Samsoedi
Samsoedi (Bandung 1899-9 Méi 1987) nyaéta salah sahiji pangarang Indonésia munggaran anu ngahususkeun diri nulis carita-carita barudak.[1] Manéhna ogé tapis dina ngagambar jeung nyanggi lagu.[1] Satamatna ti Sakola Guru (1917), langsung dijenengkeun jadi guru bantu di Tangerang, meunang genep taun.[1] Waktu keur mancén tugas di dinya, Samsoedi sok milu ngabantu di Penjara Kanak-kanak Tangerang.[1] Taun 1923 dipindahkeun gawé ka Bandung.[1] Tujuh taun ti harita pindah deui ka Jakarta, lantaran pindah gawé jadi rédaktur Balé Pustaka tepi ka gubragna jaman pendudukan Jepang.[1]
Karya-karyana
éditKaryana anu munggaran, Carita Nyi Halimah, medal taun 1928.[1] Dua taun ti harita medal deui tilu bukuna, Carita Budak Teuneung, Carita Budak Minggat, jeung Carita Si Dirun.[1] Ditéma deui ku Jatining Sobat jeung Babalik Pikir anu medal taun 1931.[1]
Dina jaman sanggeus merdéka, Samsoedi ngarang dina basa Indonésia, Pasundan, taun 1949.[1] Ari karyana dina basa Sunda, Pangéran Dipanegara medal taun 1956.[1] Ti dinya pleng lila teu nulis-nulis kana likurna taun.[1]
Taun 1979, medal Kisah Syafe'i Sumarja dina basa Indonésia.[1] Saterusna dina taun 1980-an medal Minah dan Imron (1980) jeung Kisah Mandor Hutan (1983).[1] Ari anu dina basa Sunda nyaéta Si Bohim jeung Tukang Sulap (1980).[1]
Taun 1993, ngaran Samsoedi diabadikeun jadi ngaran hadiah pikeun buku bacaan barudak dina basa Sunda.[1]
Rujukan
édit
Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |