Buka ménu utama

Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2017

< Wikipedia:Artikel petingan
Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Paguyuban Pasundan (éjahan aslina Pagoejoeban Pasoendan) mangrupakeun organisasi kamasarakatan nu mimiti nanjeur ti tanggal 20 Juli 1913, ngajadikeun organisasi pangheubeulna nu aya kénéh nepi ka kiwari. Salila ngadegna, organisasi ieu ketak dina widang atikan, sosial-budaya, pulitik, ékonomi, kapamudaan, sarta urusan kaistrian. Paguyuban ieu ngupayakeun kamekaran budaya Sunda bari ngalibatkeun lain saukur urang Sunda wungkul tapi saréréa nu boga kameumeut kana budaya Sunda.

Anu jadi kasang tukang diadegkeunana ieu organisasi, dikedalkeun ku Dayat Hidayat, siswa Sunda di STOVIA (School Tot Opleiding voor Indlandsche Artsen) – sakola dokter jaman Walanda di Batavia (Jakarta kiwari), anu boga alpukah sarta mingpin rapat 20 Juli 1913:

"Dupi nu jadi lulugu nyaéta wiréhing ngémutkeun bangsa Sunda kacida pisan katilarna tina bab kamajengan ku bangsa sanés, sumawonten ku bangsa Jawa mah, nu ti kapungkurna ogé parantos tebih pisan nilarna ka urang Sunda, dalah ku urang Malayu nu teu acan sakumaha lamina ngudagna kana kamajengan, ayeuna urang Sunda parantos kénging disebatkeun kaselek..."

Salengkepna...


Bujangga Manik mangrupa salah sahiji naskah dina basa Sunda anu pohara gedé ajénna. Naskah ieu ditulis dina wangun puisi naratif dina daun nipah anu kiwari disimpen di Pabukon Bodleian di Oxford saprak taun 1627 (MS Jav. b. 3 (R), cf. Noorduyn 1968:469, Ricklefs/Voorhoeve 1977:181). Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun nipah, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar (rumpaka) anu tiap rumpakana diwangun ku 8 padalisan, bentuk puisi Sunda buhun.

Anu ngalalakon dina ieu naskah téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan nu boga landihan Bujangga Manik, saurang resi Hindu anu, sanajan mangrupa saurang prabu di karaton Pakuan Pajajaran (puseur dayeuh Karajaan Sunda, anu perenahna di wewengkon anu ayeuna jadi dayeuh Bogor), leuwih resep ngalakonan hirup jadi resi. Salaku resi, manéhna ngumbara mapay kabuyutan atawa puseur kaagamaan (Hindu) nu aya di Jawa jeung Bali. Anjeunna nyaritakeun yén pangumbaraanana téh dipaju dua kali. Samulangna ti Jawa, Bujangga Manik tatapa di hiji gunung di Tanah Sunda (bale geusan ngajadina) nepi ka pupusna.

Écés pisan, tina carita dina jero naskah kasebut, yén naskah Bujangga Manik asalna ti jaman saméméh Islam asup ka Tatar Sunda. Naskah kasebut henteu ngandung hiji ogé kecap-kecap anu asalna tina basa Arab. Disebutna Majapait, Malaka sarta Demak ngajadikeun urang bisa neguh yén naskah ieu ditulis dina ahir taun 1400-an atawa awal taun 1500-an. Lengkepna >>>

Saméméhna: Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Urangsunda.png

Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda. Lengkepna >>>

Saméméhna: Bujangga Manik · Getih · Glukosa · lianna...


Flag of the People's Republic of China.svg

Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014 mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya. Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT). Lengkepna >>>

Saméméhna: Papatong · Glukosa · Getih · lianna...


Roay anu digambarkeun ku Blanco
Roay disebut ogé kacang jawa atawa kekara (Phaseolus lunatus) nyaéta tangkal kacang tina kulawarga Fabaceae (Leguminosae). Di Indonésia Saméméhna ieu tangkal dipelak pikeun panutup taneuh atawa lahan sangkan henteu dipinuhan ku hama gulma, Hasil anu bisa dipanén tina kacang roay nyaéta sikina tina buah anu geus kolot, Sakapeung dipanén sikina dinamangsa gumading kénéh, ogé polongna nyaéta buah roay anu masih kénéh ngora mangsa sikina masih hipu, pucukna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun lalab.

Tangkal kacang anu hirupna ngarambat ieu di sababaraha daérah dipiwanoh ogé ku sebutan kacang roay (Sunda); kårå, kratok (Jawa); kratok, gribig (Madura); saru (Minahasa), jeung kacang beureum (Ptk). Di Malaysia malah katelahna kacang jawa, kacang cina, atawa kekara kratok; di Filipina sibatse simaron, patáni, zabache; di Thailand thua rachamat; jeung di Vietnam dâu ngu. Di tempat-tempat séjénna di Pulau Jawa ogé katelah kårå legi, kårå manis, atawa kårå bethik.

Salengkepna...


Djoeanda Kartawidjaja

Ir. H. R. Djoeanda Kartawidjaja (éjahan anyar: Juanda Kartawijaya) ngaranna dipikawanoh minangka Ir. H. Djuanda (gumelar di Tasikmalaya, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 14 Januari 1911 – tilar dunya di Jakarta, Indonésia, 7 Nopémber 1963 dina umur 52 taun) nyaéta Perdana Menteri Indonésia ka sapuluh. Pangdeudeul panggedéna dina mangsa jabatanna nyaéta Déklarasi Djuanda tanggal 13 Desember 1957. Dina Déklarasi éta disebutkeun yén laut Indonésia kaasup laut sabudeureunna, di antara, jeung di jero kapuloan Indonésia jadi hiji kasatuan wilayah NKRI atawa dipikawanoh ku sebutan nagara kapuloan dina konvénsi hukum laut United Nations Convention on Law of the Sea (UNCLOS).


Salengkepna...


Siberian Tiger by Malene Th.jpg
Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sakabéh ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro sorangan, mangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nyaéta dina raraga moro jeung pikeun ngarah kulit, sihung, jeung siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupa afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot antukna asup kana daptar spésiés nu kaancam punah. Lodaya mangrupa salah sahiji sato nu aya dina punclut ranté dahareun.

Salengkepna...


Garuda Pancasila

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi kira-kira 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia mangrupa nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu apnglobana sadunya, sanajan resmina, Indonésia sanés nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku wargina. Ibu kota Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia wawatesan jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta jeung Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota ti PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu pernah kaluar ti organisasi éta. Salian ti éta, Indonésia ogé mangrupa anggota ti ASEAN, APEC, OSI, G-20.


Salengkepna...


Sabaraha foto urang sunda

Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul.

Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.Lengkepna >>>

Saméméhna: Getih · Karajaan Sunda · Papatong · Glukosa · lianna...


Raksukan has séké Minangkabau di taun 1900-an
Minangkabau atawa nu sok disingget Minang nyaéta kelompok etnik Nusantara nu basana Minang jeung ngajungjung ageman Minangkabau. Wewengkon ageman kabudayaanna ngawengku Sumatera Barat, sabeulah ti Riau, bagéan kalér Bengkulu, bagéan kulon Jambi, bagéan kidul Sumatera Utara, barat daya Aceh, ogé Negeri Sembilan di Malaysia. Dina paguneman masarakat, urang Minang sok disebut orang Padang, nempo ka ngaran puseur dayeuh Sumatera Barat nya éta dayeuh Padang. Namung masarakat ieu biasana bakal nyebut kelompokna ku sebutan urang awak (maksudna sarua jeung urang Minang éta sorangan).

Nurutkeun A.A. Navis, Minangkabau leuwih ka kultur etnis ti salasahiji rungkun Malayu nu mekar jeung badag sabab sistim monarki, sarta ngagem sistim adat anu khas, anu dicirikeun ku sistim kakulawargaan ngaliwatan jalur awéwé atawa matrilineal, sanajan budayana ogé kacida kuat diwarnaan ku ageman agama Islam, sedengkeun Thomas Stamford Raffles,

Salengkepna...


Sundanese Grandma.jpg
Kabaya mangrupa baju awéwé nu leungeunna panjang, bagian handapna nepi ka puhu bitis, bagian hareupna dipanitihan, bagian luhur dilipet nepi ka jadi kerah kabaya Bandung anu surawé (lipetan kerah) nepi kana dada, bagian handapna anu di tukang mah pondok, sarta anu di hareupna panjang, kadua tungtung (kénca-katuhu bajuna ditalikeun sangkan nutupan bujal, dipaké ku awéwé nu digawé di sawah atawa di kebon. Kabaya Kartini anu contona surawé, pola nu digunakeun biasana nepi ka handap, bagian handap palebah tukang jeung hareup panjangna téh sarua (rata). Kabaya Kartini biasana maké tisi atawa hiasan saperti muté atawa karpatu, mimitina bagian beuheung anu ngaliwatan dada nepi ka bagian handap. Sapanjang bagian handapna dihiasan ku bola emas atawa nu sarupa jeung éta. Baju kabaya biasana dipaké jeung samping kebat, gelung, selop, atawa kelom geulis di mangsa nu heubeul, tapi dina kamekaranana mah maké selop anu jangkung atawa anu jéngké. Kabaya ayeuna bisa dipaké dina acara kawinan, utamana kabaya Bandung anu modélna buntung (leungeunna satengah).

Salengkepna...


CorsetLeonJulesRAINAL Freres13b.png
Kutang nyaéta sabangsaning baju jero nu dipakéna di jeroeun papakéan. Nu maké kutang téh awéwé sangkan cangkéng jadi lengkéh jeung pinareup katingali nyentreu beuneur. Ilaharna kutang dirarancang kalayan bentukna anu ngepas pikeun ngangkat pinareup sangkan teu rayud. Mimitina kutang dijieun pikeun pungsina anu tangtu, tapi lila-lila, kutang dieuyeuban ku desain anu matak ngirut. Ayeuna mah kutang téh geus ngésér maknana, lain kabutuhan papakéan deui tapi geus jadi fashion. Standar produsén jeung ukuran anu loba, ngabalukarkeun héséna manggihan kutang anu cocog. Pinareup awéwé, ukuran, jeung bentukna teu sarua, bisa barobah gumantung kana siklus ménstruasi, kakandungan, atawa beuratna awak. Balukarna 80% awéwé salah maké kutang alatan ukuran anu teu cocog, di antarana 70% awéwé maké kutang anu leutik teuing, 10% awéwé maké kutang anu gedé teuing.

Salengkepna...


> Arsip