Aang Kunaéfi Kartawiria lengkepna (Mayor Jenderal TNI (Purn. Aang Kunaéfi Kartawiria) nyaéta saurang inohong Jawa Barat anu (gumelar di Bandung, Jawa Barat, 5 Désémber 1922 – maot 12 Nopémber 1999 dina umur 76 taun) saurang Gubernur Jawa Barat, période taun 1975-1985.[1] Dimimitian tina militér salaku Komandan Kodim Kota Cirebon tuluy ngaronjat jadi Panglima Kodam VI Siliwangi.[1] Dina taun 1955, anjeunna ngalungguhan jabatan Komandan Seskoad.[1]

Mayor Jenderal TNI (Purn.) Aang Kunaefi Kartawiria
gumelar Aang Kunaefi Kartawiria di Bandung, 5 Désémber 1922 – maot di Bandung, 12 Nopémber 1999 dina umur 76 taun
Gubernur Jawa Kulon ka-11
Masa jabatan
1975 – 1985
Présidén Soeharto
Saméméhna Solihin Gautama Purwanegara
Sanggeusna Yogie Suardi Memet
Pangdam Iskandar Muda
Masa jabatan
24 Oktober 1970 – 8 Oktober 1973
Présidén Soeharto
Saméméhna Teuku Hamzah
Sanggeusna A. Rivai Harahap
Pangdam Siliwangi
Masa jabatan
1974 – 1975
Présidén Soeharto
Saméméhna Wahyu Hagono
Sanggeusna Himawan Soetanto
Katerangan lian
Kabangsaan Indonésia Indonesia
Profési Militer
Ageman Islam
Pangabdian militér
Layanan/cabang TNI Angkatan Darat
Réngking Mayor Jenderal TNI
Unit Infanteri
Anugrah Bintang Mahaputera Utama; Keppres No.061/TK/TH.1996; Tanggal 30-07-1996.

Mangsa ngalungguhan jabatan Gubernur, anjeunna jadi salah saurang pangjejer dina ngadegna rumah sakit Al-Islam di Bandung perenahna di Jalan Soekarno-Hatta dina kaping 1 Agustus 1990.[2] Hal ieu henteu leupas tina pangrojong Hj. Hadijah Salim, Hj. Roqayah, Hj Saribanon sarta Réktor Universitas Islam Bandung Dr. K.H E.Z. Muttaqien .[2]

Anjeunna ogé saurang inohong anu gedé pongrojongna kana kamekaran museum Sribaduga di Bandung.[3] Saeutikna aya 22 pusaka kagunganna dipasrahkeun pikeun ngeuyeub-ngeuyeub pangeusi éta museum Negeri Provinsi Jawa Barat (baheula kantor kewadanaan Tegallega).[3]

Tanggung jawabna kana banda nagara henteu cangcaya. [4] Anjeunna kungsi ngaluarkeun surat paréntah anu ditujukeun ka Bupati Garut No. 181.1/5971/Asda I titimangsa 30 Oktober 1982, sangkan nartibkeun taneuh anu keur digarapan ku warga di sabudeureun Darajat I.[4] Maksudna nyingkahan ayana usaha ngaranjah tur ngawasa taneuh nagara (okupasi).[4]

Anjeunna ngayakeun gawé bareng jeung Ali Sadikin pikeun ngamekarkeun wewengkon Jabotabek anu dimimitian Bulan Mei 1976.[5] Udaganana pikeun ngayakeun pangwangunan anu leuwih ngarojong kana ngaronjatna widang sosial, ékonomi, budaya, tata ruang, jeung administrasi pamaréntahan di wewengkon Jabotabek.[5]

Kalungguhan édit

Tempo ogé édit

  1. Mohamad Sanusi Hardjadinata
  2. Ukar Bratakusumah
  3. Mashudi
  4. Ahmad Héryawan

Dicutat tina édit

  1. a b c d "Berapa Jumlah Gubernur Jawa Barat?" (PDF). disparbud. 2008-3-5. Diakses tanggal 2017-11-04. [tumbu nonaktif]
  2. a b Kurniawati, Nia (2017). Api Sejarah 2. Jakarta: Surya Dinasti. ISBN 9786027123724. 
  3. a b Suganda, Her (2011). Wisata Parijs van Java: sejarah, peradaban, seni, kuliner, dan belanja Seri perjalanan dan wisata Kompas. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797095376. 
  4. a b c Wiradi, Gunawan (2008). Dua abad penguasaan tanah: pola penguasaan tanah pertanian di Jawa dari masa ke masa Seri reforma agraria. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. ISBN 9789794616857. 
  5. a b Gunawan, Restu (2010). Gagalnya sistem kanal: pengendalian banjir Jakarta dari masa ke masa. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797094836.