Affandi Koesoema nyaéta saurang pelukis/anu mibanda kaahlian luarbiasa dina widang ngalukis tur kacida kamashur ku hasil karyana. mangrupa maestro atawa pamingpin dina widang Seni Lukis di Indonesia, ogé saurang Indonésia anu kakoncara nepika dunya Internasional, ku alatan cara/gaya jeung hasil ngalukisna ''ekspresionis'' jeung romantisme anu mibanda ciri mandiri[2].

Affandi Koesoema
GumelarAffandi Koesoema
1907
Citakan:Country data Belanda Cirebon, Jawa Barat, Hindia Belanda
Tilar dunya23 Mei 1990 (yuswa 82–83)
MonuménMuseum Affandi
Alma mater
Pagawéan
  • Guru
  • Puranh nyoehkeun karcis
  • Purah ngagambar reklame-reklame gedong bioskop di Bandung[1].
  • Komisi Perikemanusiaan, Konstituante.
Organisasi
Dipikawanoh salaku/lantaranPelukis ekspresionisme atawa abstrak
AgamaIslam
PasanganMaryati (Pamajikan anu kolot)
Rubiyem (anu ngora)
AnakKartika Affandi
Juki Affandi
KolotnaRadén Koesoema
KulawargaHelfy Dirix (cucu)
Anugrah
  • Piagam Anugerah Seni, Departemén Pendidikan jeung Kabudayaan, 1969.
  • Doktor Honoris Causa ti University of Singapore, 1974.
  • Dag Hammarskjöld, International Peace Prize (Florence, Italia, 1997).
  • Bintang Jasa Utama, tahun 1978.
  • Panelah Pelukis Ekspresionis Baru Indonesia ku Koran International Herald Tribune.
  • Gelar Grand Maestro di Florence, Italia.

Pedaran

édit

Bakat jeung kaparigelanna dina widang seni lukis leuwih punjul, ngéléhkeun pangaweruh widang séjénna dina prak-prakan hirup sapopoé, dalah ti kitu nya ku seni lukis ieu pisan anu mangrupa cukang lantaran nganteurkeun ngarana manéhna sajajar jeung inohong lian ti mancanagara.

Dina taun 1950-an anjeunna mindeng ngadon ngayakeun paméran tunggal (mintonkeun hasil ngalukisna) disababaraha nagara saperti: India, Inggris, Eropa, jeung Amerika Serikat. Jumlah gambar/lukisanna pohara loba geus leuwih ti dua rébu gambar/lukisan dina salila hirupna.

Lalakon hirup

édit

Affandi gumelar di Cirebon dina taun 1907, Ramana R. Koesoema, mangrupa saurang mantri ukur di pabrik gula anu aya di Ciledug, Cirebon[1]. Affandi kasebut saurang anu mibanda pendidikan formal anu kawilang luhur. Sahenteuna pikeun batur-batur sa entragana, manéhna asup sakola ka HIS, MULO, katut rengse sakola ti AMS, teu sagawayah jalma mangsa harita anu bisa meunang pendidikan anu sakitu luhurna.

Nincak umur 26 taun, nyaéta taun 1933, Affandi rimbitan jeung Maryati, saurang wanoja anu gumelar di Bogor[1]. Tina ieu rumah tangga Affandi jeung Maryati boga turunan budak awéwé anu dingaranan Kartika Affandi ieu pisan anu engkéna mibanda bakat ngalukis kawas bapana.

Saméméh ancrub kana ngalukis, Affandi saméméhna kungsi ngaguruan[3] heula disalah sahiji sakola, kungsi ogé digawé purah nyéhkeun karcis[3] jeung nyieun gambar réklame di hiji gedong bioskop anu aya di kota Bandung. Tapi ieu kabéh teu lila dilakonan ku lantaran Affandi mah leuwih kataji kana widang ngalukis[1].

Sajeroning taun 30-an, Affandi milu aub dina hiji paguyuban anu dingaranan Lima Bandung, taya lian paguyuban lima pelukis Bandung. saperti Hendra Gunawan, Barli, Sudarso, jeung Wahdi harita Affandi anu kapeto jadi pupuhuna. ka dituna ieu paguyuban anu mibanda pangaruh gedé dina raraga ngamajukeun tur mekarkeun seni rupa di Indonésia. Ieu paguyuban béda jeung ''Persatuan Ahli Gambar Indonesia'' (Persagi) mangsa taun 1938, anu mangrupa hiji wadah pikeun diajar babarengan jeung gawé bareng sasama tukang ngalukis.

Taun 1943, Affandi ngayakeun pameran tunggal / mintonkeun hasil karya manéhna kabéh anu munggaran, tempatna di gedong Poetera Djakarta anu mangsa harita keur lumangsung ngaranjahna tangtara Jepang di Indonésia[1][2].

Empat Serangkai—taya lian ti Ir. Soekarno, Drs. Mohammad Hatta, Ki Hajar Dewantara, jeung Kyai Haji Mas Mansyur—ilubiung sarta mupuhuan Seksi kabudayaan Poetera (Poesat Tenaga Rakyat). Affandi kapeto minangka tenaga pelaksana jeung S. Soedjojono minangka pananggung jawabna, anu langsung ngayakeun hubungan jeung Bung Karno[2]. thumb|left|280px|Poster propaganda Boeng, ajo, Boeng! karya Affandi, 1945

Nalika ieu republik diproklamasikeu dina taun 1945, loba tukang ngalukis anu ilubiung dina ngagambar Gerbong-gerbong karéta tur témbok-tembok sisi jalan jeung gedong, salah sahiji tulisan anu kawentar tur digambarkeun nyaéta "Merdeka atau mati!". Ieu kecap ogé anu dijieun kalimah panutup dina pidato-pidatona Bung Karno, Lahirnya Pancasila, 1 Juni 1945[1]. mangsa harita, Affandi meunang tugas nyieunan poster anu ideu na mah ti Soekarno taya lian ngagambarkeun hiji jalma anu diranté ngan ranténa geus pegat. Aya ogé anu dijadikeun conto/modél taya lian ti Dullah. Kecap-kecap anu ditulis dina éta poster ("Bung, ayo bung") anu mangrupa pangrojongan ti salah saurang penyair anu kasohor : Chairil Anwar. Beurang peuting ieu paguyuban ngalukis, ngagandakeun lukisan pikeun di kirimkeun ka daérah-daérah.

Bakatna dina ngalukis kacida pisan onjoyna[2], kungsi aya hiji kajadian anu matak mesem, hiji waktu Affandi meunang beasiswa pikeun kuliah ngalukis di Santiniketan, India, maksudna sangkan nambah pangaweruhna, taya lian di hiji akademi anu diluluguan ku Rabindranath Tagore. Saenggeus anjog ka India, Affandi kalahka ditolak ku éta sakola cenah ku lantaran manéhna dianggap geus henteu perlu deui atikan/pendidikan dina widang ngalukis. antukna éta waragad anu geus katarima tadina pikeun béasiswa téh tungtungna ngadon dipaké nguriling nagara (India) ngayakeun pameran/mintonkeuh hasil ngalukisna.

 
Keur mintonkeun gambarna di Paris taun 1953

Mulang ti India, Eropa, sajeroeun taun lima puluhan, Affandi dicalonkeun ku PKI pikeun wawakil jalma-jalma anu henteu mibanda partéy dina prakna milih Konstituante[3]. Kakocapkeun nya kapilih waé Affandi ogé Prof. Ir. Saloekoe Poerbodiningrat jeung anu séjéna, pikeun wawakil jalma-jalma anu henteu mibanda patéy, Numutkeun Basuki Resobowo ogé babaturana ngalukis, cenah Affandi mah ngan saukur cicing ngabetem, sakapeug mah kasaréan témpona sidang. Tapi mangsana sidang komisi, Affandi sok milu cumarita ngaluarkeun kamandangna. Manéhna asup kana komisi Perikemanusiaan (Meureun kiwari mah HAM) anu dululuguan ku Wikana, ogé mangrupa babaturan deuheusna Affandi saméméh kajadian revolusi[2]

Topik anu diangkat Affandi nyaéta ngeunaan perikebinatangan, lain perikemanusiaan teu wudu atuh ieu dianggap lulucon mangsa harita téh. Affandi mangrupa saurang pelukis anu handap asor mikaresep flora, fauna, jeung lingkungan sanajan hirup dijaman teknologi[4]. Mangsa Affandi ngangkat masalah 'Perikebinatangan' taun 1955, ku lantaran kasadaran masarakat kana lingkungan kacida kurangna[2]

Affandi ogé salah saurang pupuhu/pamingpin pusat Lekra (Lembaga Kebudayaan Rakyat), paguyuban budaya panggedéna anu dibubarkan ku rezim Suharto. Manéhna di bagéan seni rupa (Lembaga Seni Rupa) bareng reujeung Basuki Resobowo, Henk Ngantung, jeung sajabana[2].

Taun genepuluhan, gerakan anti ''imperialis'' AS keur sasalad di Vietnam pohara ceuyahna. ogé anti budaya AS anu katelah 'kebudayaan imperialis'. Film-film Amerika, diboikot di ieu nagara. Harita Affandi meunang uleman pikeun mintonkeun karyana di gedong USIS Jakarta.

Gambar:Affandi 1997 Indonésia stamp.jpg
Prangko gambar Affandi

Soksanajan geus ngalanglang buana, Affandi kawentar sederhana tur handap asor. Departemen Pariwisata Pos jeungTelekomunikasi (Deparpostel) ngabadikeun Affandi dina hiji prangko ani dikaluarkeun dina seri tokoh seni/artis Indonésia. numutkeun Helfy Dirix (incu pang kolotna Affandi) gambar anu dipaké dina prangko nyaéta lukisan self-portrait Affandi taun 1974, mangsa harita Affandi masih getol tur produktif ngalukis di muséum anu sakaligus imahna di sisi susukan Gajahwong Yogyakarta[5].

Affandi jeung ngalukis

édit

Salila hirupna, Affandi geus ngahasilkeun leuwih ti 2.000 lukisan. Karya-karyaanu dipintonkeun ka mancanagara[1][3] : di Asia, Eropa, Amerika kitu ogé Australia jadi puser perhatian anu nempo. Affandi meunang gelar Doktor Honoris Causa ti University of Singapore taun 1974, Affandi dina prakna ngagambar, leuwih remen merejelkeun cét tina wadahna tuluy éta cet dirarata ku ramona, nyampurkeun sababaraha kelir pikeun ngebrehkeun/mengekspresikan naon anu ditempo atawa dirasakeun mangsa keur ngagambar. Affandi dipiwanoh saurang pelukis anu nganut kana aliran ekspresionisme atawa abstrak. ku lantaran kitu mindeng lukisana teu matak pikahartieun batur komo deui anu awam dina jeroning seni lukis lamun seug henteu dipedar kumanéhna.

Nepika kolot, Affandi henteu mikaresep jeung henteu hayang nyaho kana teori-teori, manéhna kasohor pelukis anu teu resep maca. malahan dina pipikirana hurup-hurup anu laleutik jeung renyek kacida ngaganggu pamikiran jeung kudu dijauhan. Dina kahirupan sapopoéna manéhna ngalandih sorangan kusebutan pelukis anu kawas munding, lantaran manéhna ngarumasakeun bodo katotoloyo, Sanajan ti kitu Affandi tohtohan migawé naon anu geus jadi pilihan hirup jeung profesina nyaéta ngalukis. Dalah nepi kana mangsa Affandi jadi saurang maestro dina ngalukis manéhna tetep hirup handap asor sarta henteu overacting[2]

upamana waé, unggal manéhna ditanya kunaon ngalukis, dijawab kalawan énténg "Kuring ngalukis ku lantaran henteu bisa nyieun carita, kuring henteu pinter ngomong ku lantaran kitu basa anu dipaké kuring nya ku lukisan". Ngalukis dia pamikiran manéhna sarua jeung digawé, manéhna ngalukis kawas anu lapar nepika mangsana meunang pangajén/sebutan seniman pelukis, manéhna keukeuh nyebut kana dirina tukang gammbar. Sok sanajan ngalukis mangrupa pagawéan manéhna, tapi henteu disusuhun atawa leuwih luhur tempatna batan kapentingan kulawarga, cenah "Dimana budak kuring gering, kuring bakal eureun ngalukis" pikeun ngubaran heula budak[2].

Nepika maotna / dipundut kunu rahayu dicandak kunu kagungan dina bulan Méi taun 1990, manéhna angger ngaleukeunan pagawéanNa anu geus jadi bagéan dina hirupna sapopoé nyaéta ngalukis. Affandi dikurebkeun teu jauh tina wangunan musieumna[6].

Museum Affandi

édit

muséum pikeun nendeun sakabéh hasil lukisanna ogé mangrupa imahna tempat manéhna sapopoé, diwangun taun 1973 tur diresmikeun ku metri kabudayaan mangsa harita nyaéta Fuad Hassan, Presiden Soéharto jaeung Perdana Menteri Malaysia Dr. Mahathir Mohammad ogé kungsi nempo ka museumna dina taun 1988 mangsa harita éta inohong masih kénéh kumawasa[5][6].

Kiwari di jero muséumna aya kurang leuwin 1000 lukisan, 300-an leuwih mangrupa hasil ngalukis manéhna. Lukisan-lukisan beunang manéhna dipernahkeun di galeri -1 taya lian hiji hasil karya restropektif anu mibanda nilai sajarah ti mimiti manéhna ngalukis nepika pupusna, anu matak étamah henteu di jual[3][5][6]. Galeri ka-2 tempat neundeun lukisan-lukisan babaturana saperti Basuki Abdullah, Popo Iskandar, Hendra, Rusli, Fajar Sidik, jeung anu séjéna[3][5][6]. Galeri ka-3 mah pernahna parati neundeun lukisan-lukisan kulawargana anu diwangun dina taun 1997[3][5][6].

Pangajen (Panghargaan)

édit

Hasil karya-karya Affandi mémang istiméwa ku alatan ieu pisan manéhna meunang gelar, pangharggaan jeung landihan anu matak reueus anu datangna ti luar jeung jero Nagara. Tayalian ti Koran International ''Herald Tribune'' anu nyebut keun Affandi téh maestro pelukis Ekspressionis Indonesia. Aya deui [[Florence, Italia|Florence]], Italia Affandi dibéré gelar Grand Maestro. sok sanajan Affandi téh lain hiji-hijina pelukis anu kamashur di Indonésia, aya sababaraha ngaran anu henteu éléh sohorna saperti: Raden Saleh, Basuki Abdullah jeung anu laina[7].

Ampir sakabéh hirupna dipaké migawé profesina taya lian ti seni lukis teu wudu rupa-rupa panghargaan jeung hadiah anu katarima kawas hujan anu ngucur dina kahirupan. saperti dina taun 1977 manéhma meunang Hadiah Perdamaian ti International Dag Hammershjoeld. malahan Komite Pusat Diplomatic Academy of Peace PAX MUNDI di Castelo San Marzano, Florence, Italia oge netepkeun manéhna jadi anggahota Akademi Hak-Hak Asasi Manusia.

Panghargaan anu katarima ti nagara sorangan ogé henteu saeutik saperti, panghargaan "Bintang Jasa Utama" anu di pasrahkeun ku Pamaréntah Republik Indonesia dina taun 1978. Ogé ti mimiti taun 1986 manéhna di percaya ngajadi Anggota Dewan Penyantun ISI (Institut Seni Indonésia) di Yogyakarta. malahan jawara Penyair Angkatan 45 anu kasohor nyaéta Chairil Anwar ogé kungsi ngahadiahan ku hiji sajak anu husus dijieun keur manéhna anu judulna "Kepada Pelukis Affandi"[5].

Paméran

édit
  1. Museum of Modern Art (Rio de Janeiro, Brasil, 1966)
  2. East-West Center (Honolulu, 1988)
  3. Festival of Indonésia (AS, 1990-1992)
  4. Gate Foundation (Amsterdam, Belanda, 1993)
  5. Singapore Art Museum (1994)
  6. Centre for Strategic and International Studies (Jakarta, 1996)
  7. Indonesia-Japan Friendship Festival (Morioka, Tokyo, 1997)
  8. ASEAN Masterworks (Selangor, Kuala Lumpur, Malaysia, 1997-1998)
  9. Pameran keliling di berbagai kota di India.
  10. Pameran di Eropa al: London, Amsterdam, Brussels, Paris, Roma[5]
  11. Pameran di benua Amerika al: Brasilia, Venezia, São Paulo, Amerika Serikat
  12. Pameran di Australia
  13. Affandi Alive di Museum Lippo Plaza Jogja

Buku-buku anu aya patula-patali jeung Affandi

édit
  1. Buku kenang-kenangan tentang Affandi, Prix International Dag Hammarskjöld, 1976, 189 halaman. Ditulis dalam empat basa, yaitu Bahasa Inggris, Belanda, Perancis, dan Indonésia.
  2. Nugraha Sumaatmadja, buku tentang Affandi, Penerbitan Yayasan Kanisius, 1975
  3. Ajip Rosidi, Zaini, Sudarmadji, Affandi 70 Tahun, Dewan Kesenian Jakarta, 1978. Diterbitkan dalam rangka memperingati ulang taun ketujuh puluh.
  4. Raka Sumichan dan Umar Kayam, buku tentang Affandi, Yayasan Bina Lestari Budaya Jakarta, 1987, 222 halaman. Diterbitkan dalam rangka memperingati 80 taun Affandi, dalam dua basa, yakni Bahasa Inggris dan Indonésia.

Dicutat tina

édit

Tutumbu kaluar

édit