Adriaan Walraven Holle

(dialihkeun ti A.W. Holle)

Adriaan (Adrianus) Walraven Holle (gumelar di Amsterdam, 25 Agustus 1832 – maot di Delft, 18 Maret 1871 dina umur 38 taun)[2][3] nyaéta saurang Administratur Pakebonan entéh Parakansalak anu diadegkeun ku Willem van der Hucht‎‎ satuluyna mah dipimilik ku Adriaan.[4] Aktip minangka administraturna ti taun 1857.[1]

Adriaan Walraven Holle
Adriaan Walraven Holle
GumelarAdrianus Walraven Holle
25 Agustus 1832
Amsterdam, Walanda
PagawéanAdministratur pakebonan entéh
Taun aktip1857-1883[1]
Dipikawanoh salaku/lantaranAdministratur pakebonan entéh Parakansalak
PasanganAlexandrine Albertine van der Hucht
AnakAlexander Albert Holle jeung Eleonore Adrienne Holle
Situs web
Willem van der Hucht

Kahirupan

édit
 
Adriaan Walraven Holle jeung anakna

Adriaan Walraven Holle gumelar di Amsterdam tanggal 25 Agustus taun 1832 ti papasangan Pieter Holle jeung Alexandrine Albertine van der Hucht.[3] Adriaan mangrupa katurunan ti dua kulawarga nyaéta kulawarga Holle jeung Van Der Hutch.[3] Boga dua urang lanceuk nyaéta Karel Frederik Holle jeung Herman Hendrik Holle.[5] Ari adi-adina nyaéta Albertus Holle, Pauline Wilhelmine Louise Holle, Wilhelm Holle, Carolina Frederica Holle sarta Albertine Alexandrine Denninghoff Stelling.[5] Taun 1871 Adriaan dikawin jeung Johanna Adriana Louise van Motman.[6] Tina pakawinanna éta, Adriaan dipaparin dua urang anak, nyaéta Alexander Albert Holle jeung Eléonore Adrienne Holle.[2] Adriaan maot di Delft, Zuid-Holland, Walanda tanggal 19 Pébruari 1879.[5]

Di Parakan Salak

édit

Adriaan Walraven Holle mimiti datang ka Hindia Walanda ti taun 1844 nalika umurna 12 taun.[4] Manéhna kaasup salah saurang ti kelompok lima anggota kulawarga, nyaéta kulawarga Van der Hucht, Kerkhoven, Holle jeung Van den Berg.[7] Ti mimiti datangna, Adriaan geus langsung dumuk di Parakansalak, hiji wewengkon anu nganjrek kurang leuwih 45 km béh kiduleun Bogor, ngampar ti sapanjang tutugan Gunung Salak.[4] Ari anu jadi pancénna nyaéta ngokolakeun hiji pausahaan entéh anu diadegkeun ku dulurna nyaéta Willem van der Hucht.[4] Ieu pausahaan entéh téh dikokola ku Adriaan Walraven Holle ampir saumur hirupna, mimitina mah jadi Administratur pikeun uwana Van der Hucht téa, kabéhdieunakeunna mah minangka administratur sarta ogé minangka pamilik ieu pausahaan.[4] Adriaan Walraven Holle, Karel Frederik Holle, Albertus Holle sarta alona Kerkhoven jeung Bosscha geus méré pangdeudeul anu kawilang gedé kana kumembangna budidaya entéh di wewengkon Parahyangan.[4] Ari anu dikembangkeunna lain komoditi entéh wungkul, tapina ogé jeung komoditi kina.[7]

Panulis Sunda

édit

Bareng jeung lanceukna Karel Frederik Holle, Adriaan miboga rasa kareueus jeung kanyaah kana budaya urang Sunda.[8] Mangsa medalna buku pangajaran munggaran anu ditulis ku basa Sunda nu judulna Kitab Pangadjaran Basa Soenda, nu ieu buku téh ditulis sarta dipedal ku pamaréntah Walanda taun 1948 nepi 1950.[8] Ieu buku dicitak lobana 1.490 citakan anu ngawengku 24 lambar, tumuluy dikirim ka Hindia Walanda bareng jeung buku pangajaran basa Jawa sarta basa Malayu minangka ajarkeuneun ka barudak sakola.[8] Ari Adriaan, manéhna jadi asistén pikeun lanceukna K.F. Holle dina nyusun buku bacaan nu judulna Tjarita koera-koera djeung monjet.[8] Ieu buku carita disusun ku K.F. Holle tina hasil rekaman caritaan aki-aki anu ditarjamahkeun kana basa Walanda, ditarjamahkeun deui kana basa Sunda sangkan mangrupa buku.[4][8] Tumuluy ieu buku dipedal ku pamedal pribadi Lange en Co di Batawi, anu saterusna ieu buku jadi séri munggaran pikeun generasi barudak sakola di Jawa Kulon.[8]

Naon baé ngeunaan kasundaan, pamedal Mr. Wilkens mercayakeunna ka K.F. Holle jeung Adriaan Holle anu geus katampa pikeun medalkeun sagalaning buku anu ditulis ku basa Sunda.[8] Nya spésialis kasundaan anu aya di wewengkon Parahyangan.[8] Ngabéwarakeun ogé yén dongéng Sunda anu geus dipedalkeunna ngahudang kana tumuwuhna kaum baca urang Sunda.[8] Bulan Oktober 1852 Holle sadulur ngajukeun deui pikeun medalkeun bacaan basa Sunda anu hadé sarta miadab, kapan masarakat harita di wewengkon Parahyangan acan pati euyeub buku bacaan anu hadé.[8]

Gamelan Sari Onéng Parakansalak

édit

Lian ti kareueusna kana kasundaan anu dibuktikeun ku nulis buku carita Sunda, Adriaan ogé kataji kana kasenian Sunda.[1] Salah sahiji kasenian nu dipikaresepna nyaéna seni musik, utamana gamelan.[1] Ari kamahéranana nyaéta dina maénkeun rebab, da sasat mun kulitna henteu bulé mah matak pada nyangka urang Sunda asli.[1] Gamelan nu dipiboga ku Adriaan dingaranan gamelan sari oneng, mimitina mah dipesen ku Adriaan kalawan nungtutan, gamelanna dipesen ti Sumedang ari ancakna (wadah) mah dipesen ti Thailand.[1] Samaktana Adriaan miboga lima sét gamelan.[1] Ku yasana éta, gamelan sari oneng ngalanglang ka miéling 100 taun paresmian Munara Eiffel taun 1889, sarta World Exhibitions 1893 di Chicago, Amérika Sarikat.[1] Ti saprak diangkut ngalanglang buana éta, gamelan sari oneng teu kungsi balik deui ka Sukabumi.[1] Dua sét gamelan sari oneng sarta puluhan nayaga jeung panari anu taun 1889 diangkut ku kapal laut ka Paris, Perancis téh éta mangrupa misi dagang anu dibuntel ku seni budaya kasundaan dina raraga aub kana paresmian munara Eiffel.[1] Antukna, sasét gamelan dipimilik ku musium musik di Perancis, sasét deui na mah balik ka Parakan Salak, Sukabumi ngan kiwari dititip sangkan dipulasara di Musium Prabu Geusan Ulun Sumedang.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k "Buku Persyaratan MPIG Teh Java Preanger". MPIG-TJP (Masyarakat Perlindungan Indikasi Geografis - Teh Java Preanger). 
  2. a b "Stamboom van Adrianus Walraven Holle - Website: Familie van Motman". UW Stamboom, Netherland. 
  3. a b c "Gezinsblad van Adriaan Walraven Holle". Humanitarisme, Netherland. 
  4. a b c d e f g "Indische Letteren. Jaargang 6". [tijdschrift] Indische Letteren. 
  5. a b c "Geni - Adrianus Walraven Holle (1832-1879)- Delft". Geni. 
  6. "Johanna Walraven Holle - Historical records and family trees - MyHeritage". MyHeritage. 
  7. a b "BESCHRIJVING VAN HET ARCHIEF" (PDF). Gahetna Netherland. 
  8. a b c d e f g h i j "Sundanese Print Culture and Modernity in Nineteenth-century West Java". Google Book.