Buka ménu utama
Duryodana
Duryodana dina Yaksanaga, hiji drama populér ti Karnataka, India
Duryodana dina Yaksanaga, hiji drama populér ti Karnataka, India
Déwanagari: दुर्योधन
Éjahan Sansakerta: Duryodhana
Ngaran séjén: Suyudana; Duryudana;
Kurupati; Gandarisuta;
Drétaputra; Jakapitana.
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Gada

Duryodana (Sansakerta: दुर्योधन; Duryodhana) atawa Suyudana nyaéta inohong antagonis anu utama dina wiracarita Mahabarata, satru utama para Pandawa. Manéhna lahir ti pasangan Dréstarata jeung Gandari. Duryodana mangrupa anak anu pangkolotna di antara saratus Kurawa. Manéhna nyekel kalungguhan minangka raja di Karajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahanana di Astinapura.

Duryodana ngadahup ka puteri Prabu Salya sarta miboga anak nu dingaranan Laksmana (Laksmanakumara). Duryodana digambarkeun pohara licik sarta telenges, cacak miboga watek jujur, manéhna gampang kapangaruhan ku hasutan alatan henteu mikir panjang sarta biasa diogo ku dua kolotna. Alatan hasutan Sangkuni, nyaéta mamangna nu licik sarta seukeut létahna, manéhna jeung dulur-dulurna ngamimitian pacogrégan jeung pihak Pandawa. Dina perang Baratayuda, bandéra kaagunganana boga lambang oray kobra. Manéhna diéléhkeun ku Bima dina perang Baratayuda dina poé kadalapan belas alatan pingpingna dipeupeuh ku gada.

Harti ngaranÉdit

Sacara harfiah, ngaran Duryodana dina basa Sansakerta mibanda harti "hésé ditalukkeun" atawa bisa ogé hartina "henteu kaéléhkeun".

KalahiranÉdit

Waktu Gandari ngandeg dina jangka waktu nu panjang kalayan henteu wajar, manéhna meupeuhan kandunganana dina kaayaan pegat harepan sarta timburu ka Kunti, anu geus méré Pandu tilu urang anak. Akibat petana éta, Gandari ngalahirkeun gumpalan daging nu warnana hawuk. Saterusna Gandari ménta tulung ka Abiyasa, saurang patapa sakti, anu saterusna méré berkah saratus urang anak ka Gandari. Saterusna Abiyasa nyacagan gumpalan daging kasebut jadi saratus bagian, sarta ngasupkeunana kana pot. Saterusna pot-pot kasebut dipelak dina jero taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, pot-poy kasebut digali deui. Anu mimiti dikaluarkeun tina pot kasebut nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta adi-adina anu séjén.

Aya kila-kila goréng anu marengan lahirna para Kurawatina pot. Para brahmana di karaton ngarasakeun ayana tanda-tanda baris tumibana musibah anu goréng. Widura nyarita yén lamun tanda-tanda kawas éta marengan kalahiran anakna, éta tandana balai baris mungkas sahiji dinasti. Widura sarta Bisma ngusulkeun sangkan anakna Gandari kasebut dipiceun, tapi Dréstarata henteu sanggup ngalakonanana alatan rasa asih sarta iketan émosional ka anak kahijina éta.

AtikanÉdit

Awak Duryodana dicaritakeun dijieun tina guludug, sarta manéhna pohara kuat. Manéhna dipihormat ku adi-adina, hususna Dursasana. Ku cara diajar élmu béla diri ti guruna, nyaéta Krépa, Dorna sarta Balarama atawa Baladéwa, manéhna jadi pohara kuat dina maké pakarang gada, sarta kasaktina saimbang jeung Bima, nyaéta Pandawa anu kuat dina hal kasebut.

Nyobat jeung KarnaÉdit

Waktu para Kurawa sarta Pandawa mintonkeun kabisa dina hiji pasanggiri mangsa nincek déwasa, mecenghul saurang satria gagah perkasa anu ngaku ngaran Karna. Manéhna nangtang Arjuna anu dianggap salaku satria pangalusna ku Dorna. Tapi Krépa ngomong yén Karna kudu sadar kana kasta nu dipibogana, sangkan henteu asal nangtang hiji jalma anu henteu saharkat.

Duryodana ngabéla Karna, saterusna ngangkat manéhna jadi raja di Karajaan Anga. Saprak harita, Duryodana sosobatan jeung Karna. Boh Karna boh Duryodana henteu nyaho, yén Karna sabenerna mah mangrupa anakna Kunti. Karna ogé mangrupa harepan Duryodana dina nyanghareupan Baratayuda, alatan Duryodana percaya yén Karna nyaéta lawan anu satanding jeung Arjuna.

Parebutan karajaanÉdit

 
Dropadi dihina di hareupeun umum waktu Pandawa sarta Kurawa ulin dadu.

Duryodana mibanda sipat sirik haté nempo kakayaan Yudistira sarta kaagréng di Indraprahasta. Leuwih-leuwih ka para Pandawa séjénna anu sok ngajéngkélkeun haténa. Sagala rupa upaya dilakukeun ku manéhna pikeun nyingkahkeun para Pandawa, tapi sok gagal baé berkah panangtayungan Kresna. Duryodana mibanda saurang paman nu ngaranna Sangkuni. Sipat manéhna pohara licik sarta sok nyieun ideu-ideu goréng pikeun mangaruhan alona kasebut.

Waktu Duryodana datang nganjang ka Karaton Indraprahasta, manéhna hélok ku agréngna karaton kasebut. Waktu ngasupan hiji rohangan nu aya balongan, manéhna nyangka éta téh lain balong tapi nyangkana lanté. Teu pelak deui manéhna tikecebur. Kajadian kasebut disaksikan ku Drupadi. Drupadi seuri pupuringkelan sarta ngécé Duryodana. Drupadi nyarita cenah anak jelema lolong tétéla milu lolong ogé. Ngadéngé hal éta, Duryodana pohara nyeri haténa. Dina haté, manéhna ambek nyedek ka Drupadi.

Sanggeus balik ti Indraprahasta, Duryodana ngahuleng mikiran kumaha cara meunangkeun harta Yudistira. Nempo alona nguluwut, Sangkuni nawarkeun ideu licik pikeun ngajak Yudistira ulin dadu kalawan tarohan harta sarta karajaan. Niat kasebut disatujuan ku Duryodana, kaasup Dréstarata anu kakeunaan pangolo sarta hasutan Sangkuni anu seukeut létahna. Dina poé anu dijangjikan, Yudistira ulin dadu jeung Duryodana anu diwakilan ku Sangkuni. Dina mimitina mah, Sangkuni ngantep Yudistira ngarasakeun kameunang, tapi dina patengahan kaulinan, Sangkuni terus-terusan unggul berkah kalicikanana. Ahirna Yudistira mikeun harta, karajaan, malah adi-adina sorangan, kaasup Drupadi, pamajikanana.

Waktu Drupadi dititah mukaan bajuna ku Dursasana alatan Yudistira geus éléh tarohan, manéhna henteu daék ngalakonanana. Kalawan dugal Dursasana metot samping Drupadi. Tapi berkah pitulung gaib ti Kresna, samping anu dipaké Drupadi henteu béak cacak mayeng ditarik sarta diulur-ulur. Ahirna Bima sumpah yén manéhna baris meupeuh pingping Duryodana jaga, alatan Duryodana ngécé Drupadi kalawan ngajurung wanodya kasebut ngedéng di luhur pingpingna.

Perang di KurusétraÉdit

 
Duryodana ngécéskeun kaayaan di palagan yuda Kurusétra ka guruna, Dorna.

Waktu Yudistira jeung Pandawa séjénna geus ngajalankeun mangsa pangbuangan salila 12 taun sarta mangsa nyamur salila sataun, maranéhanana balik ka Astinapura sarta ménta deui karajaan boga maranéhanana luyu jeung jangji pasini anu sah. Tapi Duryodana laku songong sarta nampik paménta Yudistira atah-atah. Yudistira saterusna ménta supaya maranéhanana dibéré lima désa waé, alatan geus mangrupa kawajiban Pandawa pikeun milu aub dina pamaréntahan minangka pangéran Karajaan Kuru. Duryodana ogé keukeuh yén manéhna moal daék méré tanah ka Pandawa sanajan salega tungtung jarum ogé. Duryodana nangtang Pandawa pikeun ngalakonan peperangan.

Saméméh perang dimimitian, Kresna datang ka hareupeun Duryodana jeung para pinisepuh Karajaan Kuru kawas Dréstarata, Widura, Bisma, sarta Dorna. Manéhna datang pikeun nepikeun pancén katengtreman. Tapi usul Kresna ditampik ogé ku Duryodana. Dina kasempetan kasebut, manéhna mibanda niat jahat pikeun nyulik Kresna. Tapi Kresna nyaho niat jahat Duryodana kasebut sarta nembongkeun wujud aslina. Ku gagalna usaha Kresna, peperangan teu bisa disingkahan deui.

Dina perang rongkah di Kurusétra, Duryodana dibaturan ku para satria nu kararuat kawas Bisma, Dorna, Karna, Aswatama, Salya, sarta nu séjén-séjénna. Manéhna ngagantungkeun harepan ka Bisma sarta Karna pikeun ngahontal kameunang, alatan maranéhanana mangrupa para satria nu pinunjul. Karna anu sumpah satia baris ngabiluk Duryodana, usaha méré bantuan sakuat tanaga pikeun sobatna ieu. Tapi hiji-hiji satria anu ngabiluk Duryodana nungtutan gugur di palagan yuda dina usaha ngabéla Raja Astinapura kasebut, kaasup satria anu pohara dipiharep ku Duryodana, nyaéta Bisma jeung Karna. Kitu ogé dulur-dulurna kawas Dursasana, Wikarna, Bima, Citraksa, sarta nu séjén-séjénna.

Tungtungna, ngan sawatara satria di pihak Kurawa nu masih masih hirup, nyaéta Krétawarma, Krépa, Aswatama, sarta Salya. Dina perang nu poé kadalapan belas, manéhna ngangkat Salya minangka sénapati pihak Kurawa, tapi dina poé éta ogé Salya gugur ku leungeun Yudistira. Nyanghareupan tungtung peperangan kasebut, Duryodana mimiti ngarasa hariwang ku kaéléh.

Kasinugrahan GandariÉdit

Ratu Gandari anu hanjelu ku gugurna para Kurawa, ngarasa hariwang ku Duryodana, anak hiji-hijina anu masih hirup dina peperangan. sangkan anakna kasebut ngahontal kameunang, manéhna méré hiji kakuatan ajaib. Kakuatan kasebut asalna tina dua panonna anu ditutup ku manéhna. Lamun kakuatan kasebut dipindahkeun ka awak Duryodna, mangka manéhna baris weduk ku sagala rupa macem serangan. Manéhna ngajurung Duryodana sangkan mandi sarta asup ka kémah dina kaayaan buligir.

Waktu Duryodana rék nyanghareup ka indungna, manéhna papanggih jeung Kresna anu karék ngadatangan indungna. Kresna nyawad sarta ngécé Duryodana anu rék datang ka hareupeun indungna sorangan dina kaayaan buligir. Alatan éra, Duryodana nutupan bagian handap beuteungna, kaasup bagian pingpingna.

Waktu Duryodana asup ka kémah, Gandari geus nungguan, saterusna éta wanoja mukakeun panutup panonna. Waktu panonna kabuka, kakuatan ajaib dipindahkeun kana awak Duryodana. Tapi sabot Gandari nempo yén Duryodana nutupan bagian handap beuteungna, manéhna nyarita yén bagian kasebut bakal teurak ku serangan musuhna alatan bagian kasebut ditutupan waktu Gandari mindahkeun kakuatan ajaibnya.

Perang pamungkasÉdit

Gambar:Duryodana.jpg
Prabu Suyodana (Duryodana) Sang Raja Astinapura.

Waktu Duryodana tarung sosoranganan nyanghareupan Pandawa, Yudistira ngusulkeun tawaran, yén manéhna kudu tarung jeung salah sahiji Pandawa, sarta lamun Pandawa éta diéléhkeun, mangka Yudistira baris mikeun karajaan ka Duryodana. Duryodana milih tarung maké pakarang gada ngalawan Bima. Duanana mibanda pangabisa anu saimbang dina ulin pakarang gada alatan maranéhanana ngalap élmu ka guru nu sarua, nyaéta Baladéwa. Tarung lumangsung kalawan rongkah, duanana pada-pada kuat sarta pada-pada ahli gulat sarta tarung maké pakarang gada. Sanggeus sawatara lila, Duryodana mimiti usaha pikeun maéhan Bima.

Dina waktu harita, Kresna ngingetkeun Bima kana sumpahna yén manéhna baris meupeuh pingping Duryodana alatan lakuna anu ngécé Drupadi. Ku pituduh Kresna kasebut, Bima inget deui kana sumpahna sarta langsung ngarahkan gadana kana pingping Duryodana. Sanggeus pingpingna dipeupeuh satarikna, Duryodana tikusruk sarta ngarumpuyuk. Manéhna mimiti humarurung nahan kanyeri, sabab bagian awakna anu henteu weduk geus dipeupeuh ku Bima. Waktu Bima rék maéhan Duryodana, Baladéwa datang pikeun nyegah sarta ngancem yén manéhna baris maéhan Bima. Baladéwa ogé nyarékan Bima anu geus meupeuh pingping Duryodana, alatan kacida dilarangna pikeun meupeuh bagian éta dina perang maké pakarang gada.

Kresna saterusna nyadarkeun Baladéwa, yén geus jadi kawajiban pikeun Bima ngalakukeun sumpahna. Kresna ogé ngabébérkeun kalicikan-kalicikan anu dipigawé ku Duryodana. Duryodana leuwih réya ngarémpak aturan-aturan perang batan Bima. Manéhna ngalakonan serangan sacara licik pikeun maéhan Abimanyu. Manéhna ogé geus ngalakonan sagala rupa gawé licik sangkan Indraprahasta murag ka leungeunnya.

Duryodana gugur lalaunan dina perang nu poé kadalapan belas. Ngan tilu satria di pihakna anu bisa hirup, nyaéta Aswatama, Krépa, sarta Krétawarma.

Pamanggih séjénna ngeunaan DuryodanaÉdit

Dina tetempoan para sarjana Hindu mangsa kiwari, Duryodana mangrupa raja anu kuat sarta rancagé, sarta maréntah kalawan adil, tapi boga sikep licik sarta jahat waktu usaha ngalawan barayana (Pandawa). Kawas Rahwana, Duryodana pohara kuat sarta digjaya, sarta ahli dina élmu ageman, tapi gagal pikeun ngalakukeun prakprakanana dina kahirupan. Tapi lolobana umat Hindu nganggap manéhna minangka jelema jahat anu resep néangan masalah.

Duryodana ogé mangrupa salah sahiji inohong anu pohara ngahormat kolotna. Sanajan dianggap laku jahat, manéhna tetep mikanyaah indungna, nyaéta Gandari. Saban isuk-isuk saméméh perang manéhna sok ménta do'a restu, sarta unggal manéhna migawé kitu, indungna sok ngomong yén kameunang ngan aya di pihak anu bener. Sanajan jawaban kasebut ngaleutikkeun haté Duryodana, manéhna tetep satia ngadatangan indungna saban isuk-isuk.

Di wewengkon Kumaon di Uttranchal, sawatara kuil anu éndah ditujukeun pikeun Duryodana sarta manéhna dipuja minangka déwa leutik. Suku Kumaon di pagunungan ngabiluk Duryodana dina Baratayuda. Manéhna dipuja minangka pamingpin anu rancagé sarta balabah.

Tempo ogéÉdit