Abdullah Mustappa
Abdullah Mustappa (Garut, 18 Nov 1945) téh pangarang, wartawan, kolomnis, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia. Satutasna namatkeun SD di Garut, anjeunna pindah ka Bandung. Satamatna ti SMA tuluy digawé di lingkungan Departemén P & K, tuluy di pausahaan Swasta. Ku sabab minatna kana ngarang kacida gedéna, nya anjeunna ngahususkeun diri pikeun ngarang, boh fiksi boh non fiksi. Mimiti ngasuh dina majalah Fusi (1971), tuluy jadi koréspondén majalah Mimbar jeung Témpo (1972-1978), laju jadi rédaktur majalah Manglé, nepi ka jadi wakil Pamingpin rédaksi.
Abdullah Mustappa | |
---|---|
Abdullah Mustappa | |
Gumelar | 18 Novémber 1945 Garut |
Pagawéan | Pimpinan Redaktur Majalah Manglé (2011) |
Kabangsaan | Indonésia |
Génré | Carpon, Novel, Éséy |
Pasangan | Aam Amilia |
Taun 1986 anjeunna kaluar ti Manglé pikeun mingpin Penerbit Pustaka Karsa Sunda (1987-1988), sarta digawé jadi rédaktur di mingguan Galura, kalawarta basa Sunda. Nalika mingpin Pustaka Karsa Sunda, inyana mingpin ogé Katumbiri, nu medal sabulan sakali.
Dina basa Sunda Abdullah nulis carpon, sajak, artikel, sarta narjamahkeun. Bukuna nu geus medal antarana Lembur Singkur (1979), Nu teu Kungsi Kalisankeun (1985), Si Mata Heulang (salinan bébas tina Last of the Mohican karya F. Fenimore Cooper), Mikung (1985), Wirahma Sajak (1985), Sawidak Carita Pondok (antologi carita pondok Sunda disusun babarengan jeung Karno Kartadibrata jeung Duduh Durahman, 1982), Saratus Sajak Sunda: Pangbagéa Mie1ing 46 Taun Sajak Sunda, milih jeung jadi editor kumpulan carpon Aam Amilia Panggung Wayang (1992).
Kiwari Abdullah Mustappa sacara maneuh ngeusian rubrik Kaca Tilu dina Majalah Manglé.
Rujukan
édit- Ajip Rosidi, dkk (2000). Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya Sunda (Termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
- Abdullah Mustappa dina http://daluang.com/baca/isi/abdullah-mustappa Archived 2011-12-19 di Wayback Machine diaksés tanggal 8 Agustus 2011.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |