Saturnus (ᮞᮒᮥᮁᮔᮥᮞ᮪) atawa Juhal (ᮏᮥᮠᮜ᮪) atawa Tumpek (ᮒᮥᮙ᮪ᮕᮨᮊ᮪) nyaéta hiji planét anu perenahna di surya mandala di mana planét ieu kawentar minangka planét nu mibanda cingcin. Jarak Saturnus pohara jauh ti Panonpoé. Alatan éta pisan, Saturnus henteu pati caang katempo ti Bumi. Saturnus ngurilingan panonpoé dina waktu 29,46 taun. Saban 378 poé, Bumi, Saturnus, jeung Panonpoé baris aya dina hiji gurat lempeng. Sajaba muteran panonpoé, Saturnus ogé ngalakonan rotasi (muteran sumbuna sorangan) dina waktu anu pohara singket, nyaéta 13 jam 15 menit.

Saturnus / Juhal / Tumpek ♄
Karakteristik puteran (Epoch J2000)
Sumbu Semi-mayor 57.909.068 km
(0,38709821 AU)
'Kuriling puteran ??? Tm
( ??? AU)
Ékséntrisitas puteran 0,205 30294
Perihelion 46.001.210 km
(0,30749909 AU)
Aphelion 69.816.927 km
(0.46669733)
Période Sinodik 115.88
laju puteran rata-rata 47,87 km/s
Inklinasi 7.005015818°
(3,38° kana katulistiwa panonpoé)
Sudut garis lintang ti titik naék 348,739 36°
Argumén périapsis 114,207 83°
Satelit alami Heneuweuh
 
Ciri-ciri fisik
Rata-rata radius 2439,7 ± 1 km (0,3829 Bumi)
Sensitivitas <0.0006
Lega lemah 7.48×107 km2 (0.108 Bumi)
Volume 6,083×1010 [[km3]] (0,054 Bumi)
Massa 5,9736×1024 kg
Kapadetan 5,427 g/cm³
Gravitasi katulistiwa 3,7 m/s²
(0,38 gee)
Laju leupas 4,25 km/s
Poé sideris 58 hari 15,5 jam
Laju muter 10,892 km/h = 465,11 m/s
(di katulistiwa)
Kemiringan Sumbu 0,01°
Kenaikan kanan
dari kutub utara
281,01° (18 j 44 men 2 s)
Deklinasi 61,45°
Albedo 0.119
suhu Permukaan
- min
- rata-rata
- maks

??? K
???
??? K
 
Kandungan udara

Saturnus mibanda karapetan anu leutik alatan lolobana zat nu nyusunna mangrupa gas sarta cacai. Inti Saturnus ditorah kawangun ku batuan nu padet. Atmosfir Saturnus kasusun ku gas amonia jeung métana. Hal ieu tangtu henteu ngamungkinkeun ayana kahirupan di Saturnus.

Cingcin (lélépén) Saturnus pohara unik. Aya rébuan lélépén anu ngalingkung planét ieu. Bahan nu ngabentuk lélépén ieu masih tacan kapaluruh. Para élmuwan boga pamadegan, yén lélépén éta mustahil dijieun ku lémpéngan nu padet alatan baris ancur ku gaya séntrifugal. Tapi, mustahil ogé dijieun ku zat nu éncér alatan gaya séntrifugal baris ngabalukarkeun timbulna lambak. Jadi, sajauh ieu, ditorah yén anu pangmungkinna nu nyusun lélépén éta téh gundukan-gundukan es météorit.

Nepi ka taun 2006, Saturnus dipikanyaho mibanda 56 satelit alami. Tujuh di antarana cukup badag. Maranéhanana nyaéta Mimas, Enceladus, Tethys, Dione, Rhea, Titan (Satelit pangbadagna kalayan ukuran leuwih badag ti planét Merkurius), sarta Iapetus.

Wangun fisik

édit
 
Ukuran Saturnus dibandingkeun jeung Bumi.

Saturnus mibanda wangun anu dempak di beulah kutub, sarta melendung di sabudeureun khatulistiwa. Diaméter katulistiwa Saturnus panjangna 120.536 km (74.867 mil) di mana diaméter ti Kutub Kalér ka Kutub Kidul sajauh 108.728 km (67.535 mil). Wangun anu dempak ieu dilantarankeun ku rotasina anu pohara gancang, muter saban 10 jam 14 menit waktu Bumi. Saturnus nyaéta hiji-hijina Planét di surya mandala anu massa jinisna leuwih hampang batan cai. Sanajan inti Saturnus mibanda massa jinis anu leuwih beurat batan cai, planét ieu mibanda atmosfir anu ngandung gas, ku kituna massa jinis relatif planét ngan 0.69 g/cm³ (leuwih hampang batan cai), minangka hasilna, lamun Saturnus diteundeun di luhureun balong anu pinuh ku cai, Saturnus baris ngambang.

Atmosfer

édit
 
Awan héksagonal kutub kalér anu munggaran kawénéhan ku Voyager 1 sarta tungtungna dipastikeun ku Cassini.

Komposisi

édit

Bagian luar atmosfir Saturnus dijieun tina 96.7% hidrogén sarta 3% hélium, 0.2% métana sarta 0.02% amonia. Dina atmosfir Saturnus ogé aya saeutik kandungan asetiléna, étana sarta fosfin.Saturn. MIRA. Retrieved on July 29, 2007

Awan Saturnus, kawas Yupiter, muter kalawan laju anu béda-béda gumantung kana perenah garis lintangna. Henteu kawas Yupiter, awan Saturnus leuwih poék sarta awan Saturnus leuwih rubak di katulistiwa. Awan Saturnus nu panghandapna dijieun tina cai és, sarta kalawan kandel kira-kira 10 kilométer. {{Suhu]] Saturnus cukup tiit, kalawan suhu 250 K (-10°F, -23°C). Awan di saluhureunana mibanda kandel 50 kilométer, dijieun tina és amonium hidrogénsulfida (simbol kimia: NH4HS), sarta di luhureun awan kasebut aya awan és amonia kalawan kandel 80 kilométer. Bagian pangluhurna dijieun tina gas hidrogén sarta hélium, di mana kandelna kira-kira 200 sarta 270 kilométer. Aurora ogé dipikanyaho kabentuk ku mésosfir Saturnus. Suhu dina awan bagian luhur Saturnus pohara tiis, nyaéta satiis 98 K (-283 °F, -175 °C). Suhu dina awan bagian handap Saturnus leuwih panas batan anu di luar alatan panas anu dihasilkeun di bagian jero Saturn. Spinrad, Hyron. (2004). Saturn Archived 2010-12-29 di Wayback Machine. National Aeronautics and Space Administration. Retrieved on July 29, 2007 Angin Saturnus mangrupa salah sahiji ti angin panggancangna di Surya Mandala, ngahontal kecepatan 500 m/s (1.800 km/h, 1.118 mph),Hamilton, Calvin J. (1997). Voyager Saturn Science Summary. Retrieved on July 5, 2007. anu laér leuwih gancang batan angin anu aya di Bumi.

Pesawat jomantara Voyager 1 manggihan awan héksagonal deukeut kutub kalér Saturnus kira-kira dina garis bujur 78° beulah kalér. Cassini-huygens negeskeun hal ieu taun 2006. Henteu kawas kutub kalér, kutub kidul henteu némbongkeun wangun awan héksagonal sarta anu narik ati, Cassini manggihan angin puyuh jiga siklon tropis nu kakonci di kutub kidul kalawan dingding panon anu écés. Panimuan ieu jadi catetan alatan euweuh planét séjén kajaba Bumi di surya mandala anu mibanda dingding panon.

Inti Planét

édit

Inti Planét Saturnus sarua jeung inti planét Yupiter. Planét ieu mibanda inti planét di puseurna sarta pohara panas, suhuna ngahontal 15.000 K (26.540 °F, 14.730 °C). Inti Planét Saturnus pohara panas sarta mancarkeun panas kira-kira 21/2 kali leuwih rongkah batan jumlah énergi anu ditarima Saturnus ti Panonpoé. Inti Planét Saturnus sarua badagna jeung Bumi, tapi jumlah massa jinisna leuwih badag. Di luhur inti Saturnus aya bagian anu leuwih ipis anu mangrupa hidrogén métalik, kira-kira 30.000 km (18.600 mil). Di luhureun bagian kasebut aya wewengkon cacai hidrogén sarta hélium.Saturn. National Maritime Musieum. (2007). Retrieved on July 29, 2007. Inti planét Saturnus téh beurat, kalawan massa kira-kira 9 nepi ka 22 kali leuwih beurat batan massa inti Bumi.Fortney, Jonathan J. (2004). "Looking into the Giant Planets". Science 305 (5689): 1414-1415. Retrieved on April 30, 2007.

Medan gaya

édit

Saturnus mibanda médan gaya alami anu leuwih leutik batan Yupiter. Médan gaya Saturnus unik alatan sumbuna simétris, henteu kawas planét séjénna. Saturnus ngahasilkeun gelombang radio, ngan leutik teuing pikeun kawénéhan ti Bumi. Bulan boga Saturnus, Titan nguriling di bagian luar médan gaya Saturnus sarta muncratkeun plasma ka wewengkon atmosfir Titan anu anu diionisasi.Russell, C. T.; Luhmann, J. G. (1997). Saturn: Magnetic Field and Magnetosphere Archived 2019-01-19 di Wayback Machine. UCLA - IGPP Space Physics Center. Retrieved on July 29, 2007.

Rotasi jeung orbit

édit
 
Animasi awan héksagonal Saturnus.

Jarak antara Panonpoé jeung Saturnus leuwih ti 1.4 milyar km, kira-kira 9 kali jarak antara Bumi jeung Panonpoé. Perlu waktu 29,46 taun Bumi pikeun Saturnus ngurilingan (ngorbit) Panonpoé anu dipikanyaho kalawan ngaran période orbit Saturnus. Saturnus mibanda période rotasi salila 10 jam 14 menit waktu Bumi. Tapi, Saturnus henteu ngalakonan rotasi anu konstan. Période rotasi Saturnus gumantung kana laju rotasi gelombang radio anu dikaluarkeun ku Saturnus. Pasawat jomantara Cassini-huygens manggihan yén pancaran radio ngalaunan, sarta période rotasi Saturnus ngaronjat naék. Henteu dipikanyaho hal naon anu ngabalukarkeun gelombang radio ieu ngalaunan.

Lélépén Saturnus

édit

Saturnus kawentar alatan lélépén nu aya di planétna, anu jadi salah sahiji obyék nu bisa katempo pangahéngna dina sistem surya mandala.

Sajarah

édit

Lélépén éta munggaran katempo ku Galileo Galilei dina taun 1610 ku cara noong maké teleskop. Manéhna saterusna nulis ka adipati Toscana yén "Saturnus henteu sosorangan, tapi diwangun ku tilu objék anu ampir paantel sarta henteu usik. Dina taun 1612 sudut lélépén nyanghareup pas kana bumi sarta lélépén kasebut teu katempo, sarta saterusna dina taun 1613 lélépén éta mecenghul deui, anu ngabalukarkeun Galiléo katalimbeng.

Masalah lélépén éta masih jadi kapanasaran, ku kituna dina taun 1655 Christian Huygens, noong Saturnus ngagunakeun teleskop anu leuwih kuat daya tempona batan teleskop anu dipaké ku Galiléo.

Dina taun 1675 Giovanni Domenico Cassini nyindekkeun yén lélépén Saturnus sabenerna diwangun ku rupa-rupa lélépén anu leuwih leutik sarta aya rohang antara maranéhanana, bagian pangbadagna dingaranan Divisi Cassini.

Dina taun 1859, James Clerk Maxwell mintonkeun yén lélépén kasebut henteu padet, tapi dijieun tina partikel-partikel leutik, anu masing-masing ngurilingan Saturnus, sarta lamun henteu ngurilingan planét kasebut, lélépén éta baris henteu stabil atawa papisah.James Clerk Maxwell on the nature of Saturn's rings. Retrieved on July 6, 2007. James Keeler ngulik lélépén éta ngagunakeun spéktrométer dina taun 1895 anu ngabuktikeun yén téori Maxwell bener.

Wangun fisik lélépén Saturnus

édit
 
Saturnus anu katémbong ti pesawat jomantara Cassini warsih 2007.

Lélépén Saturnus bisa ditoong ngagunakeun teleskop modéren nu daya toongna basajan atawa nu kuat. Lélépén ieu ngampar 6.630 km nepi ka 120.700 km di luhureun hatulistiwa Saturnus, sarta diwangun ku babatuan silikon dioksida, oksida beusi, sarta partikel és jeung batu. Aya dua téori ngeunaan asal lélépén Saturnus. Téori kahiji diusulkeun ku Édouard Roche dina abad ka-19, nganyatakeun yén lélépén kasebut mangrupa ruruntuk bulan Saturnus anu orbitna deukeut pisan jeung Saturnus antukna peupeus alatan kakuatan pasang surut. Kaol ti téori ieu nyaéta bulan kasebut peupeus alatan tubrukan jeung komét atawa asteroid. Téori kadua nganyatakeun lélépén kasebut asalna lain tina bulan Saturnus nu ancur, tapi titilar nébula nu ngawangun Saturnus. Téori ieu henteu ditarima mangsa kiwari disababkeun lélépén Saturnus dianggap henteu setabil lamun ngaliwatan période salila jutaan taun, sarta dianggap kakara kabentuk.

Wahana angkasa Voyagers bisa nempo lélépén kasebut miboga struktur seni anu diwangun ku rébuan bagian nu leuwih leutik. Struktur ieu dipercaya kabentuk alatan tarikan gravitasi bulan-bulan Saturnus ngaliwatan sagala rupa cara. Sawaréh bagian dihasilkeun alatan bulan leutik anu ngaliwat kawas Pan, sarta réa deui bagian anu tacan kapanggih, samentara sawaréh lélépén leutik katahan ku médan gravitas satelit leutik kawas Prometheus jeung Pandora. Bagian séjén kabentuk alatan résonansi antara période orbit partikel di sawatara bagian jeung bulan anu leuwih badag anu perenahna leuwih laér.

Bulan

édit
 
Titan, salah sahiji satelit boga Saturnus

Saturnus mibanda 59 bulan, 48 di antarana mibanda ngaran. salah sahiji tina bulan pangbadagna nyaéta Titan, leuwih badag ti planét Merkurius sarta hiji-hijina bulan di atmosfir anu mibanda atmosfir anu kandel.

Pangimeutan

édit

Pangimeutan dina jaman kuna

édit

Saturnus geus dipikanyaho saprak jaman prasejarah.Citakan:Cite ramat Dina jaman kuna, planét ieu téh mangrupa planét panglaérna ti antara 5 planét anu dipikanyaho di surya mandala (kaasup Bumi) sarta dianggap sipat utama dina rupa-rupa mitologi. Dina mitologi Kakaisaran Romawi, Déwa Saturnus nyaéta déwa tatanén jeung panén. Bangsa Romawi nganggap Saturnus sarua jeung Déwa Yunani Kronos. James Evans (1998). The History and Practice of Ancient Astronomy. Oxford University Press. pp. 296–7. .

Dina astrologi Hindu, aya 9 planét nu mana Surya Mandala dipikanyaho kalawan ngaran Navagraha. Saturnus, salah sahiji ti maranéhanana, dipikanyaho kalawan ngaran "Sani" atawa "Shani," hakim ti sakabéh Planét, sarta nangtukeun sakumnana lampah boh goréng boh alus anu dipigawe ku maranéhanana.Citakan:Cite ramat Kabudayaan Tiongkok jeung Jepang kuna nyirian Saturnus minangka béntang Bumi (土星). Hal ieu dumasar kana 5 unsur anu sacara tradisional dipaké pikeun ngagolongkeun unsur alami. Urang Ibrani kuna nyebut Saturnus kalawan ngaran "Shabbathai". Malaékatna nyaéta Cassiel. Kapinterna, atawa jiwa méré mangpaat, nyaéta Agiel (layga), sarta jiwana (jiwa poék) nyaéta Zazel (lzaz). Urang Turki Usmania jeung urang Malayu méré ngaran "Zuhal", nu asalna tina basa Arab زحل.

Pikeun nempo lélépén Saturnus diperlukeun saeutikna teleskop kalawan diaméter 75 mm. Galiléo kungsi katalimbeng ku lélépén Saturnus sarta mikir yén Saturnus ceulian. Christian Huygens ngagunakeun teleskop kalawan daya toong anu leuwih badag sarta manéhna manggihan yén lélépén éta téh lélépén Saturnus. Huygens ogé manggihan bulan milik Saturnus, Titan. Henteu lila ti harita, Giovanni Domenico Cassini manggihan 4 bulan séjénna, Iapetus, Rhea, Tethys jeung Dione. Dina taun 1675, Cassini ogé manggihan rorongkrang anu disebut divisi Cassini.Citakan:Cite ramat

Saprak harita, euweuh timuan deui nepi ka taun 1789 sabot William Herschel manggihan 2 bulan lianna, Mimas jeung Enceladus. Bulan Hyperion, anu mibanda résonansi orbit babarengan Titan, kapanggih dina taun 1848 ku tim ti Britania Raya.

Dina taun 1899, William Henry Pickering manggihan satelit Phoebe. Panalungtikan dina abad ka-20, negeskeun yén Titan mibanda atmosfer anu kandel, di mana Titan jadi bulan anu unik di antara bulan di Surya Mandala séjénna.

Pioneer 11

édit

Saturnus didatangan ku Pioneer 11 dina bulan Séptember taun 1979. Pioner 11 ngalayang 20.000 kilométer ti awan Saturnus bagian luar. Dihasilkeun gambar Saturnus sarta sawatara bulanana kalawan résolusi nu leutik. Resolusi gambar kasebut henteu alus pikeun nempo sipat pabeungeutan planét kasebut. Pasawat angkasa ogé nalungtik lélépén Saturnus, di antara timuan-timuanana, aya cincin-f sarta fakta yén lolongkrang hideung dina lélépén nu caang lamun ditempo ka arah panonpoé, dina kalimah séjén, maranéhanana lain material kosong. Pioneer 11 ogé ngukur suhu Titan.Citakan:Cite ramat

Voyager

édit

Dina bulan Nopémber taun 1980, Voyager 1 ngadatangan Saturnus. Pasawat angkasa ieu ngirim gambar Planét Saturnus, lélépén jeung satelitna dina resolusi nu alus. Munggaran ditalungtik sipat pabeungeutan rupa-rupa bulanna. Voyager 1 ngalayang deukeut Titan, sarta ngaronjatkeun pangaweruh manusa ngeunaan Titan, sajaba ti éta, Voyager 1 ogé ngabuktikeun yén atmosfir Titan henteu bisa diliwatan ku panjang gelombang cahaya, ku kituna, euweuh wincikan ngeunaan pabeungeutan Titan.Citakan:Cite ramat

Sataun satuluyna, dina bulan August taun 1981, Voyager 2 neruskeun panalungtikan Saturnus. Leuwih réa dihasilkeun poto bulan-bulan Saturnus nu dicokot dina jarak deukeut. Tapi apes, mangsa ngalayang, kaméra satelit nyangked pikeun sawatara poé. Gravitasi Saturnus dipaké pikeun ngarahkeun arah pasawat angkasa luar kasebut nuju ka arah Uranus.

Satelit kasebut manggihan sarta ngécéskeun sawatara satelit anyar anu nguriling deukeut lélépén Saturnus. Maranéhanana ogé manggihan lolongkrang leutik Maxwell jeung Keeler (lolongkrang nu legana 42 km dina lélépén Saturnus).

Cassini

édit
 
Gambaran Cassini anu keur ngurilingan Saturnus beunang nyieun seniman.

Dina tanggal 1 Juli 2004, pasawat angkasa luar Cassini–Huygens ngalakonan manuver SOI (Saturn Orbit Insertion) sarta ngasupan orbit Saturnus. Saméméh SOI, Cassini geus ngulik sistem ieu. Dina bulan Juni taun 2004, Cassini geus kakalayangan deukeut Phoebe, sarta méré data jeung gambar kalawan resolusi nu alus.

Lalampahan Cassini ka bulan pangbadagna Titan hasil meunangkeun gambar talaga badag jeung basisir sarta sawatara pulo jeung pagunungan. Cassini ngabéréskeun 2 kali lalampahan ka Titan saméméh ngaluarkeun satelit Huygens dina tanggal 25 Désémber 2004. Huygens turun ka beungeut Titan dina tanggal 14 Januari 2005, ngirim data salila turun ka atmosfir sarta mangsa badarat. Salila taun 2005, Cassini ngalakonan sawatara lalampahan ka Titan jeung satelit anu ngandung és. Lalampahan Cassini ka Titan anu pamungkas dijadwalkan dina tanggal 19 Juli 2007.

Saprak awal taun 2005, élmuan geus nalungtik guludug di Saturnus, anu kapanggih ku Cassini. Kakuatan guludug di Saturnus ditorah 1000 kali leuwih badag batan guludug di Bumi. Para élmuan percaya yén guludug ieu téh guludug pangkuatna anu kungsi katémbong.Citakan:Cite ramat

Dina tanggal 10 Maret 2006, NASA ngalaporkeun yén, ngaliwatan gambar, satelit Cassini manggihan fakta-fakta ngeunaan cai anu muncrat dina geiser di salah sahiji bulan Saturnus, Enceladus. Gambar kasebut ogé mintonkeun partikel cai kasebut dipancarkeun ogé tina és. Nurutkeun Dr. Andrew Ingersoll ti Institut Téknologi California, "Bulan séjénna di surya mandala ngabogaan sagara cai anu katutup ku és. Bédana jeung di bumi, di dieu cairan cai moal leuwih ti 10 méter sahandapeun beungeut bulan."Citakan:Cite ramat

Dina tanggal 20 Séptember 2006, hiji poto ti satelit Cassini nimu lélépén Saturnus anu tacan kapanggih, di luar lélépén utama Saturnus anu leuwih caang sarta dina jero lélépén G jeung E. Lélépén ieu mangrupa hasil tina tabrakan météor jeung 2 bulan Saturnus.Citakan:Cite ramat

Dina bulan Juli taun 2006, Cassini nimu bukti munggaran ayana talaga hidrokarbon deukeut kutub kalér Titan, anu dikonfirmasi dina bulan Januari taun 2007. Dina bulan Maret taun 2007, sawatara gambar mintonkeun yén deukeut kutub kalér Titan aya "lautan" hidrokarbon, anu pangbadagna di mana legana ampir salega Laut Kaspia.Citakan:Cite ramat

Dina taun 2006, satelit éta geus nimu sarta negeskeun 4 satelit anyar. Misi utama satelit ieu lekasan taun 2008 sabot pasawat luar angkasa ieu ngabéréskeun 74 misi ngurilingan orbit di sabudeureun planét.

Penglihatan pangalusna

édit
Gambar:Saturnoppositions.png
Posisi-posisi Saturnus: 2001–2029

Saturnus nyaéta planét panglaérna ti 5 planét anu panggampangna ditempo jeung panon buligir, sarta 4 planét séjénna nyaéta Merkurius, Venus, Mars, sarta Yupiter (Uranus sarta 4 Vesta katémbong jeung panon buligir sabot langit gelap), sarta planét pamungkas anu dipikanyaho ku astronom mimiti nepi ka Uranus kapanggih taun1781. Saturnus mecenghul dina penglihatan panon buligir dina waktu langit peuting minangka titik caang sarta boga warna konéng. Bantuan optik (teleskop) digedéan sahenteuna 20X diperlukeun pikeun nempo lélépén Saturnus pikeun réa jelema. Citakan:Cite ramat

Saturnus jadi udagan observasi sabot katémbong di langit, Saturnus sarta lélépénna pangalusna ditempo sabot planét éta aya dina posisi nu tangtu. Dina posisi tanggal 13 Januari 2005, Saturnus mecenghul pangcaangna nepi ka taun2031 baris leuwih caang, utamana alatan orientasi anu alus ti Bumi.Citakan:Cite ramat

Daptar pustaka

édit
  • Karttunen, H.; Kröger, P. et al. (2007). Fundaméntal Astronomy. New York: Springer, 5th edition. ISBN 3-540-34143-9. 
  • Lovett, L.; Horvath, J.; Cuzzi, J. (2006). Saturn: A New View. New York: Harry N. Abrams, Inc. ISBN 0-8109-3090-0. 
  • Surya, Yohanes. Fisika éta Gampang. Jakarta: Grafindo, Erlangga. 

Tumbu luar

édit
 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

manéhna:Saturno (planeta)