Sénggal
Sénggal, Hemibagrus planiceps
ti Cihideung Hilir, Ciampéa, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Infrakelas:
Superordo:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
H. planiceps
Ngaran binomial
Hemibagrus planiceps
(Valenciennes, in Cuvier & Valenciennes, 1840)[1]
Sinonim
  • Bagrus planiceps Valenciennes, in Cuvier & Valenciennes, 1840: 421[2]
  • Bagrus anisurus Valenciennes, in Cuvier & Valenciennes, 1840: 422
  • Bagrus flavus Bleeker, 1846: 28

Sénggal atawa (Hemibagrus planiceps) nyaéta lauk anu mibanda kumis panjang, kaasup kana angota kulawarga suku Bagridae.[3] Hirupna di susukan kalawan henteu nyebar jauh mangrupa (endemik) di sabudeureun Jawa Kulon, kelirna awakna coklat semu konéng, mibanda pamatil kénca, katuhu, jeung dina tonggongna .

Pedaran

édit
 
Hulu lauk séngal
 
Ukuran sénggal déwasa 77 mm SL

Pangawakan lauk sénggal kaasup kana ukuran sedeng, panjang awakna kurang ti 20 cm; sanajan kungsi kapireungeuh dina ukuran dewasa nepi ka 263 mm SL (standard length, panjang standar). Hemibagrus planiceps Ciri mandirina taya lian dina sirip/susurina kawilang pondok (adipose fin base) sedengkeun ukuran panjangna lk. 15,5–20,6% SL, kurang tina satengah jarak tungtung susuri tonggongna (dorsal) kana tungtung sirip buntutna. Jarak tungtung susuri tonggongn kana pupuhu siripna nyaéta 12,0–17,3% SL; Mangsa keur nilepmah tungtung sirip dina tonggongna henteu nepika ngahontal tungtung siripna. Wanguna sarimbag jeung H. nemurus anu mangrupa barayana, kelir coklat polos semu konéng; gurat anu aya dina palebah beuteung kénca jeung katuhu kelirna coklat semu konéng. Huluna rada dempak jeung lébar, panjangna kurang leuwih 23,8–27,1% SL. Jarak dua panonna 32,2–37,3% HL (head length, panjang huluna).[4]

Jarak buleudan matana lk. 13,0–21,7% HL. Misai nasal (dekat hidung) lk. 25,4–37,3% HL; sedengkeun misai maksilar (tungtung biwir beulah luhur) kawilang pondok, kurang leuwih 147,5–220,1% HL. Panjang awak nepika palebah bujurna 11,3–14,7% SL; jangkung puhu buntutna 7,1–8,6% SL. Sengal anu jaluna katembong dina palebah bujurna aya anu ngajendil sedengkeun bikangnamah henteu mibanda anu kawaskitu.[4]

Sirip/susuri palebah tonggongna mibanda dua/II (ramo-ramo anu heuras jeung cucukan/pamatil). 7 ramo sésanamah laleuleus tur henteu cucukan; sirip palebah dadana I.8-9(.i); sirip palebah beuteungna i.5; jeung sirip anu aya dina bujurna iii-iv.8-11. Cucuk susuri/sirip anu aya dina tonggongna heuras lk. 8,2–12,4% SL, kalawan 7-8 rérégéan palebah tukangna. Pamatilna seukeut, kurang leuwih 10,0–16,5% SL, nepika 14-16 ieu ogé saruan rérégéan palebah tukangna. Sirip palebah buntutna kabagi dua kawas garpuh ngan tungtungna bulenek (semu buleud) ramo-ramona branchiostegal 8–10.[4]

Tempat hirup

édit

Sénggal mah anu kapireungeuh ngan hirup disabudeureun Jawa kulon, saperti di susukan Cianten, Cidurian, Cikéas, Ciliwung, Citarum, Cisokan, jeung Cimanuk. Teubéda jeung barayana, sénggal biasana mikaresep hirup dihulu susukan atawa beulah girangeuna anu mibanda cai hérang jeung ngalir rada tarik; béda pisan jeung sénggal (tagih) (H. nemurus) anu mikaresep hirup dina susukan beulah hilireuna jeung caina linduk (tenang) .[4] Cenah sénggal ogé kapanggih di susukan Serayu, Jawa Tengah[5] jeung Surabaya, [[Jawa wétan]][6]. Tacan loba dikanyahokeun ngeunaan asal usul jeung cara megarkeun ieu lauk, Loba rupana anu sarimbbag jeung sénggal hirup di peuntaseun pulo H. planiceps.

Manfaat

édit

Sénggal mangrupa lauk anu dipikaresep, ku lantaran dagingna ngeunah jeung seungit mangsa di asakan.

Baraya sengal

édit

Hemibagrus planiceps Séngal téh mibanda baraya deukeut, taya lian sababaraha spesies lauk anu sarimbag di antarana waé:[4]

  • H. bongan; Katiténan lebah girangeun susukan Kapuas (Kalbar), susukan Barito (Kalsel), Rejang jeung Baram (Sarawak) sabudeureun gunung-gunung Muller. Dedegana ceplés pisan jeung séngal, ngan bédana tina lobana tulang tonggong tulang belakang anu leuwih loba (48–50, modus=49 vs. 47–49, modus=47 pada H. planiceps), panon kénca jeung katuhu leuwih deukeut (28,1–34,0% HL vs. 32,2–37,3% HL pada H. planiceps), ogé palipis jeung sungut beulah luhur (misai maksilar) leuwih panjang (199,4–283,0% HL vs. 147,5–220,1% HL pada H. planiceps).
  • H. divaricatus; tulang tonggongna leuwih loba (51 buah), panon kénca jeung katuhu leuwih deukeut (27,7–31,7% HL), sungut jeung palipis luhurna leuwih panjang (213,7–249,6% HL), puhu sirip/susuri leuwih pondok (11,1–15,5% SL vs. 15,5–20,6% SL), Pamatil anu aya dina tonggongna leuwih panjang (12,3–12,9% SL vs. 8,2–12,4% SL pada H. planiceps). Hirupna ngan aya di sakuliah susukan Perak di Semenanjung Malaya beulah kulon.
  • H. gracilis; Tulang tonggongna leuwih loba deui (50–52 buah, modus=52), panon kénca jeung katuhu leuwih deukeut (28,9–34,3% HL), sungut jeung palipis beulah luhur leuwih panjang (216,1–277,7% HL), puhu susuri/sirip leuwih pondok (13,5–17,4% SL), pamatil palebah tonggongna leuwih panjang (8,6–13,5% SL), puhu buntutna kurang jangkung (6,2–7,6% SL vs. 7.1–8.6% SL), babangusna leuwih buntet (30–35% HL vs. 33–40% HL pada H. planiceps). Loba kapanggihan hirup di Pahang jeung Endau di Semenanjung Malaya beulah wétan.
  • H. lacustrinus; jumlah tulang belakangnya lebih banyak (49–50 buah, modus=49), panon kénca jeung katuhu leuwih deukeut (29,6–31,9% HL), Pamatil anu aya dina tonggongna leuwih panjang (10,7–12'6% SL), Susuri tonggongna mangsa keur nilep panjangna nepika tungtung susurina, Sirip leuwih pendek ti tungtung ka tungtung (7,6–10,9% SL vs. 12,0–17,3% SL pada H. planiceps). hirup ngan di sabudeureun situSingkarak Sumatera.
  • H. velox; Tulang tonggongna leuwih loba (50–52 buah, modus=52), panon kénca jeung katuhu leuwih deukeut (29,4–33,9% HL), puhu buntutna kurang jangkung (6,2–7,5% SL), Buntut anu beulah luhur leuwih panjang jeung mencos (vs membundar tepi belakangnya), ogé ramo-ramona leuwih loba branchiostegal (10-11 vs. 8–10 buah pada H. planiceps). Loba kapaggih hirup di girangeun susukan anu ngamuara ka Sumatera beulah wétan ; (Deli, Indragiri, Batang Hari, jeung Musi).

Dicutat tina

édit
  1. ITIS: Hemibagrus planiceps (Valenciennes, in Cuvier & Valenciennes, 1840)
  2. Cuvier, G. & A. Valenciennes. 1840. Histoire naturelle des poissons. Tome XIV: 421. Paris :Chez Pitois-Levrault.
  3. Amri,Khairuman, Khairul. Ikan Baung. Jakarta2013: Gramedia Pustaka Utama. ISBN 9786020353890. Diakses tanggal 9 Nopember 2019. 
  4. a b c d e Ng, H.H. & M. Kottelat. 2013. "Revision of the Asian catfish genus Hemibagrus Bleeker, 1862 (Teleostei: Siluriformes: Bagridae)." The Raffles Bulletin of Zoology 2013 61(1): 205–291. Archived 2015-06-21 di Wayback Machine
  5. Bhagawati, D., MN. Abulias, & A. Amurwanto. 2013. "Fauna ikan Siluriformes dari Sungai Serayu, Banjaran, dan Tajum di Kabupaten Banyumas". Jurnal MIPA 36(2): 112-122 (2013).
  6. Nugroho, A.A.K. 2013. Studi pakan dan relung ekologi ikan Mystus planiceps, Hemibagrus nemurus (famili Bagridae), Pangasius micronemus (famili Pangasidae) di Kali Surabaya. (abstrak Archived 2016-03-04 di Wayback Machine). Tesis master Program studi Biologi, Universitas Airlangga. (tidak diterbitkan)

Tutumbu ka luar

édit
 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan