Wikipedia:Gambar petingan/Daptar Gambar petingan 2009
Daptar Gambar petingan nu kapilih dina taun 2009:
Citakan:Gambar petingan/1 2009
Tabung vakum RCA ’808’.
Sumber: Wikimedia Commons
Pamaén akordéon lolong di Patzcuaro, Michoacán, México, ngingetkeun urang ka prepantun/pamantun di Tatar Sunda anu loba di antarana nu lolong.
Sumber: Wikimedia Commons
Kristal bismut, 61,715 gram. Dipoto maké Nikon D40x, AF-S Micro NIKKOR 60mm 1:2.8G ED
Sumber: Wikimedia Commons
Kakteus Carnegiea gigantea di tegalan Sonora, Méksiko.
Sumber: Wikimedia Commons
Tetempoan 'panon manuk' (bird's eye view) Manhattan jeung Kota New York taun 1873 karya George Schlegel.
Sumber: Wikimedia Commons
Lodaya keur ulin dina cai, teu galib di antara bangsa ucing anu 'anti' cai.
Sumber: Wikimedia Commons
'The Spit', Pulo Bruny, Tasmania, Australia.
Sumber: Wikimedia Commons
Potongan kai ti jaman 230 yuta taun kaliwat (yuga Triasik tungtung) nu geus ngabatu (jadi fosil) ti Arizona. Mun gambarna dibadagkeun, bisa katingali celah-celah (gérékan) urut liang serangga.
Sumber: Wikimedia Commons
Rupa-rupa bonéka tina bubur kertas di Masar Guanajuato, Méksiko. Pola jeung kelir nu warna-warni tur kadang pajeulit téh ciri seni tradisional bangsa Méksiko. Ieu téh tumali jeung alam pikiranana sabudeureun sihir, pati, jeung alam hayalna.
Sumber: Wikimedia Commons
Lukisan 'Kishū kumano iwatake tori' (Mupu su'ung Iwataké di Kumano, Kishu), tina Shokoku meisho hyakkei ("Saratus gambar petingan ngeunaan Jepang") dina Hiroshige II.
Sumber: Wikimedia Commons/Library of Congress
Neutrofil ngalegleg baktéri antraks. Mikrograf karya Volker Brinkmann migunakeun mikroskop éléktron pindai Leo 1550. Disalin ti PLoS Pathogens Vol. 1(3) Nopémber 2005. Gurat skala nunjukkeun panjang 5 mikrométer.
Sumber: Wikimedia Commons/PLoS
Su'ung Amanita muscaria tumuwuh dina dasar leuweung Pinus radiata di Wellington, Selandia Anyar.
Sumber: Wikimedia Commons
Poto munara Masjid Raya Sabah di Kota Kinabalu, Malaysia (Kalimantan), nu jadi sayang kapinis (Collocalia dodgei).
Sumber: Wikimedia Commons
Animasi pendulum Foucault nu némbongkeun pola rotasi di Hémisfér Kidul.
Sumber: Wikimedia Commons
"Spiral Kala Géologi: hiji jalan ka bihari", poster kaluaran U.S. Geological Survey.
Sumber: Wikimedia Commons
Belut Moray boga dua pasang rahang: (1) 'rahang baham' nu ngahuap mangsa jeung (2) 'rahang tikoro' (pharyngeal jaws, sarupa jeung rahang monster dina film "Alien") nu kaluar tina sungut pikeun ngégél jeung neureuy mangsa ka jero tikoro.
Sumber: Wikimedia Commons
Aligator Amérika (Alligator mississippiensis) keur calangap, Collier, Florida.
Sumber: Wikimedia Commons
Candi Jiwa, salah sahiji candi di situs Batujaya, Karawang, titinggal kaadaban Buda di Tatar Sunda. Pamariksaan radioaktif karbon dina bata nu ngawangun ieu candi nunjukkeun yén ieu candi diwangun kira abad ka-7, sahingga meupeuskeun kayakinan salila ieu yén wangunan tina bata mah téhnologi sanggeus téhnologi wangunan batu.
Sumber: Wikimedia Commons
Dayeuh Brooklyn, New York. Peta karya Currier & Ives, 1879.
Sumber: Wikimedia Commons
Curug Niagara, wates antara New York (AS) jeung Ontario (Kanada).
Sumber: Wikimedia Commons
Léngkob Göreme di Cappadocia, hiji wewengkon di tengah Turki nu kawentar ku ayana Taman Nasional Göreme (diasupkeun kana Béréndélan Warisan Dunia UNESCO. Pangeusi ieu léngkob geus aya ti jaman Kristen Romawi, kawentar ku formasi cadas songsong nu jangkungna nepi ka 40 méter. Salila rébuan taun, hujan jeung angin nyapu lapisan lebu vulkanik, sahingga ngabentuk lansekap nyorodoy. Ti abad ka-4 nepi ka-13, warga Göreme ngawangun torowongan nepi ka cadas nu ngajungkiring pikeun paimahan, warung, jeung garéja, cicirén seni Bizantin.
Sumber: Wikimedia Commons
'El Gouna' (Laut Beureum, Mesir): 'Imah Kuya' (Turtle House) karya arsiték jeung desainer Jérman Kurt Völtzke (Atelier Color, Chemnitz) (www.turtle-guest-house.com; www.atelier-color.de)
Sumber: Wikimedia Commons
Wanci meleték sarangéngé di kotakan alami (tessellated pavement) Eaglehawk Neck, Tanjung Tasman, Tasmania, Australia. Sumber: Wikimedia Commons
'Kebon' turbin kincir angin jeung sutet di deukeut Rye, Sussex Wétan, Inggris. Sumber: Wikimedia Commons
Légé Cetonia aurata héjo métalik (bisa ogé coklat, hawuk, bungur, atawa biru/hideung) nu panjang awakna 20 mm, nu boga ciri skutélum bentuk V (widang segi tilu antara dua tutup jangjang handapeun toraks. Ieu gambar minangka kompilasi/gabungan runtuyan sababaraha gambar pas ieu serangga mimiti hiber. Sumber: Wikimedia Commons
Animasi gambaran cara gawé mesin kaput, migunakeun métodeu lockstitch. Sumber: Wikimedia Commons
Kristal unsur kimia bismut nu dijieun sacara sintétik. Bagian luarna ngalaman oksidasi, ngahasilkeun warna nu gonta-ganti tina pendaran cahya nu ngaliwat ka jero kristal. Sumber: Wikimedia Commons
Gunung Matterhorn dipoto tina karéta listrik nu keur maju ka Gornergrat.
Sumber: Wikimedia Commons
Bangkong korodok (Bufo bufo) di Ukraina, conto kamuflaseu pikeun 'nyumput buni di nu caang'.
Sumber: Wikimedia Commons
Meleték srangéngé di Basisir Fortesque, Tanjung Tasman, Tasmania, Australia.
Sumber: Wikimedia Commons
Rékaan seniman pikeun 'Mars Exploration Rover'.
Sumber: Wikimedia Commons
Animasi nu némbongkeun cara gawé Mékanismeu Jenéwa genep posisi.
Sumber: Wikimedia Commons
Gambar pikeun "The Man That Pleased None" ("Manusa Moal Bisa Nyugemakeun Sakabéh Jalma") dina Baby's Own Aesop, édisi barudak tina carita-carita Aesop[1].
Sumber: Wikimedia Commons
Kristal pérak murni (>99,95%), dijieun sacara éléktrolitik dina wangun déndritik (beuratna ≈11g).
Sumber: Wikimedia Commons
Walungan di Lehman Creek, Great Basin National Park, Nevada, AS.
Sumber: Wikimedia Commons
Kristal emas, dijieun sacara sintétik.
Sumber: Wikimedia Commons
Insinyur optik keur ngévaluasi interaksi sababaraha laser nu rék dipaké dina Airborne Laser, sistem pakarang laser kelas mégawatt pikeun ngungkulan panarajang misil balistik.
Sumber: Wikimedia Commons
Soang Kanada jeung halimun wanci isuk-isuk di Taman Golden Gate.
Sumber: Wikimedia Commons
Peta topografik Kapuloan Kerguelen bogana Prancis di Samudra Indonésia (ngaran patempatan dina basa Prancis).
Sumber: Wikimedia Commons
Curug Russell di Taman Nasional Mt. Field, Tasmania, Australia.
Sumber: Wikimedia Commons
Cakung Phyllomedusa sauvagii, nu dina basa Inggris katelah cakung waxy monkey, di Akademi Paélmuan Kalifornia (California Academy of Sciences).
Sumber: Wikimedia Commons
Karuksakan héd (Ing. head crash) dina hardis (hard disk) modél anyar. Antelna héd kana piringan ngabalukarkeun ruksakna média magnétik dina lapisan luar piringanana.
Sumber: Wikimedia Commons
Ngecrik hurang di basisir wilayah Nayarit, Méksiko.
Sumber: Wikimedia Commons
Wangun urat bungkus buah Physalis sp. (nu aya di urang katelahna cécén(d)ét).
Sumber: Wikimedia Commons
Pulo karang jeung mercusuar Point Bonita di basisir San Fransisko, Kalifornia.
Sumber: Wikimedia Commons
Patilasan bangsa Anasazi di Monumén Nasional Canyon de Chelly, wewengkon semi-otonom Navajo nu amparanana ngawengku sabagian wilayah Arizona, Utah, jeung New Mexico di Amérika Serikat.
Sumber: Wikimedia Commons
Mobil-mobil nu kajebak dina runtuhna sasak Walungan Mississippi. Ieu poto téh salahsahiji ti dua welas poto nu paling gedé pangaruhna dina ABC News daring 2007.
Sumber: Wikimedia Commons
Kukupu Brahmaea wallichii insulata di Hotél Leader Village, Buluowan, Taiwan (dipoto 1 Maret 2009).
Sumber: Wikimedia Commons
Poto koléksi Tropenmuseum, némbongkeun barudak pamaén angklung di Garut katut nu ngibingna (tanpa catetan titimangsa). Angklung téh kasenian Sunda anu kaitung buhun, baheulana sok dipaké dina acara-acara adat Sunda.
Sumber: Wikimedia Commons
Painted Cliffs di pulo Maria, Tasmania, Australia.
Sumber: Wikimedia Commons
Répronégatip. Batu "Darodaro" pikeun jenatna Saoenigeho ti Bawamatalua, Nias, di'dérék' ti dasar walungan migunakeun konstruksi husus. Batu galedé (mégalit)--kadang dipapaésan--téh budaya masarakat Nias, di antarana dina wangun patung, korsi batu pikeun pamingpin, jeung méja batu pikeun pangadilan. Aya ogé batu pikeun miéling pupusna jalma petingan, nu nalika dipasang sok dibarengan ku ritual anu dipercaya pikeun ngemplongkeun jalan ka nu pupus sangkan bisa ngariung deui jeung karuhunna di alam sanggeus paéh. Dina poto katémbong batuna keur dibetot ka luhur, nu cenah perlu tanaga 525 jalma salila tilu poé.
Sumber: Wikimedia Commons