Buka ménu utama

Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2011

< Wikipedia:Artikel petingan
Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
2020 2021
2022 2023
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Artikel PetinganÉdit

Cai

Cai geus dalit pisan jeung hirup kumbuh masarakat Sunda. Ieu bisa kabukti dina pamakéan kecap cai pikeun méré ngaran unggal patempatan. Pirang-pirang tempat nu aya di tatar Sunda, loba nu dimimtian ku kecap cai, nu satuluyna diringkes jadi ci.


Artikel PetinganÉdit

Bujangga Manik

Bujangga Manik mangrupa salah sahiji naskah dina basa Sunda anu pohara gedé ajénna. Ieu naskah ditulis dina wangun puisi naratif dina daun nipah anu kiwari disimpen di Pabukon Bodleian di Oxford saprak taun 1627. Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun nipah, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar (rumpaka) anu tiap rumpakana diwangun ku 8 padalisan, bentuk puisi Sunda buhun.


Artikel PetinganÉdit

Ageman Islam

Islam (basa Arab: الإسلام Al-Islām, Aksara Sunda: ᮄᮞᮣᮙ᮪) nyaéta hiji ageman tauhid, kaasup rungkun ageman Ibrohim. Pangagem ajaran Islam disebut muslim. Islam ngajarkeun yén Gusti Alloh nurunkeun Firman-Na ka manusa ngaliwatan para Nabi jeung Rasul sarta Nabi Muhammad SAW mangrupa Rasul panungtungan nu diutus ka alam dunya. Dina basa Arab, Islām hartina “sumerah diri” sarta mangrupa Dīn nu hartina "aturan" atawa "sistim".


Artikel PetinganÉdit

Maung Lodaya

Lodaya atawa maung lodaya (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora. Ieu sato lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay. Lodaya ilaharna moro sorangan, nu diporona kayaning uncal, mencek, jeung bagong.


Artikel PetinganÉdit

Karajaan Sunda

Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda ogé ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putra mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.


Artikel PetinganÉdit

Papatong

Papatong téh insékta nu asup kana ordo Odonata, subordo Epiprocta, jeung, dina jihat husus, infraordo Anisoptera. Cirina nyaéta panon majemuk nu badag, dua pasang jangjang ngalangkang, sarta tungtung awak nu panjang. Lingkungan hirup papatong biasana di sabudeureun situ, pasawahan, pokona mah deukeut ka cai, sabab larvana, nu katelah "kini-kini" téa, hirup na cai. Papatong mah tara ganggu, nyoco atawa nyeureud manusa.


Artikel PetinganÉdit

Kanjeng Nabi Muhammad

Kangjeng Nabi Muhammad (aksara Sunda: ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪; gumelar 20 April 570 Maséhi di Mekah - tilar dunya 8 Juni 632 M di Madinah) nyaéta saurang nabi sarta rosul pamungkas pikeun umat Islam. Pancén kangjeng Nabi Muhammad nyaéta pikeun nyampurnakeun agama tauhid, nyaéta Islam, nu geus didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméh anjeunna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām.


Huséin Jayadiningrat (diuk pangkéncana)

Pangéran Ario Huséin Jayadiningrat (éjahan heubeul Hoessein Djajadiningrat), lahir di Kramatwatu, 8 Désémber 1886 - Jakarta, 12 Nopémber 1960). Ramana, R. Bagus Jayawinata (R. Bagoes Djajawinata) wadana anu tuluy jadi bupati Sérang anu boga pikiran maju, sedeng ibuna Ratu Saléhah urang Cipeté, Sérang.

Lanceuk Huséin, Pangéran Ahmad Jayadiningrat terus jeneng jadi bupati di Sérang jeung Hasan jadi tokoh Sarékat Islam anu gedé pangaruhna di Jawa Barat dina awal-awal pergerakan nasional nepi ka pupusna dina taun 1920. Ahmad jeung Huséin jadi murid Snouck Hurgronje, tapi ngan Huséin anu méréskeun atikan nepi ka meunang gelar Doktor.

Huséin téh salasahiji panaratas widang kaélmuan di Indonésia. Anjeunna dipikawanoh minangka jajaka anu motékar, boh kana élmu agama, boh élmu modérn. Anjeunna guguru ogé ka Hurgronje anu satuluyna mindeng ngadiskusikeun karangan anu ditulis ku Huséin ku anjeun. Ningali poténsi katut bakatna, Snouck nyakolakeun Huséin ka Léiden. Taun 1905 Huséin resmi jadi mahasiswa Universitas Léiden nepi ka nulis disertasina nu dijudulan Critische Beschouwing van de Sadjarah Banten tur meunang pangajén cum laude ti promotorna, Hurgronje. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Artikel PetinganÉdit

Urang Sunda

Urang Sunda téh hiji séké sélér kadua panglobana di Indonésia nu lolobana sumebar di lemah caina kayaning Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia.


Artikel PetinganÉdit

Heulang

Heulang mangrupa manuk pamangsa badag, nu utamana ngageugeuh Dunya Kuna, anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda, nu kadang teu padeukeut. Sakumaha sakabéh manuk pamangsa, pamatuk heulang seukeut tur ngeluk pikeun nyewiran daging mangsana, sukuna kuat sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan.


Kebaya Fanbo Cropped.jpg

Kabaya mangrupa baju awéwé nu leungeunna panjang, bagian handapna nepi ka puhu bitis, bagian hareupna dipanitihan, bagian luhur dilipet nepi ka jadi kerah kabaya Bandung anu surawé (lipetan kerah) nepi kana dada, bagian handapna anu di tukang mah pondok, sarta anu di hareupna panjang, kadua tungtung (kénca-katuhu bajuna ditalikeun sangkan nutupan bujal, dipaké ku awéwé nu digawé di sawah atawa di kebon. Kabaya Kartini anu contona surawé, pola nu digunakeun biasana nepi ka handap, bagian handap palebah tukang jeung hareup panjangna téh sarua (rata). Kabaya Kartini biasana maké tisi atawa hiasan saperti muté atawa karpatu, mimitina bagian beuheung anu ngaliwatan dada nepi ka bagian handap. Sapanjang bagian handapna dihiasan ku bola emas atawa nu sarupa jeung éta.Baju kabaya biasana dipaké jeung samping kebat, gelung, selop, atawa kelom geulis di mangsa nu heubeul, tapi dina kamekaranana mah maké selop anu jangkung atawa anu jéngké. Lengkepna >>>


Artikel PetinganÉdit

Kadu (Durén)

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina. Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan.

<hjjjuiuujbr Non ancora nostra proprietà Non ancora mmk> > Arsip