Gedong Merdéka

Gedung pertemuan

Gedung Merdeka nyaéta ngaran gedung nu aya di puseur kota Bandung perenahna di Jl.Asia Afrika no 65.[1] Kungsi dijadikeun tempat Konferensi Asia Afrika (18 April-24 April 1955), sidang-sidang jeung sekretariat Konstituante (1956-1959), Badan Perancang Nasional, Majelis Permusyawaratan Sementara (MPRS) taun 1960-1965, Konferensi Islam Asia Afrika taun 1965, jeung panglawungan-panglawungan lianna nu sipatna nasional jeung internasional.[1]

Gedong Merdéka
Gedung Merdeka
Gedung Merdeka
Letak: Jalan Asia Afrika, Kota Bandung
Koordinat: 6°55′15″S 107°36′33″E / 6.92083°S 107.60917°E / -6.92083; 107.60917Koordinat: 6°55′15″S 107°36′33″E / 6.92083°S 107.60917°E / -6.92083; 107.60917
Sejak: 1955
Dipugar: 1921, 1940
Gedong Merdéka is located in Kota Bandung
Gedong Merdéka
Lokasi Gedong Merdéka di Jl. Asi Afrika No. 65, Kota Bandung

Sajarahna

édit

Munggaran diwangun dina taun 1895 minangka tempat kumpulna urang Eropa, utamana mah urang Walanda nu dumuk di daérah Bandung.[2] Maranéhna nyieun hiji paguyuban nu kasohor kalawan ngaran Societeit Concordia dina tanggal 29 Juni 1879.[2] Tujuanana nyaéta "..... de bevording van gezellig verkeer" minangka tempat panglawungan sanggeus Warung De Vries. Concordia hiji wangunan nu kawilang basajan, perenahna aya di jalan Groote Postweg (kiwari Jalan Asia Afrika) jeung Bragaweg (kiwari jalan Braga).[2] Sisi Beulah katuhuna deukeut jeung walungan Tjikapoendoeng (Cikapundung).[2] Gedung Societeit Concordia diwangun deui dina taun 1921 kalawan gaya arsitektur modérn (Art Deco) nu fungsional sarta leuwih ngutamakeun struktur ku arsiték Gallen Last jeung C.P.Wolff Schoemaker, guru besar arsitéktur di Technische Hogeschool (THS) nu kiwari jadi Institut Teknologi Bandung (ITB).[2] Ieu Gedung Societeit Concordia robah jadi gedung panglawungan super club nu kacida eksklusifna sa-Nusantara.[2]

Gedong Merdéka di Jalan Asia Afrika, Bandung, mimitina taun 1895 ngan saukur wangunan basajan kalayan legana 7.500 méter pasagi. Waktu éta gedong teh tempat patemon Societeit Concordia, sakelompok urang Éropa, khususna Walanda, anu cicing di kota Bandung jeung sabudeureunana. Dina 1921, wangunan ieu direnovasi jadi klub méwah paling ekslusif jeung modern di Nusantara, ngaranna Concordia, ku arsiték C.P. Wolff Schoemaker dina gaya Art Deco. Dina 1940, jangjang kénca wangunan ieu dirénovasi dina gaya arsitéktur gaya Internasional ku arsiték A.F. Aalbers, kalawan fungsi utama salaku wewengkon rékréasi.[3]

Dina mangsa penjajahan Jepang, wangunan utama diganti ngaranna jadi Dai Toa Kaikan sarta dipaké salaku puseur budaya, sedengkeun ku sayap kiri, disebut Yamato, dipaké salaku tempat nginum, tapi kaduruk handap dina 1944. Sanggeus Proklamasi Kamerdékaan Indonésia tanggal 17 Agustus 1945, Gedong Merdéka dijadikeun markas para nonoman Indonésia ngalawan tentara Jepang sarta saterusna dijadikeun ajang kagiatan Pamaréntah Kota Bandung. Sanggeus Konferensi Asia Afrika taun 1955, wangunan ieu diganti ngaranna jadi Gedong Merdéka ku Présidén Soekarno.[3]

Saprak harita, wangunan ieu geus miboga sajarah panjang salaku tempat pikeun rupa-rupa rapat jeung konferensi, diantarana Konférénsi Mahasiswa Asia Afrika (1956), Sidang Déwan Kasatiaan Rakyat Asia Afrika (1961), Konférénsi Islam Asia Afrika (1965), jeung sajabana. Dina 1980, sakabéh wangunan ditunjuk minangka Musieum Konférénsi Asia-Afrika, sarta ti saprak éta terus jadi saksi kajadian sajarah penting.[3]

Taun 1940-an

édit

Societeit Concordia diwangun deui dina taun 1940 kalawan gaya arsitektur International Style nu dibantuan ku arsiték A.F.Aalbers.[2] Nalika jaman Jepang (1942-1945), Gedung Societeit Concordia robah ngaran jadi Dai Toa Kaikan sarta dijadikeun puseur kabudayaan.[2] Sanggeus proklamasi kamerdékaan Républik Indonésia tanggal 17 Agustus 1945, éta gedung dijadikeun puseur pamuda Indonesia nu aya di Bandung pikeun ngalawan pasukan Jepang nu teu daék mikeun kakawasaanana sarta tempat kagiatan pamaréntah kota Bandung sanggeus kota Bandung dibagi dua: Bandung kalér nu dikawasa ku sekutu jeung Bandung kidul nu dikawasa ku pamaréntah Indonésia kalawan wates jalan kareta api (Desember 1945-Maret 1946).[1] Taun 1949-an, Gedung Societeit Concordia dioméan sarta dijadikeun deui tempat panglawungan urang Eropa (kaasup sababaraha urang Indonésia).[2]

Taun 1955

édit
 
Gedung Merdeka taun 1955 nalika KAA

Dumasar kana kaputusan pamaréntah Indonésia (1954) nu netepkeun Bandung minangka tempat Konferensi Asia Afrika, Gedung Societeit Concordia kapilih jadi tempat lumangsungna ieu konferensi ku lantaran ieu gedung mangrupa gedung panglawungan nu pangméwahna sarta panggedéna di Bandung.[2] Salian ti éta, lokasina aya di puseur kota nu deukeut jeung Hotel Savoy Homann jeung Preanger.[2] Ti taun 1955, Gedung Societeit Concordia dirombak ku Jawatan Pekerjaan Umum Propinsi Jawa Barat nu dipingpin ku Ir. R. Srigati Santoso sarta wangunanana disaluyukeun jeung kagunaanana minangka tempat lumangsungna konferensi tingkat internasional.[2] Nalika tanggal konferensi geus deukeut (7 April 1955), ieu gedung diganti ngaranna ku présidén Soekarno jadi Gedung Merdeka.[2] 24 April 1980 di ieu gedung diwangun Museum Konferensi Asia Afrika minangka acara puncak miéling 25 taun-na Konferensi Asia Afrika.[1] Kiwari dijadikeun puseur Penelitian dan Pengkajian Masalah Asia Afrika dan Negara-negara Berkembang nu aya di handapeun Departemen Luar Negeri RI, kalawan kagiatan-kagiatan kayaning diskusi jeung ceramah.[1] Nu ngariksa ieu gedung nyaéta Pengelola Gedung Merdeka anu aya di handapeun Pemerintah Daerah Jawa Barat.[1]

Referensi

édit
  1. a b c d e f Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  2. a b c d e f g h i j k l m Gedung Merdeka Archived 2011-07-25 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)
  3. a b c "Museum Konperensi Asia Afrika | Gedung Merdeka". www.asiafricamuseum.org. Diakses tanggal 2023-12-02.