Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2019

Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
2020 2021
2022 2023
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Thomas Hobbes

Thomas Hobbes (gumelar di Malmesbury, Wiltshire, Inggris, 5 April 1588 – tilar dunya di Derbyshire, Inggris, 4 Désémber 1679 dina umur 91 taun) nyaéta hiji filsuf Inggris aliran empirisme. Manehna nyumbang pendapat ngeunaan konsép manusa tina sudut pandang empirisme-materialisme, jeung pendapat ngeunaan hubungan manusa jeung sistim nagara.

Hobbes mangaruhan sakabéh widang pangajaran moral di Inggris sarta falsafah pulitik, utamana liwat bukuna anu miboga judul "Leviathan". Hobbes teu ngan kawentar di Inggris, tapi ogé di Éropa. Salian dipikawanoh minangka filsuf, Hobbes ogé kawentar minangka ahli matematika jeung sarjana klasik. Manéhna kungsi jadi guru matematika Charles II sarta nerbitkeun tarjamahan karya sastra Iliad sarta Odyssey karya Homeros. Lengkepna >>>

Thomas Hobbes nyaéta hiji filsuf Inggris aliran empirisme. Manehna nyumbang pendapat ngeunaan konsép manusa tina sudut pandang empirisme-materialisme, jeung pendapat ngeunaan hubungan manusa jeung sistim nagara.

Hobbes mangaruhan sakabéh widang pangajaran moral di Inggris sarta falsafah pulitik, utamana liwat bukuna anu miboga judul "Leviathan". Hobbes teu ngan kawentar di Inggris, tapi ogé di Éropa. Salian dipikawanoh minangka filsuf, Hobbes ogé kawentar minangka ahli matematika jeung sarjana klasik. Manéhna kungsi jadi guru matematika Charles II sarta nerbitkeun tarjamahan karya sastra Iliad sarta Odyssey karya Homeros. Lengkepna >>>

Istiqlal Mosque Wudhu (Ablution).JPG

Abdas atawa wudu (Arab: الوضوء al-wuḍū, آبدست ābdast, Turkish: abdest, Urdu: وظو wazū) numutkeun jihat istilah mibanda dua harti, nu kahiji bersih tina sagala hadas leutik atawa najis nu ngabalukarkeun kana teu sahna ibadah nu dilakonan ku urang, nu kadua éndah saluyu kana enas-enas nu aya dina saréat Islam, nyaéta nutup aurat. Disawang tina unsur syara' hartina ngabersihkeun awak atawa anggahota awak tina hadas leutik misalna jiga ka cipratan ku ciompol, boh dihaja atawa teu dihaja. Paréntah abdas dibarengan ku ayana paréntah ngalaksanakeun solat, nu matak abdas jadi syarat sahna ibadah solat. Allah SWT. negeskeun dina Al-Quran surat Al Ma'idah ayat ka-6 nu hartina "Hey jalma-jalma nu ariman! Lamun maranéh rék ngerjakeun solat mangka kumbah baeunget maranéh, jeung leungen maranéh nepi ka siku, jeung baseuhan sirah maranéh, jeung kumbah suku maranéh nepi ka mumuncangan, jeung dimana maranéh junub mangka kudu mandi(Al-Maidah:6)". Leuwih ti éta Rosululloh SAW. ngawuwuhan dina sawatara hadist soheh nu diriwayatkeun ku Bukhori jeung Muslim di antarana waé ngeunaan jalma nu sok abdas, dina poé kiamah bakal sing marahmay.

إِنَّ أُمَّتِى يَدْعُوْنَ يَوْمَ الْقِيَا مَةِ غُرٌّا مُحَجَّلِيْنَ مَنْ آ ثَارِ الْوُضُؤ فَمَنِ اسْتَطَاعَ مِنْكُمْ أَنْ يُطِيْلَ غُرَّ تَهُ فَلْيَفْعلْ --رواه البخارى مسلم

"Satemena ummat kaula (ummat Islam) bakal digero-gero dina poé kiamah kalayan rarai nu marahmay tina patilasan abdasna. Sing saha jalma diantara maranéh nu bisa sumeringah (dina abdasna) pikeun salawasna, mangka pék laksanakeun. (HR. Bukhari-Muslim)"

Salengkepna...

Artikel PetinganÉdit

Boboran Siam

Dina poénan lebaran loba ibadah nu bisa dipilampah satutasna milampah ibadah saum Romadon, kayaning takbiran, solat id, silaturahmi, jeung dituluykeun ku nyawalan, puasa genep poé di bulan Syawal. Loba ogé tradisi nu masih lumaku di masarakat nalika lebaran, diantarana tradisi mudik, munjungan atawa nganteuran kadaharan diwadahan kana rantang, sarta loba deui tradisi-tradisi lianna.

Artikel PetinganÉdit

Sélér Asmat

Sélér Asmat téh sélér pangsohorna anu aya di Papua, kasohorna lain alatan ku morona hungkul tapina ogé ku sabab ideu-ideu unikna ogé disain ukiran kaina nu éndah. Ngaran sélér ieu meureun tina kecap Asmat minangka Akat nu nurutkeun kapercayaan orang dinya harina téh "Jalma nu bener". Lian ti kitu Asmat ogé aya nu nyebutkeun asalna tina kecap Osamat nu hartina "Manusa tina tangkal".

Artikel PetinganÉdit

Républik Indonésia

Républik Indonésia nyaéta hiji nagara nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara. Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam.

Artikel PetinganÉdit

Urang Sunda

Urang Sunda téh hiji séké sélér kadua panglobana di Indonésia nu lolobana sumebar di lemah caina kayaning Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia.

Artikel PetinganÉdit

Heulang

Heulang mangrupa manuk pamangsa badag, nu utamana ngageugeuh Dunya Kuna, anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda, nu kadang teu padeukeut. Sakumaha sakabéh manuk pamangsa, pamatuk heulang seukeut tur ngeluk pikeun nyewiran daging mangsana, sukuna kuat sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan.

Artikel PetinganÉdit

Aksara Sunda

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Artikel PetinganÉdit

Kadu (Durén)

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina. Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan.

> Arsip