Buka ménu utama

Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2015

< Wikipedia:Artikel petingan
Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Raksukan has séké Minangkabau di taun 1900-an
Minangkabau atawa nu sok disingget Minang nya éa kelompok etnik Nusantara nu basana Minang jeung ngajungjung ageman Minangkabau. Wewengkon ageman kabudayaanna ngawengku Sumatera Barat, sabeulah ti Riau, bagéan kalér Bengkulu, bagéan kulon Jambi, bagéan kidul Sumatera Utara, barat daya Aceh, ogé Negeri Sembilan di Malaysia. Dina paguneman masarakat, urang Minang sok disebut orang Padang, nempo ka ngaran puseur dayeuh Sumatera Barat nya éta dayeuh Padang. Namung masarakat ieu biasana bakal nyebut kelompokna ku sebutan urang awak (maksudna sarua jeung urang Minang éta sorangan).

Nurutkeun A.A. Navis, Minangkabau leuwih ka kultur etnis ti salasahiji rungkun Malayu nu mekar jeung badag sabab sistim monarki, sarta ngagem sistim adat anu khas, anu dicirikeun ku sistim kakulawargaan ngaliwatan jalur awéwé atawa matrilineal, sanajan budayana ogé kacida kuat diwarnaan ku ageman agama Islam, sedengkeun Thomas Stamford Raffles,

Salengkepna...


Kang Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak,

Salengkepna...


Garuda Pancasila

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi kira-kira 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia mangrupa nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu apnglobana sadunya, sanajan resmina, Indonésia sanés nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku wargina. Ibu kota Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia wawatesan jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta jeung Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota ti PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu pernah kaluar ti organisasi éta. Salian ti éta, Indonésia ogé mangrupa anggota ti ASEAN, APEC, OSI, G-20.


Salengkepna...


Haji Hasan Mustapa

Haji Hasan Mustapa atawa kawentarna Panghulu Haji Hasan Mustapa (Cikajang, 3 Juni 1852 atawa 14 Sya'ban 1268 H - Bandung, 13 Januari 1930 atawa 12 Sya'ban 1348), ulama sakaligus sastrawan Sunda ahir abad ka-19/awal abad ka-20.

Masarakat Sunda biasa nyebut Hasan Mustapa salaku Panghulu Haji Hasan Mustapa (salajengna dina ieu artikel disebut HM), sabab kalungguhanana di Bandung nyaéta salaku 'Panghulu Besar' (Hoofd Panghoeloe). Ngaran Hasan Mustapa téh paméré rama jeung akina; 'Hasan' ti bapana, sedengkeun 'Mustapa' ti akina. Ngaran bapana nyaéta Mas Sastramanggala (Haji Usman), camat kontrakan entéh Cikajang, Garut, turunan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ibuna, Nyi Mas Salpah (Éméh), téh putra Mas Kartapraja, sarua camat kontrakan entéh Cikajang, turunan Dalem Sunan Pagerjaya di Suci, Garut. Mun nilik pancakakina mah, boh ti pihak indung atawa ti ramana, HHM téh turunan priyayi. Malah mah, numutkeun silsilah bupati Sukapura, HHM téh jéntré tedak ménak, turunan bupati Sukapura.


Salengkepna...


Mang Koko.jpg

Koko Koswara, ngaranna dipikawanoh minangka Mang Koko, gumelar di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Anjeunna dipaparin 8 putra, diantarana Tatang Benyamin Koswara (pupuhu Yayasan Cangkurileung) jeung Ida Rosida (tukang nembang kahot jeung kungsi jadi pamaén sinétron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dimimitian ti HIS (1932) nepi ka MULO Pasundan (1935). Mang Koko kagolong jalma anu ta'at tur patuh kana ajaran agama (Islam).

Karirna dimimitian ti taun 1937 dina zaman pra-kamerdikaan. Satuluyna digawé di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterusna jadi Diréktur Konsérvatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosén Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonésia), Bandung, nepi ka tilar dunya tanggal 4 Oktober 1985.


Salengkepna...


Djoeanda Kartawidjaja

Ir. H. R. Djoeanda Kartawidjaja (éjahan anyar: Juanda Kartawijaya) ngaranna dipikawanoh minangka Ir. H. Djuanda (gumelar di Tasikmalaya, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 14 Januari 1911 – tilar dunya di Jakarta, Indonésia, 7 Nopémber 1963 dina umur 52 taun) nyaéta Perdana Menteri Indonésia ka sapuluh. Pangdeudeul panggedéna dina mangsa jabatanna nyaéta Déklarasi Djuanda tanggal 13 Desember 1957. Dina Déklarasi éta disebutkeun yén laut Indonésia kaasup laut sabudeureunna, di antara, jeung di jero kapuloan Indonésia jadi hiji kasatuan wilayah NKRI atawa dipikawanoh ku sebutan nagara kapuloan dina konvénsi hukum laut United Nations Convention on Law of the Sea (UNCLOS).


Salengkepna...


Glukosa robah tina proyéksi Fischer ka proyéksi Haworth

Glukosa (C6H12O6, beurat molekul 180.18) , salasahiji gula monosakarida, nyaéta salasahiji karbohidrat pangpentingna nu dipaké salaku sumber tanaga pikeun sato jeung tutuwuhan. Glukosa mangrupakeun salasahiji hasil utama fotosintésis jeung modal pikeun réspirasi. Bentuk alami (D-glukosa) disebut ogé dékstrosa, utamana mun di industri pangan.

Glukosa kaasup héksosa—monosakarida nu ngandung genep atom karbon--téh kaasup aldehida (ngandung gugus -CHO). Lima karbon jeung hiji oksigénna ngabentuk cingcin nu disebut 'cingcin piranosa', bentuk paling stabil pikeun aldosa nu karbonna genep. Dina cingcin ieu, tiap karbon kabeungkeut kana gugus gigir hidroksil jeung hidrogén iwal atom nu kalima, nu kabeungkeut kana atom karbon kagenep di luar cingcin, ngabentuk hiji gugus CH2OH. Struktur cingcin ieu aya dina kasatimbangan jeung bentuk nu leuwih réaktif, nu proporsina 0.0026% dina pH 7. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · lianna...


Getih téh nyaéta jaringan sirkulasi nu mangrupa cairan plasma jeung sél (sél getih beureum, sél getih bodas, platélét). Istilah médis nu patali jeung getih biasana sok maké émbohan/awalan hémo- atawa hémato-, tina kecap Yunani "haima" nu hartina "getih".

Fungsi utama getih nyaéta pikeun ngasupan zat-zat gizi (oksigén, glukosa), unsur-unsur pangganti jaringan sarta miceun runtah (kawas karbon dioksida jeung asam laktat). Getih ogé jadi patalimarga sél-sél (leukosit, sél tumor abnormal) sarta rupa-rupa zat (asam amino, lipid, hormon) sahingga bisa diangkut antarjaringan jeung antarorgan. Gangguan kana kandungan atawa sirkulasi getih bisa ngabalukarkeun karuksakan/gangguan jaringan.

Getih téh diwangun ku sababaraha rupa sél; unsur bentukan ieu ngawengku kira 45% tina getih. Sésana mah mangrupa plasma getih, cairan semu konéng nu jadi média cair getih. Dina kaayaan normal, pH getih artéri téh 7,40. Pikeun babandingan, getih dina sakujur awak manusa téh 7% tina beuratna [1], sahingga jalma sawawa umumna dieusi getih 5 léter (2,7-3 léter mangrupa plasma). Mun digabungkeun, lega beungeut éritrosit dina anatomi manusa téh sarua jeung 2.000 kali lega pakulitan luar manusa. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Flag of the People's Republic of China.svg

Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014 mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya. Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT). Lengkepna >>>

Saméméhna: Papatong · Glukosa · Getih · lianna...


Getih téh nyaéta jaringan sirkulasi nu mangrupa cairan plasma jeung sél (sél getih beureum, sél getih bodas, platélét). Istilah médis nu patali jeung getih biasana sok maké émbohan/awalan hémo- atawa hémato-, tina kecap Yunani "haima" nu hartina "getih".

Fungsi utama getih nyaéta pikeun ngasupan zat-zat gizi (oksigén, glukosa), unsur-unsur pangganti jaringan sarta miceun runtah (kawas karbon dioksida jeung asam laktat). Getih ogé jadi patalimarga sél-sél (leukosit, sél tumor abnormal) sarta rupa-rupa zat (asam amino, lipid, hormon) sahingga bisa diangkut antarjaringan jeung antarorgan. Gangguan kana kandungan atawa sirkulasi getih bisa ngabalukarkeun karuksakan/gangguan jaringan.

Getih téh diwangun ku sababaraha rupa sél; unsur bentukan ieu ngawengku kira 45% tina getih. Sésana mah mangrupa plasma getih, cairan semu konéng nu jadi média cair getih. Dina kaayaan normal, pH getih artéri téh 7,40. Pikeun babandingan, getih dina sakujur awak manusa téh 7% tina beuratna [2], sahingga jalma sawawa umumna dieusi getih 5 léter (2,7-3 léter mangrupa plasma). Mun digabungkeun, lega beungeut éritrosit dina anatomi manusa téh sarua jeung 2.000 kali lega pakulitan luar manusa. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Getih téh nyaéta jaringan sirkulasi nu mangrupa cairan plasma jeung sél (sél getih beureum, sél getih bodas, platélét). Istilah médis nu patali jeung getih biasana sok maké émbohan/awalan hémo- atawa hémato-, tina kecap Yunani "haima" nu hartina "getih".

Fungsi utama getih nyaéta pikeun ngasupan zat-zat gizi (oksigén, glukosa), unsur-unsur pangganti jaringan sarta miceun runtah (kawas karbon dioksida jeung asam laktat). Getih ogé jadi patalimarga sél-sél (leukosit, sél tumor abnormal) sarta rupa-rupa zat (asam amino, lipid, hormon) sahingga bisa diangkut antarjaringan jeung antarorgan. Gangguan kana kandungan atawa sirkulasi getih bisa ngabalukarkeun karuksakan/gangguan jaringan.

Getih téh diwangun ku sababaraha rupa sél; unsur bentukan ieu ngawengku kira 45% tina getih. Sésana mah mangrupa plasma getih, cairan semu konéng nu jadi média cair getih. Dina kaayaan normal, pH getih artéri téh 7,40. Pikeun babandingan, getih dina sakujur awak manusa téh 7% tina beuratna [3], sahingga jalma sawawa umumna dieusi getih 5 léter (2,7-3 léter mangrupa plasma). Mun digabungkeun, lega beungeut éritrosit dina anatomi manusa téh sarua jeung 2.000 kali lega pakulitan luar manusa. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Murak kadu (Durio zibethinus) di Cigudeg, Bogor

Kadu atawa durén nyaéta ngaran tuwuhan tropis anu asalna ti Asia Tenggara, ogé ngaran buahna anu bisa didahar. Kecap durén dicokot tina ciri kulit buahna anu teuas sarta cucukan seukeut.

Tuwuhan ieu lain spésies tunggal tapi sagolongan tuwuhan ti marga (genus) Durio. Ngaran ilmiah kadu komérsial nyaéta Durio zibethinus. Jinis-jinis kadu séjén anu bisa didahar sarta kadangkala kapanggih di pasar-pasar di Asia Tenggara ngawengku D. kutejensis (lai), D. oxleyanus, D. graveolens (kadu kuya), sarta D. dulcis (lahong).

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina.

Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan. Richard Sterling (dinaThe Travelling Curmudgoen) nulis: "ambeuna jiga pisan jeung kokotor babi, terpentin sarta bawang, sarta dipapaésan ku kaos kaki kotor ti lapangan olah raga. Ambeuna kaangseu ti kajauhan." Aya ogé anu ngagambarkeun ambeu kadu kawas ambeu anu kaluar tina treuk runtah. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


> Arsip