téh nyaéta sarupaning manuk leutik ti kulawarga Turnicidae, cirina nu paling kaciri, tina bulu tonggongna nu ngabogaan pola siga batik, warna utamana ti mimiti warna célé, coklat péang, coklat, konéng, oranye tur semu beureum ditambahan ku polét atawa totol-totol bodas, beureum, hideung, nyampur dina pola nu jadi ciri spésiésna masing-masing. Ciri séjénna sukuna pondok, beuheung méh teu kaciri, ramona ngan tilu kabéh nyanghareup, warna suku konéng, hideung atawa konéng-hideung atawa hawuk, kitu ogé jeung warna pamatukna. Buntutna parondok.

Puyuh kaasup manuk leutik, ukuran puyuh plover, hiji-hijina spésiés ti génera Ortyxelos, ngan 10 cm jeung beuratna 20 gram. Sedeng ti génera Turnix panjangna rupa-rupa antara 12 cm semet ka 23 cm, beuratna 20g semet ka 130g. Katempona sarimbag pisan jeung naon nu disebut puyuh ti génera Coturnix, kajaba ku teu boga telih jeung ramo tukang. Ogé puyuh bikangna ti Turnicidae mibanda organ vokal nu khas nu asalna tina trachéa nu ngagedéan sarta ruang hawa dina ésophagusna, nu bisa ngaluarkeun sora handaruan.[1]

Salian ciri di luhur, numutkeun Erich Tenius, puyuh ogé mibanda sipat-sipat hayam-hayam ternak, nyaéta:

  • Liang irung katutup ku bulu laleutik.
  • Téréh ngaréaan, wanci subur tiap 4-5 bulan.
  • Pola bulu nu siga kaén ngagantung sarimbag jeung hahayaman.
  • Bulu jangjang leutik téréh pisan megar wanci ciak kéneh.
  • Buluna malegar wanci rumaja.
  • Resep kokoréh.

Tapi puyuh ogé mibanda sifat-sifat bango atawa manuk-manuk ranca, nyaéta:

  • Teu boga telih.
  • Garis jero dina dua sisi satukangeun sternum (tulang sahandapeun beuteung).
  • Endogna totol-totol.
  • Cara ngahuapan anak-anakna.

Sajaba ti dua sifat-sifat di luhur, puyuh ogé boga sifat nu mandiri:

  • Wanci baranahan nu téréh pisan, 12-13 poé.
  • Fakta yén jaluna nu nyileungleum jeung ngasuh anak-anakna.[2]

Terminologi jeung Taksonomi

édit
 
Puyuh Jepang

Dina basa Inggris puyuh pituin Indonésia jeung sabangsana disebut buttonquail (puyuh kancing). Kecap puyuh sorangan dipaké ngahartikeun kecap quail[3] tina basa Inggris nu ngacu kana sajenis sasatoan ti kulawarga Phasianidae[4] (hahayaman). Buttonquail gé mun nulisna dipisahkeun jadi button quail hartina bisa jadi béda, jadi ngacu kana hiji spésiés nu disebut  puyuh batu ti kulawarga Phasianidae tadi.[5]

 
Manuk puyuh

Di Indonésia ku alatan homoplasy, aya sababaraha jenis manuk nu disebut maké kecap puyuh, nyaéta ti kulawarga Turnicidae contona puyuh tegal, sarta ti kulawarga Phasianidae, contona puyuh jepang ti génera Coturnix jeung puyuh gonggong ti génera Arborophila. Ku lantaran puyuh jepang loba diternakkeun di Indonésia,[6] mangka puyuh jepang jadi leuwih populér batan puyuh pituin Indonésia. ku kituna loba author jeung blogger-blogger ngora nu nganggap nu dimaksud ku puyuh téh nyaéta puyuh jepang. Buktina lamun urang nyaliksik dina Google maké kecap ‘puyuh’ mangka nu kaluar pangluhurna téh situs-situs ngeunaan puyuh Jepang. Malahan mah bisa semet ka sababaraha laman karak kaluar nu ngaranna puyuh ti kulawarga Turnicidae.[7] Puyuh Jepang karak asup ka Indonésia dina taun 1979,[6] sedeng kecap puyuh geus aya ti baheula mula. Asa pamohalan lamun karuhun urang Sunda / Indonésia ngamaksudkeun kecap puyuh (tanpa dikantetkeun jeung kecap séjénna) kana puyuh jepang. Ku kituna, sangkan teu kena ku paribasa jati ka silih ku junti, dina artikel ieu nu dimaksud ku puyuh téh nyaéta puyuh pituin Indonésia (Turnicidae atawa buttonquail ceuk urang barat).

Pikeun urang barat, puyuh (buttonquail) ogé dikenal ku sebutan hemipode (hemipod), tina basa Yunani nu hartina satengah suku. Kecap éta asalna tina ramo suku puyuh nu ngan tilu siki nu kabéh nyanghareup téa, mangkana disebut satengah suku.[4]

Sacara taksonomi, puyuh mangrupa sato ti kelas Aves, asalna kaasup kana ordo Gruiformes méméh jadi ordo mandiri Turniciformes numutkeun taksonomi  Sibley-Ahlquist.[8] Kiwari puyuh diasupkeun kana ordo Charadriiformes.[9] Dina Turnicidae aya dua génera, 18 spésiés jeung 59 taxa.[10]

Cara Hirup

édit

Puyuh mangrupa sato poliandri, kajaba puyuh plover ti génera Ortyxelos. Bikang biasana leuwih sugih ku warna sarta nu tiheula ngajak kawin. Jalu bikang babarengan nyieun sayang dina luhuren taneuh, tapi biasana nu jaluna nu nyileungleuman endog sarta tuluy ngasuh anak-anakna. Sanggeus endogan nu bikang  tuluy miang nyiar deui jalu séjén. Endogna megar sanggeus disileungleuman kana 12-13 poéna. Umur dua minggu anakna geus bisa haliber.[11] Anak puyuh kaasup jenis precocial, hartina geus aya dina fase nu leuwih déwasa (bisa dahar sorangan, teu kudu dihuapan), geus buluan sarta bisa leumpang, nunutur bapana nu mere parab ku rinyuh jeung sisikian.[12]

Puyuh hirup dina daratan 2.500m saluhureun beungeut cai.[1] Habitat hirup puyuh nyaéta di tegal jukut, rungkun saliara sarta aya ogé nu di leuweung. Najan bisa ngapung, puyuh tara ngapung. Sapopoé méakkeun hirupna di darat. Karesepna cicing na jukut, eurih atawa di huma.[13]

Puyuh utamana mah tukang ngahakanan sisikian. Najan kitu, kadang-kadang puyuh ngahakanan material tutuwuhan, geugeumetan jeung kéong. Pikeun ngalancarkeun peujitna, puyuh ogé sok neureuyan keusik saeutik. Puyuh nyiar hakaneun dina taneuh, dina tumpukan kalakay sarta dina tatangkalan pendék. Loba spésiés puyuh nu boga cara khusus dina nyiar hakaneun, kokoréh ku suku nu hiji, bari nangtung dina suku nu hijina nu tuluy nieun gerakan muter saeutik-saeutik.[14]

Ambahan

édit

Puyuh kaasup asalna sato ti dunya heubeul, ngan, katambahan aya ogé di Australi.[15] Ti beulah kulon baheulana mah puyuh bisa kapanggih di Spanyol, nyaéta andalusian hemipode. Taun ‘81 hemipode kabejakeun geus ludes di Spanyol, tapi harirup di Maroko, Afrika Kalér, peuntanseunana.[16] Puyuh ogé aya di daérah séjén di Afrika nyaéta di Sinégal, Uganda, Kamérun jeung Kapuloan Madagaskar. Di Asia puyuh liar aya di Yaman, Pakistan, India, Srilanka, Cina, Taiwan tuluy mapay ka nagara-nagara Asia Tenggara semet ka Papua Kulon. Kadituna puyuh aya di Kapuloan Solomon jeung di Buana Ustrali.[10]

Rupa-Rupa Puyuh

édit

Numutkeun Taxonomi

édit

Numutkeun taxonomy puyuh aya 18 spésiés tina dua génera.  Nyaéta génera Turnix  (Bonnaterre, 1791) jeung Ortyxelos (Vieillot, 1825).[10][17]

Ti Génera Turnix

édit
Turnix Sylvaticus (Desfontaines, 1787) / puyuh biasa / common buttonquail / small buttonquail  / andalusian hemipode
édit

Kaasup kana salah sahiji puyuh leutik, panjangna 11 cm semet ka 17 cm. Beuratna rata-rata 60 gram, béda-béda antara subspésiés. Nu bikang leuwih gedé batan nu jalu. Bikang miboga warna burik hideung jeung abu-abu sarta beureum kacoklatan di bagéan luhur. Sirahna totol-totol hideung, beutengna warna bodas. Nu jalu méh sarua warnana jeung nu bikang, tapi leuwih burem. Hirupna dina taneuh garing nu keusikan, rungkun jeung jujukutan nu parendék atawa di kebon. Dapuran awi karesepna, cadu hirup di leuweung  gonggong,  keusik atawa ranca.[18] Ambahanna nerekab ti Afrika, Asia Kidul, Indocina, Asia Tenggara semet ka Pulo Lombok di Indonésia[19] Aya salapan subspésiés,[10] nyaéta:

 
Turnix sylvaticus

Turnix sylvaticus sylvaticus: Bobojong Ibéria Kidul, Maroko Kalér, Aljazair jeung Tunisia

Turnix sylvaticus lepurana: Gurun Sahara Afrika Kidul jeung Bobojong Arab

Turnix sylvaticus dussumier: béh wétan Iran semet ka India jeung Myanmar

Turnix sylvaticus davidi: Bobojong Thailand semet ka  kidul Cina, Indocina jeung Taiwan

Turnix sylvaticus bartelsorum: Jawa jeung Bali

Turnix sylvaticus whiteheadi: Pulo Luzon (Philipina)

Turnix sylvaticus nigrorum: Pulo Negros (Philipina)

Turnix sylvaticus céléstinoi: Philipina kidul (Bohol jeung Mindano)

Turnix sylvaticus suluensis: Kapuloan Sulu.

Status konsérvasina LC[19] (teu pati hariwang).

Turnix maculosus (Temminck, 1815) / Red-backed buttonquail / puyuh tonggong beureum / puyuh jaya wijaya
édit

Puyuh leutik nu resep nyumput. Biasana nyicingan habitat tegal jukut nu semu baseuh. Spésiés ieu éraan pisan sarta remen katempo ngaburisat tina panyumputanna jeung tuluy ngapung gagancangan – ngébréhkeun pola jangjang nu pias kontras jeung tonggong jeung tungtung jangjang nu leuwih poék. Mibanda warna beuheung nu coklat semu beureum, pamatuk konéng,  sarta aya warna totol hideung nu manjang tina handapeun panon semet ka jangjang.[20] Tonggongna warna beureum paselang jeung hideung. Sumebar di Sulawesi, Kapuloan Sunda Leutik, Papua Nugini, Kapuloan Solomon jeung Buana Australi.[21] Subspésiésna nyaéta:

Turnix maculosus maculosus: Sunda Leutik (Roté, Semau, Timor, Wetar, Moa jeung  Kisar)

Turnix maculosus beccarii: Sulawesi, Muna jeung  PuloTomia (Pulo Tukang Besi )

Turnix maculosus kinneari: Pulo Peleng (Pulo Banggai wétaneun Sulawesi)

Turnix maculosus obiensis: Pulo Obi, Pulo Kai Kecil jeung Pulo Babar.

Turnix maculosus sumbanus: Pulo Sumba (Sunda Leutik)

Turnix maculosus floresianus: Sunda Leutik (Sumbawa, Komodo, Padar, Flores jeung Alor)

Turnix maculosus savuensis: Pulo Sawu (Sunda Leutik)

 
Turnix maculosus

Turnix maculosus saturatus: Archipelago Bismarck (Britania Anyar jeung Duke of York)

Turnix maculosus furvus: Bobojong Huon (kalér wétan Nugini)

Turnix maculosus giluwensis: wétan tengah Nugini

Turnix maculosus horsbrughi: kidul Nugini

Turnix maculosus mayri: Archipelago Louisiade

Turnix maculosus salomonis: Pulo Guadalcanal (Kapuloan Solomon)

Turnix maculosus melanotus: kalér jeung wétan Australi.[10]

Status konsérvasina LC.[22]


Turnix tanki (Blyth, 1843) / yellow-legged buttonquail / puyuh suku konéng
édit

Cirina nu mandiri nyaéta surup kana ngaranna, sukuna warna konéng, kitu ogé pamatukna, tapi béh luhur aya polét beureuman. Ukuranna ngan leuwih gedé saeutik ti manuk goléjra. Kocéak bikangna nu dengér bisa jadi hiji cara nu panggampangna pikeun manggihan manuk nu resep hirup dina tegalan jukut ieu. Nu bikang boga warna nu leuwih nyata batan nu jalu, katempo dina punduk jeung beuteung nu warnana oranyeu caang. Nu jalu méh sarua corak warnana ngan leuwih bureum. Hirup di daérah Asia Kidul, Cina Kidul, sabudeureun Myanmar jeung  Indocina.[23] Aya dua taxa,[10] nyaéta:

Turnix ocellatus ocellatus: kidul jeung tengan Pulo Luzon (Philipina)

Turnix ocellatus benguetensis: Pagunungan kaléreun Pulo Luzon (Philipina).

Status konsérvasina LC.[24]

Turnix hottentottus (Temminck, 1815) jeung Turnix nanus (Sundevall, 1851)  / Black rumped buttonquail  
édit

Harirup di buana Afrika wungkul, di Afirka Tengah semet ka Kidul.[25] Karesepna hirup dina sabana, tegal jukut jeung rurungkunan, bisa ogé di ranca atawa ka kebon-kebon. Cirina nyaéta pupuhu buntutna warna hideung sarta loba totol coklat kahideungan dina dada jeung sisi awakna. Panjang nu bikang 15 centi sedeng nu jalu 14 centi. Beuratna 40 – 60 gr. Nu bikang huluna hideung totol-totol oranyeu. Nu bikang leuwih gedé batan nu jalu.[26] Masing-masing teu boga subspésiés.

Turnix nanus: Ghana nepi ka Kénya, Uganda jeung kidul wétan Tanjung Harapan

Turnix hottentottus: tengah-tengah semet ka kiduleun Afika Kidul (kidul kulon Tanjung Harapan semet ka Port Elizabeth).[10]

Status konsérvasina Turnix hottentottus dina bahaya / EN.[27] Turnix nanus LC.[28]

Turnix ocellatus (Scopoli, 1786) / Spotted buttonquail  / puyuh tutul
édit
 
Turnix ocellatus

Hirup éndemik di Philipina wungkul. Karesepna sarua jeung nu séjén hirup di tegal jukut jeung rungkun saliara, tapi kadang sok ngulampreng mipir-mipir sisi jurang. ogé aya digugunungan jeung leuweung. Panjangna bisa nepi 17,8  centi-an. Beuratna bisa 110 gr. Nu bikang leuwih gedé jeung leuwih sugih ku warna. Béh luhurna coklat abu-abu bari jeung tutul-tutul coklat  atawa hideung, dadana oranyeu kolot, suku tur pamatukna konéng.[29] Aya dua taxa, nyaéta:

Turnix ocellatus ocellatus: kidul jeung tengan Pulo Luzon (Philipina)

Turnix ocellatus benguetensis: Pagunungan kaléreun Pulo Luzon (Philipina).[10]

Status konsérvasina LC.[30]

Turnix suscitator (Gmelin, JF, 1789) / barred buttonquail  / puyuh tegal loréng  / gemak (Jawa)
édit

Béh luhur warna coklat ditambah ku bulu-bulu nu ngajalur semu siga sisit. Bikangna, lebah beuheung nepi ka dada aya garis hideung léstréng, beuteng oranyeu, pamatuk jeung sukuna bisa warna hawuk atawa warna célé atawa campuran duanana. Rada hésé disiar, resep seselendepan di antara rungkun saliara di tegal, tungtung leuweung jeung di huma. Lagu hiber ngaluarkeun sora nyiriwik. Bikang nu begér ngaluarkeun sora handaruan ti jero rungkun nu gomplok. Hirup di Asia Selatan, Indocina, Asia Tenggara, kaasup Jawa, Sulawesi jeung Kapuloan Sunda Leutik.[31] Aya 17 taxa,[10] nyaéta:

Turnix suscitator taigoor: India

Turnix suscitator leggei:  Sri Lanka

Turnix suscitator plumbipes: Nepal, Sikkim jeung Bangladesh semet ka Myanmar.

 
Turnix suscitator

Turnix suscitator bengalensis: kalér wétan India (sahandapeun kulon Bengal)

Turnix suscitator okinavensis: kiduleun P. Kyushu jeung Makenoshima kidulen P. Ryukyu

Turnix suscitator rostratus: Taiwan

Turnix suscitator blakistoni: Myanmar nepi ka Cina kidul, kalér Indocina jeung P. Hainan

Turnix suscitator pallescens: kidul-tengah Myanmar

Turnix suscitator thai: Thailand tengah

Turnix suscitator atrogularis: Bobojong Thailand – Malaysia

Turnix suscitator suscitator: Sumatra, P. Belitung jeung P. Bangka, Jawa jeung Bali

Turnix suscitator baweanus: P. Bawéan di Jawa

Turnix suscitator fasciatus: Philipna kalér (Luzon semet Mindoro, Sibuyan jeung  Masbate)

Turnix suscitator haynaldi: kidul wétan Philipina (Palawan jeung Kapuloan Calamian)

 
Turnix nigricollis

Turnix suscitator nigrescens: Philipina (Negros, Cebu jeung Panay)

Turnix suscitator rufilatus: Sulawesi

Turnix suscitator powelli: Kapuloan Sunda Leutik.

Status konsérvasina LC.[32]

Turnix nigricollis (Gmelin, JF, 1789) / puyuh madagaskar
édit

Hirup éndemik di Madagaskar wungkul. Tempat hirup sarua jeung rata-rata puyuh séjén, tegal jukut, rungkun jeug sajabana. Pola bulu méh sarua jeung Turnix suscitator, kajaba warna beuteungna teu oranyeu. Warna oranyeu justru aya di sahareupen jangjang. Beurat antara 67 sampe 84 gr.[33] Teu boga sub spésiés.

Status konsérvasina LC.[34]

 
Turnix varius
Turnix varius (Latham, 1801) (monotipik) / painted buttonquail, jeung Turnix varius novaecaledoniae (Ogilvie-Grant, 1889) (politipik) / puyuh kaledonia baru (calon dipisahkeun)[35]
édit

Puyuh ieu ngabogaan iris panon beureum, buluna lebah dada , beuteung jeung sisi katempo pias. Sukuna konéng tapi pamatukna hawuk.[36] Hirup di Australia kapuloan béh wétan kulon Australi jeung aya ogé di Kaledonia Anyar. Aya tilu subspésiés:[10]

Turnix varius novaecaledoniae: Kalédonia Anyar

Turnix varius scintillans: Kapuloan Houtman Abrolhos (kidul kuloneun Australi)

Turnix varius varius: kidul kulon, wétan jeung kidul wétan Australi jeung Tasmania.

Status konservasina LC.[37] Kajaba T.v. novaecaledoniae, kritis / CR.[38]

 
Turnix melanogaster
Turnix melanogaster / black-breasted buttonquail / puyuh harigu hideung
édit

Hirup éndemik di Australi wétan, dina leuweung gerot nu dadasarna pinuh ku lapisan daun paéh. Bikang mibanda sirah jeung bulu bagéan handap nu warnana hideung, panonna bodas. Jalu bulu beungeutna pias jeung teu loba tanda hideung dina bagéan handapna. Nalika nyiar dahareun puyuh ieu nyieun logak nu bunder jeung jero dina lapisan dangdaunan paéh dina taneuh; nu bisa jadi tanda pikeun kahadiranna.[39]

Status konsérvasina rada kaancam / NT.[40]

Turnix castanotus (Gould, 1840)  / chestnut backed buttonquail / puyuh tonggong coklat
édit

Warna pamatukna abu-abu pias, ari suku konéng. Tonggong coklat dihias ku garis-garis bodas jeung hideung. Mun kaganggu leuwih condong lumpat batan nyerang. Hirup di Australi bagéan kalér.[41]

Status konsérvasina LC.[42]

Turnix olivii (Robinson, 1900) / buff-breasted buttonquail / puyuh harigu oranyeu
édit

Puyuh nu resep pisan ngiles jeung nyumput. Boga pamatuk nu leutik tapi kuat. Hirupna kawengku di leuweung ékaliptus di kalér wétan Queensland Ustrali. Ukuran awakna nu leuwih gedé jadi pangbéda ti puyuh tonggong beureum jeung puyuh dada beureum.[43] Ku sawatara author dianggap minangka subspésiés ti turnix varius.[44]

Status konsérvasina EN.[45]

Turnix worcesteri (McGregor, 1904) / puyuh luzon / luzon buttonquail / pugo (bahasa Philipina)
édit

Hirup éndemik di kapuloan Luzon Philipina. Kaceluk ku resep nyicingan sawah, atawa rurungkunan deukeut huma ku alatan réa nyadiaan sisikian jeung geugeumetan. Manuk ieu ditandaan ku sirahna nu hideung tutul-tutul bodas, awakna coklat atawa coklat semu oranyeu, sarta nu jalu sukuna konéng, sedeng nu bikang sukuna coklat tutul-tutul bodas atawa hideung. Manuk ieu téh resep pisan nyumput, ukur milih hiji jalan nu maneuh ka sérang atawa kebon nu hanyakalna téh matak mawa bala ka manéhna sorangan alatan ku barudak sok diboro di jajalaneunna.[46]

Status konsérvasina kurang data / DD.[47]

 
Turnix everetti
Turnix everetti (Hartert, E, 1898) / puyuh sumba
édit

Manuk ieu éndemik Pulo Sumba. Hirup siga nu séjén dina tegal jukut, ngan tara ka huma. Osok ogé mapay kana pasir batu kapur. Cirina nu ngabédakeun tina puyuh séjén nyaéta tina morfologi pamatukna nu leuwih gedé, hasil adaptasi tina barang daharna nu sok ngahakanan sisikian garedé. Najan kaasup manuk nu tara iincahan, sakapeung sok pipindahan tempat pikeun nyiar hakaneun.[48]
Status konsérvasina rawan / VU.[48] Di Indonésia kaasup sato nu aya dina panyalindungan.[49]

 
Turnix pyrrhothorax
Turnix pyrrhothorax (Gould, 1841) / red-chested buttonquail / puyuh harigu beureum
édit

Najan disebut harigu beureum, tapi warna harigu nu sabenerna mah oranyeu. Hirup éndemik di Ustrali Wétan ti béh kalér semet ka kidul. Bikangna nu dewasa ngabogaan warna gado jeung harigu oranyeu karahaan, sedeng jaluna mah warna hariguna leuwih pias sarta gadona bodas.[50]

Status konsérvasina LC.[51]

 
Turnix velox
Turnix velox (Gould, 1841) / Little buttonquail / puyuh lemét
édit

Manuk leutik, mangrupa puyuh nu pias, panonna pias, pamatukna kandel. Hirup di daratan Australi. Nu jalu buluna ngabogaan pola burik poék dina dada jeung kénca katuhuna, nu bikang boga warna bubuluan nu leuwih béngras.[52]

Status konsérvasina LC.[53]

Hiji-hijina ti génera Ortyxelos

édit
 
Ortyxelos meiffrenii
Ortyxelos meiffrenii (Vieillot, 1819) / quail-plover / lark quail
édit

Hirup di Buana Afrika, nyebar ti mimiti wétan Sinegal, tengah-tengah Sudan semet ka kaléreun Kénya. Kadang kapanggih di daérah basisir. Hirupna di tegal jukut, sabana jeung gurun ogé gunung keusik. Sirah, punduk jeung tonggongna warna coklat kabeureuman bari tungtung bulu-buluna warna hideung tuluy warna krim. Beungeutna warna krim jeung bercak kaemasan. Awak handapna didominasi ku warna krim. Pamatukna kakonéngan semet ka héjo pias. Suku jeung ramona bodas seger semet ka warna krim kakonéngan. Bikang leuwih gedé awakna. Bulu dadana sarua jeung jalu tapi leuwih poék sarta tungtung buntutna warna coklat jeung warna bodas dina tungtung bulu-buluna leuwih rubak. Panjang nu jalu 30 centian sedeng nu bikang 34 centian. Beuratna antara 15,7 semet ka 19,5 gr.[54]

Status konsérvasina LC.[55]

NUMUTKEUN BAHASA

édit

Luyu jeung ngaranna, asalna ti nagri Jepang. Manuk ieu kaasup manuk nu sok migrasi, najan sawatara populasi netep tumetep di Jepang.[56] Puyuh jepang kiwari loba diternakkeun di Indonésia, diarah endog jeung dagingna.[57] Puyuh jepang asup kana génus Coturnix ti kulawarga Phasianidae. Tekstur buluna sarimbag jeung puyuh biasa, ngan sukuna boga opat ramo. Puyuh jepang leuwih subur batan puyuh biasa, endogan sapoé hiji, nalika mangsa endogan bisa 7-14 endog.[58] Najan loba diternak di sakuliah dunia, status konsérvasi di habitat aslina rada kaancam / NT.[56]

 
Puyuh gonggong

Kasasup kana kulawarga Phasianidae ti ordo Galliformes.[10] Tagogan puyuh gonggong méh sarua jeung puyuh biasa, ngan warnana nu béda. Warna bulu tonggongna biru jeung hawuk atawa hawuk semu nila. Corakna sarua burik ku polét-polét hideung. Puyuh gonggong leuwih gedé batan puyuh biasa. Di Indonésa aya genep spésiés manuk nu disebut puyuh gongong nyaéta:[10] Puyuh gonggong kalimantan : Arborophila hyperythra

Puyuh gonggong sumatra :

Arborophila charltonii, Arborophila rolli jeung Arborophila sumatrana.

Puyuh gonggong jawa:

Arborophila orientalis jeung Arborophila javanica.

 
Puyuh makuta jalu bikang

Puyuh Makuta atawa Rollullus roulroul kasup ogé kana Phasianidae ti ordo Galliformes. Dibanding puyuh séjénna warna buluna paling éndah. Nu jaluna aya jambulan nu siga makuta dina sirahna. ku kituna manuk ieu remen dipaké minangka manuk hias. Di Indonésa habitat aslina di Kalimantan jeung di Sumatra.[59]

Cirina nu jalu ngabogaan makuta dina sirahna warnana beureum sarta puhuna bodas. Panonna beureum dikurilingan ku warna beureum caang. Dina puhu pamatukna –dina sawatara spésiés – aya bulu nu siga kumis nu jagreg ka luhur. Pamatukna pondok jeung kuat, warnana beureum jeung lebah congona hideung. Warna bulu awakna héjo sarta warna semu biru dina tonggong, buntut, dada jeung beuteungna. Beuheungna warna biru kolot, jangjangna warna coklat campur jeung coklat kahideungan. Sukuna warna beureum kolot. Puyuh makuta nu bikang teu bogaeun jambul.[59]

Status konsérvasi manuk ieu NT.[60]

 
Puyuh batu sajodo

Puyuh batu, Synoicus chinensis baheulana Coturnix chinensis kaasup kana kulawarga Phasianidae ti ordo Galliformes.[61] Warna nu bikangna siga manuk puyuh pituin, tapi warna nu jaluna jajauheun pisan. Warna nu jalu bagéan tonggong tengah beureum dihapit ku hawuk semu nila, lebah tonggong aya ogé pola warna siga manuk puyuh umumna, bagéan tengah jeung jangjang luhur biru, sedeng bagéan handap jeung tungtung jangjang beureum. Gado jeung  beuheung warna bodas hideung. Lemét-lemetna mah sarua jeung umumna puyuh. Sukuna oranyeu kolot. Ramona sukuna aya opat. Pamatukna hideung.

Status konsérvasi manuk ieu LC.[61]

Catetan Suku

édit
  1. a b Debus, S. & Bonan, A. (2019). Buttonquails (Turnicidae). In: del Hoyo, J., Elliott, A., Sargatal, J., Christie, D.A. & de Juana, E. (eds.). Handbook of the Birds of the World Alive. Lynx Edicions, Barcelona. (retrieved from https://www.hbw.com/node/52225 on 29 September 2019).
  2. Thenius, Erich (1969) dina Taxonomy of Buttonquail Archived 2020-10-30 di Wayback Machine, VECHTKWARTEL, diakses tanggal 07/10/2019.
  3. ilikan di Google Translate
  4. a b "Quail" Encyclopedia Britannica, diakses tanggal 7/10/2019.
  5. "Welcome to Button Quail Home Page". Cyberquail. Diakses tanggal 07/10/2019.  Archived 2019-07-24 di Wayback Machine
  6. a b Adimika, N., et al. (2019). "Keragaman genetik puyuh Jepang (Coturnix japonica) berdasarkan analisis sekuen DNA mitokondria gen Cytochrome-b". Jurnal Ilmu-Ilmu Peternakan (Universitas Sebelas Maret, Surakarta, Indonésia) 29(2): 144. doi:10.21776/ub.jiip.2019.029.02.05.. ISSN 2443-0765. 
  7. Hasil nyaliksik ti Google maké kecap konci “puyuh”, tanggal 29 Séptémber 2019.
  8. "Turniciformes - Buttonquails". Turniciformes - Buttonquails. Birds and birding in India. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  9. Fain, Mathew G.; Houde, Peter (08 Maret 2007). "Multilocus perspectives on the monophyly and phylogeny of the order Charadriiformes (Aves)". BMC Evolutionary Biology. 35 (BioMed Central Ltd unless otherwise stated. Part of Springer Nature.) 7. https://bmcevolbiol.biomedcentral.com/articles/10.1186/1471-2148-7-35. Diakses pada 07/10/2019. 
  10. a b c d e f g h i j k l Clements Checklist v2019(2012) Universitas CornellCornell Lab of Ornithology New York.
  11. "Turnicidae – Buttonquails". Fat Birder. Fat Birder. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  12. "Buttonquails: Turnicidae Behavior And Reproduction". animals.jrank.org. NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  13. "Buttonquails: Turnicidae". animals.jrank.org. NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  14. "Buttonquails: Turnicidae Diet". animals.jrank.org. NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  15. "Bird Families Guide". The Ultimate In Birding Tours. Bird Quest. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  16. MaghrebOrnitho (09/11/2018). "Andalusian Buttonquail in Spain declared extinct". Birding and Ornithology in Morocco and the Maghreb. MaghrebOrnitho. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  17. "Turnicidae". ITIS Report. Integrated Taxonomic Information System. Diakses tanggal 07/10/2019. 
  18. Johnsgard, P. 1991. Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places. Oxford: Oxford University Press (dina Turnix sylvaticuscommon buttonquail, Animal Diversity Web (ADW), University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 07/10/2019)
  19. a b BirdLife International 2016. Turnix sylvaticus. The IUCN Red List of Threatened Species2016: e.T22680500A90008182. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680500A90008182.en. Diakses tanggak 08/10/2019.
  20. "Red-backed Buttonquail Turnix maculosus". eBird. eBird. Diakses tanggal 08/10/2019. 
  21. "Red-backed Buttonquail Turnix maculosus". Data Zone. BirdLife International (2019). Diakses tanggal 08/10/2019. 
  22. BirdLife International 2016. Turnix maculosus. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680512A92864941. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680512A92864941.en. Diakses tanggal 08/10/2019.
  23. "Yellow-legged Buttonquail Turnix tanki". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 08/10/2019. 
  24. BirdLife International 2016. Turnix ocellatus. The IUCN Red List of Threatened Species2016: e.T22680542A92865445. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680542A92865445.en. Diakses tanggal 08/10/2019.
  25. "Black-rumped Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 08/10/2019. 
  26. Johnsgard, P. 1991. Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places. Oxford: Oxford University Press (dina Turnix hottentottus black-rumped buttonquail, Animal Diversity Web (ADW), University of Micihigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019)
  27. BirdLife International 2016. Turnix hottentottus. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22725519A94894783. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22725519A94894783.en. Diakses tanggal 08/10/2019.
  28. BirdLife International 2016. Turnix nanus. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22725531A94895080. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22725531A94895080.en. Diakses tanggal 08/10/2019.
  29. Madge, S., P. McGowan. 2002. Pheasants, Partridges and Grouse: A Guide to the Pheasants, Partridges, Quails, Grouse, Guineafowl, Buttonquails and Sandgrouse of the World. London: Christopher Helm. (Dina Turnix ocellatus spotted buttonquail, Animal Diversity Web (ADW), University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019).
  30. BirdLife International 2016. Turnix ocellatus. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680542A92865445. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680542A92865445.en. Download 8/10/2019.
  31. "Barred Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 08/10/2019. 
  32. BirdLife International 2016. Turnix suscitator. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680549A92865610. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680549A92865610.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  33. Johnsgard, P. 1991. Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places. Oxford: Oxford University Press. (Dina Turnix nigricollis Madagascan buttonquail(Also: Madagascar buttonquail), Animal Diversity Web (ADW), University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019).
  34. BirdLife International 2016. Turnix nigricollis. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680552A92865904. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680552A92865904.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  35. "Painted Buttonquail (New Caledonian) Turnix varius novaecaledoniae Ogilvie-Grant, 1889". Avibase - The World Bird Database. Denis Lepage. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  36. "Painted Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  37. BirdLife International 2016. Turnix varius. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T62288672A95193778. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T62288672A95193778.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  38. BirdLife International 2016. Turnix novaecaledoniae. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22734789A95096865. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22734789A95096865.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  39. "Black-breasted Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  40. BirdLife International 2016. Turnix melanogaster. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680556A92866106. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680556A92866106.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  41. "Chestnut-backed Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  42. BirdLife International 2016. Turnix castanotus. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680560A92866466. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680560A92866466.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  43. "Buff-breasted Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  44. "Buff-breasted Buttonquail". Avibase - The World Bird Database. Denis Lepage. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  45. BirdLife International 2016. Turnix olivii. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680572A92866714. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680572A92866714.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  46. "Luzon Buttonquail". Birds. The Website of Everything. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  47. BirdLife International 2016. Turnix worcesteri. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680588A92866987. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680588A92866987.en.Diakses tanggal 09/10/2019.
  48. a b BirdLife International 2017. Turnix everetti (amended version of 2016 assessment). The IUCN Red List of Threatened Species 2017: e.T22680592A110139877. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2017-1.RLTS.T22680592A110139877.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  49. Permen NOMOR P.106/MENLHK/SETJEN/KUM.1/12/2018.
  50. "Red-chested Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  51. BirdLife International 2016. Turnix pyrrhothorax. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680595A92867439. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680595A92867439.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  52. "Little Buttonquail". eBirds. eBirds. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  53. BirdLife International 2016. Turnix velox. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680599A92867607. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680599A92867607.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  54. Johnsgard, P. 1991. Bustards, Hemipodes and Sandgrouse: Birds of Dry Places. Oxford: Oxford University Press. (Dina Ortyxelos meiffrenii lark buttonquail(Also: quail-plover), Animal Diversity Web (ADW), University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 09/10/2019).
  55. BirdLife International 2016. Ortyxelos meiffrenii. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22680603A92867780. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680603A92867780.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  56. a b BirdLife International 2016. Coturnix japonica. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22678949A95209097. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22678949A95209097.en. Diakses tanggal 9/10/2019.
  57. Damayanti, F., Nur, H., jeung Anggraeni (2018). "Pemberian Tepung Bawang Putih dan Tepung Jintan pada Pakan Komersial terhadap Performa Puyuh (Coturnix Japonica) Periode Awal Produksi". Jurnal Peternakan Nusantara 4(1): 1-12. ISSN 2442-2541. 
  58. Hoffmann, E. 1988. Coturnix Quail. Taipei: Yi Hisien Publishing Co.. (Dina Coturnix japonica Japanese quail, Animal Diversity Web (ADW), Universitiy of Michigan Museum Zoology. Diakses tanggal 09/10/2019).
  59. a b "Puyuh Mahkota". Puyuh Blitar Blitar Sentral Peternakan Puyuh Petelur di Indonesia. Puyuh Blitar. Diakses tanggal 09/10/2019. 
  60. BirdLife International 2016. Rollulus rouloul. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22679106A92802856. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22679106A92802856.en. Diakses tanggal 09/10/2019.
  61. a b BirdLife International 2016. Synoicus chinensis. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T22678979A92797212. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22678979A92797212.en. Diaksese tanggal 09/10/2019.