Basa Sunda Bekasi mangrupa ragam géograpis ti basa Sunda anu dipaké di Kabupatén Bekasi jeung Kota Bekasi. Ieu dialék kagolongkeun kana rantay dialék Sunda Basisir Kalér. Basa Sunda dialék Bekasi boga kaunikan tina segi kosakata jeung logatna sorangan lamun dibandingkeun jeung basa Sunda Priangan salaku ragam baku.

Sunda Bekasi
Bahasa Sunda Bekasi
ᮘᮠᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮨᮊᮞᮤ
Palapalan bahasa sʊnda bəkаsi
Dipaké di Indonesia
Wewengkon Kabupatén Bekasi
Kota Bekasi
Jumlah panyatur ±1.200.000[ib 1] (2024)
Rungkun basa Austronesia
  • Malayu-Polinésia
    • Kalimantan Kalér Gedé?
      • Sunda-Badui
        • Sunda
          • Sunda Basisir Kalér
            • Sunda Bekasi
Aksara Latin (alpabét Sunda)
Kode-kode basa
ISO 639-1 Teu aya
ISO 639-2
ISO 639-3

Sebaran

édit

Basa nu panglobana dipaké ku warga Bekasi nyaéta basa Indonésia, lantaran Bekasi mangrupa wewengkon industri anu miboga karagaman tina segi etnis jeung basa. Tapi, aya dua basa daérah anu dipaké ku urang asli di kabupatén jeung kota Bekasi, nyaéta basa Sunda (dialék Bekasi) jeung basa Betawi (dialék Bekasi).[2][3] Nurutkeun perkiraan dina taun 2024, basa Sunda dialék Bekasi bakal miboga ± 1.200.000 panyatur tina jumlahna 5.710.675 padumuk di Kabupatén jeung Kota Bekasi. Persentasena sakitar 21% tina total populasi di daérah éta.[1] Basa Sunda dialék Bekasi utamana dipaké di wewengkon wétan jeung kidul Kabupatén Bekasi, nyaéta kacamatan Bojongmangu, Cibarusah, Cikarang Pusat, Cikarang Selatan, Cikarang Timur, Kedungwaringin, Pebayuran, Sérang Baru, Sétu, ogé di sababaraha désa/kalurahan dina kacamatan Karangbahagia jeung Sukakarya. Sedengkeun di Kota Bekasi wewengkon nyarita basa Sunda ngawengku kalurahan Ciketing Udik, Cikiwul, jeung Sumur Batu di kacamatan Bantargebang, ogé kalurahan Jatikarya jeung Jatirangga di kacamatan Jatisampurna. Wates antara wewengkon tutur utama basa Sunda dialék Bekasi jeung basa séjénna ogé unik, nya éta diwatesan ku Jalur Nasional 1 atawa katelah Jalan Basisir Kalér (Jalur Pantura). Pemetaanna nyaéta basa Sunda diomongkeun di kidul jeung wétan lamun basa Betawi diomongkeun di kalér jeung kulon.[4] Basa Sunda dialék Bekasi ogé umumna mangaruhan kana ragam basa Betawi nu dipaké di Kabupatén jeung Kota Bekasi kiwari. Ku lantaran pacampur jeung laju pertumbuhan penduduk anu masif, lila-lila basa Sunda dialék Bekasi miboga ciri-ciri sorangan anu ngawangun hiji dialék.[5] Aya ogé saeutik bédana kosakata antara panyatur basa Sunda di beulah kidul jeung wetan wewengkon lisan. Di beulah kidul, dialekna deukeut ka basa Sunda Bogor. Lamun di beulah wetan, para panyaturna leuwih deukeut sacara budaya jeung linguistik jeung panyatur basa Sunda Karawang. Wewengkon Cikarang mangrupa garis wates budaya antara wétan jeung kidul dina basa Sunda dialék Bekasi.[4]

Pamakéan

édit

Pamakéan basa Sunda di Kabupatén jeung Kota Bekasi dianggap aya dina kaayaan anu rentan. Hal ieu jadi faktor utama pindahna pamaké basa Sunda ngagunakeun basa Indonésia atawa Malayu Betawi anu dianggap leuwih gampang kaharti ku masarakat etnis séjénna.[6] Minangka upaya pikeun ngalestarikeunana, basa Sunda dialék Bekasi ogé diajukeun pikeun bahan pangajaran muatan lokal di tingkat SMA hususna di kacamatan Sétu.[7]

Kekecapan

édit
Kekecapan Bentuk baku Hartosna Ref.
ngebruk seserahan hadiah ti pangantén lalaki ka pangantén awéwé [8]
ngawisir nyécép mere duit ka barudak nu karak sunat
ngala késang dipingit teu bisa kaluar imah
diala ngéndong diunduh mantu diangkat jadi minantu
dépon ngupuk imah lanté taneuh
ragasi irigasi aliran cai jeung sawah
nganjor nyaba iinditan
bahasa alusan basa lemes basa hadé

Tingali ogé

édit
  Portal Portal Portal Portal

Rujukan

édit

Catetan

édit
  1. Diitung dumasar kana perkiraan jumlah penduduk di 9 kacamatan nu maké basa Sunda di Kabupatén Bekasi jeung sababaraha kalurahan di 2 kacamatan di Kota Bekasi anu ngagunakeun basa Sunda, ogé sababaraha désa/kalurahan (teu kaasup desa/kalurahan di kacamatan nu utamana maké basa Sunda) di Kabupatén jeung Kota Bekasi nu make basa Sunda.[1]

Catatan suku

édit
  1. a b "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 6 Mei 2024. 
  2. Sudjana, A.S.H.; Marzuki, A.; Abas, A.; Jayawiguna, R. (1983). Struktur Bahasa Sunda Pesisir Utara Jawa Barat (dalam Indonesian). Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. OCLC 14379200. 
  3. Sopandi, Andi (2011) (dalam bahasa id). Menelusuri Budaya dan Bahasa Melayu Betawi Dialek Bekasi: Dulu, Kini, dan Prospek Sebagai Muatan Lokal. Bekasi: Universitas Islam 45. https://jurnal.unismabekasi.ac.id/index.php/edukasi/article/download/700/586/. 
  4. a b "Jalan Daendels sebagai Batas Pemisah Penggunaan Bahasa Melayu Betawi dengan Bahasa Sunda di Kabupaten Bekasi". badanbahasa.kemdikbud.go.id (dalam Indonesian). Jakarta: Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa. 16-11-2020. Diakses tanggal 24-07-2023. 
  5. Nurdiasrih, Fadjriah (21-02-2018). "Kala Bahasa Betawi Menggeser Bahasa Sunda di Perbatasan Jakarta". www.liputan6.com (dalam Indonesian). Jakarta: Liputan 6. Diakses tanggal 24-07-2023. 
  6. Ramawirawan, Catra Ditya; Tawangsih, Retno Mayekti (2010) (dalam bahasa id). Perubahan leksikal di Bekasi. Depok: Universitas Indonesia. https://lib.ui.ac.id/detail?id=20161048&lokasi=lokal. 
  7. Murdiani, Ace Monika (2013) (dalam bahasa id). Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. http://ejournal.upi.edu/index.php/rancage/article/view/369. 
  8. Sudjana et al. (1983), hlm. 15-16.

Daptar perpustakaan

édit

Tumbu luar

édit
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit