Buka ménu utama

Ngalogat téh nyaéta salah sahiji cara keur ngagabungkeun atawa ngadumaniskeun ma’na mufrodati jeung jeung qawaidi. Leuwih jéntréna, ngalogat téh ngartikeun téks basa Arab kana basa séjén keur mikanyaho maksud atawa ma'nana. Lamun ngalogatna tina basa Arab kana basa Sunda disebutna ngalogat Sunda. Ieu karya ditaratas ku Sunan Ampél anu tuluy dipageuhan deui ku Sunan Giri kalayan ngagunakeun kitab konéng. Ieu kitab dipaké sabab baheula mah nu nyaangan lamun peuting téh obor atawa cempor, jadi lamun warnana bodas kurang katangén. Sanggeus ditaratas ku dua Sunan tadi, ngalogat diteruskeun ku Ulama kawentar nyaéta Kyai Kholil ti daérah Bangkalan. Tapi, anu nyumebarkeun ka pasantrén-pasantrén mah ku KH. Hasyim Asy’ari santrina Kyai Kholil kalawan ngadegkeun Nahdlatul Ulama (NU). [1]

KamekaranÉdit

Dipakéna aksara arab dina ngalogat téh mangrupa turun-tinurun tina pangaruh Islam jeung nyirorotna kamampuh aprésiasi masaratak kana aksara Sunda. Ari aksara Arab mimiti kadéséhna sanggeus aksara latén ditetepkeun jadi aksara nasional. Matak pantes arabisme dipapandékeun jeung latinisme. Ku kituna, ngalogat téh dianggap salah sahiji tradisi pangaruh Islam keur narjamahkeun kitab konéng kana basa Sunda. [2]

Ajengan Ahmad DimyathiÉdit

Ieu ajengan téh turunan kadua di pasantrén Sukamiskin, Kota Bandung. Anjeunna diajar ngalogat ti bapana, Ajengan Ahmad Muhammad (1883-1910) nu kawentar di Jawa. Sanggeus diajar ka bapana, AAD nuluykeun nyuprih élmu ka kota Mekah, Arab Saudi. [2] Sanggeus mulang ti Mekah (1910), AAD téh sadar yén santrina lolobana urang Sunda. Lamun ngajar ku basa Jawa pasti loba nu hésé paham kana élmu nu diajarkeunana. Ieu kereteg jadi pamuka, AAD mitembeyan narjamahkeun kitab kana basa Sunda keur ngarojong pangharepanana, AAD nu kawentar ahli obat-obatan téh nyieun percétakan Al-Ikhtibar keur nyitak tulisanana. Anjeunna ogé loba nyanggi rupa-rupa karya ngagunakeun aturan pupuh Sunda kalawan ngagunakeun aksara pégon. [2] Karya nu dihasilkeunana di antarana Wawacan Sajarah Nabi jeung Kitab Qurrat al-Ayn fii al shulh bain al fariqain. [2]

Ajengan RuhiyatÉdit

KH Ruhiyat nu kawentar Abah Ruhiat téh gumelar di Tasikmalaya, 11 Nopémber 1911 jeung tilar dunya 28 Nopémber 1977 mareng jeung 17 Dzulhijjah 1397. [3] Dina taun 1931, Ruhiat dumuk di Cipasung kalawan ngajar santri jeung masarakat sabudeureun pasantrén. Mimitina ngajar di masjid nu satuluyna ngawangun pasantrén nepi ka ayeuna. Pesantrén nu diadegkeun dina taun 1932 nu ngaranna Pesantrén Cipasung. Dina ngajarkeun élmu agama, Ajengan Ruhiat ngagunakeun ngalogat basa Sunda. Sawangan anjeunna, santri nu kasang tukangna urang Sunda diajarna kudu ngagunakeun basa Sunda. Santri munggaranana aya 40 urang, éta ogé santri titipan guruna ti Cilenga. Salian kawentar dina widang atikan, Ajengan Ruhiat ogé bajoang dina mangsa jajahan Walanda. Malah pernah ditéwak jeung dipanajara di Sukamiskin Bandung (1941) jeung Ciamis (1942). Dina mangsa jajahan Jepang, anjeunna katalian ku sobatna KH. Zainal Mustofa nepi ka dipenjara deui di Tasikmalaya (1944). Dina mangsa révolusi kamerdekaan dipanjara deui di Walanda (1949).[3]

Ngalogat téh mangrupa wujud ngamalkeun élmu barokah ti santri ka guruna. Ieu amalan téh patali jeung takhzim santri ka ajenganana nu nyangkaruk dina kitab ta'lim al-muta'alim thariq al-taalum. Ku kituna, teu mungkin santri ngalaksanakeun nu teu diajarkeun ku guruna. Nu ngajarkeun ngalogat di Sunda téh tangtu geus diajarkeun heula di Pasantrén Jawa atawa meunang ijtihad dirina. Pamuka ajaran ngalogat di tatar Sunda mah Ajengan Ahmad Dimyathi jeung Ajengan Ruhiyat, matak sumbangan ajeunna kacida gedéna dina paélmuan ngalogat Sunda nu masih kénéh mekar nepi ka kiwari.[2]

PraktékÉdit

Dina ngalogat santri téh ngagunakeun kalam jeung mangsi Cina (Gentur) nu dihasilkeun ti Pasantrén Gentur di Sukabumi. Kalam nu seukeut digunakeun téh sangkan tulisan arabna alus ipis kandel kalawan jarak nulisna ukur saspasi. Mangsi cina digunakeun sangkan tulisanana awét dina waktu nu lila. Ari wadah mangsi mah wangunna jiga piala leutik nu didadasaran ku kapas atawa serat bagedor cau. Lamun santri can mahér ngagunakeun kalam, bisa ogé ngagunakeun pulpén husus nu bisa ngukir tulisan ipis kandel. Pulpén téh dianggap alat nu leuwih praktis tibatan kalam.[2]

Unggal santri kudu miluan macakeun logat jeung Ajengan, bisa eureun téh sabot ambekan wungkul. Beuki remen ngaji, tarjamahan lafaz nu dituliskeun bakal beuki saeutik, malah bisa jadi ukur narjamahkeun istilah nu dianggap ahéng wungkul. Ngalogat téh nepi ka kiwari masih kénéh mekar di pasantrén tradisional (salafiyah).[2]

Dina praktékna, ngalogat téh ngagunakeun basa Jawa nu kandaga kecapna euyeub. Kitu ogé, urang Sunda nu nganggap basa Sunda ogé euyeub ku kandaga kecap. Keur mantuan gancangna ngalogat digunakeun simbol nu nuduhkeun kalungguhan hiji kecap atawa i'rab (dina tata basa Arab).[2]

RujukanÉdit

  1. Online, NU. "Warisan Ulama Nusantara, Santri Didorong Lestarikan Ngalogat | NU Online". nuonline (dalam en-GB). Diakses tanggal 2017-10-23. 
  2. a b c d e f g h Politik & postkolonialitas di Indonesia (dalam Indonesian). Kanisius. 2003. ISBN 9789792108507. 
  3. a b Online, NU. "Abah Ruhiat, Pendidik dan Pejuang dari Cipasung | NU Online". nuonline (dalam en-GB). Diakses tanggal 2017-10-24.