Kabupatén Tanggamus nyaéta Kabupatén anu ayana di propinsi Lampung, Indonésia. Puseur dayeuh Tanggamus téh Kacamatan Kota Agung. Kabupatén Tanggamus diresmikeun dumasar kana Undang-Undang Nomor 2 Taun 1997, tanggal 21 Maret 1997. Kabupatén ieu mibanda wilayah anu legana 4.654,98 Km² sarta pangeusina 652.898 jiwa (2022) kalayan kapadetan 225 jiwa/km².[2] Cai nyurug Way Lalaan katut basisir Gigi Hiu ngajadi tempat pelesiran/wisata unggulan di ieu kabupaten ini.[2]

Kabupatén Tanggamus

Lambang Kabupatén Tanggamus

Basisir Gigi Hiu

Peta lokasi Kabupatén Tanggamus
Motto Begawi jejama
Citakan:Lang icon Bekerja bersama
Propinsi Lampung
Ibukota Kota Agung
Kampung Baru (Pemerintah daérah, DPRD, jeung Pangadilan Negeri)
Lega Wilayah 2855,46
Kordinat 5°28′53″S 104°40′57″E / 5.4814560°S 104.6824048°E / -5.4814560; 104.6824048Koordinat: 5°28′53″S 104°40′57″E / 5.4814560°S 104.6824048°E / -5.4814560; 104.6824048
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
652898
{{{kapadetan}}} jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
20
3
Dasar hukum UU №2/1997
Tanggal 21 Maret 1997
Bupati Ir. Mulyadi Irsan, M.T (Pj.)
Wakil Bupati Lowong
Kode aréa +62 722
DAU Rp 789.442.526.000.- (2017)[1]

Ramatloka: www.tanggamus.go.id

Geografi

édit

Satu dari dua teluk besar yang ada di Provinsi Lampung terdapat di Kabupaten Tanggamus yaitu teluk Semaka dengan panjang daerah pantai 200 km dan sebagai tempat bermuaranya satu sungai besar, yaitu Way Semaka. Selain itu, wilayah Kabupaten tanggamus dipengaruhi oleh udara pantai tropis dan dataran pegunungan dengan temperatur udara yang sejuk dengan rata-rata 28 °C.

 
Tanggamus mangrupa salah sahiji wewengkon anu katarajang Tsunami Selat Sunda akibat bituna Anak Krakatau..
Titik ékstrem Kabupatén Tanggamus
Kulon 5°25′36″S 104°23′09″E / 5.426534138925525°S 104.38586194727932°E / -5.426534138925525; 104.38586194727932 Tulung Asahan, Semaka, Tanggamus
Kidul 5°56′06″S 104°42′37″E / 5.934939332353932°S 104.71022623743544°E / -5.934939332353932; 104.71022623743544 Tampang, Pematang Sawa, Tanggamus
Wétan 5°47′10″S 105°10′21″E / 5.786120449539787°S 105.17248377867122°E / -5.786120449539787; 105.17248377867122 Kiluan Negeri, Kelumbayan, Tanggamus
Kaler 5°16′44″S 104°40′15″E / 5.278906830822843°S 104.67096994537629°E / -5.278906830822843; 104.67096994537629 Air Bakoman, Pulau Panggung, Tanggamus

[2]

Lega Wilayah

édit

Kabupatén Tanggamus lega Wilayahna 2.855,46 Km² lwga daratan ditambah jeung daérah laut legana 1,799,50 Km² kalawan lega sakabehna 4,654,98 Km², kalayan topografi wilayah anu béda antara dataran landeuh jeung dataran luhur, anu sawaréhna mangrupakeun daérah pasir nepika gunung, kalawan kurang leuwih 40% tina sakabéh wilayah kalawan luhurna tina beungeut cai laut antawis 0 nepikeun ka 2.115 méter. Poténsi sumber daya alam anu dipibanda Kabupatén Tanggamus kalolobaana dimangpaatkeun pikeun kagiatan tatanén. Sagigireun éta masih masih kénéh sababaraha sumber daya alam séjén anu poténsial pikeun dimekarkeun deui, kayaning; galian emas, granit jaung batu pualam atawa marmer. Sagigireun eta ogé mibanda sumber cai panas jeung panas bumi anu bisa dimangpaatkeun pikeun pembangkit énergi listrik alternatif.[2]

Sajarah

édit

Ngaran Kabupatén Tanggamus dicokot tina ngaran Gunung Tanggamus anu perenahna aya di tengah-tengah jantung Kabupatén Tanggamus. Sajarah mekarna wilayah Tanggamus, numutkeun catetan anu aya dina tahun 1889 nalika Walanda mimiti asup ka wewengkon Kota Agung, nuaya mangsa harita pamaréntahanna dipingpin ku saurang Kontroller anu maréntah di Kota Agung. Mangsa harita pamaréntahan geus dijalankeun ku Pamaréntah Adat anu diwangun ku5 (lima) Marga tayalian:

  1. Marga Gunung Alip (Talang Padang),
  2. Marga Benawang;
  3. Marga Belunguh;
  4. Marga Pematang Sawa;
  5. Marga Ngarip.[2]

Unggal marga dipingpin ku saurang Pasirah anu ngawengku sababaraha Kampung. Kadieunakeun, dumasar kana kaputusan Menteri Dalam Negeri No. 114/ 1979 tanggal 30 Juni 1979 dina raraga nalingakeun hontalan pangaroris anu sakalian mangrupakeun tatan-tatan ngadegkeun pangrojong Bupati Lampung Kidul pikeun Wewengkon Kota Agung anu perenahna di Kota Agung sarta diwangun ku 10 Kacamatan jeung 7 Wawakil Kacamatan kalwan 300 Pékon jeung 3 Kalurahan tur 4 Pékon keur disayagakeun. Panungtunganna Kabupatén Tanggamus adegkeun jeung ngajadi salah sahiji ti 10 Kabupatén/Kota anu aya di Propinsi Lampung. Kabupatén Tanggamus diadegkeun dumasar kana Undang-undang No. 2 Taun 1997 anu diundangkeun dina tanggal 3 Januari 1997 kalawan diresmikeun ngajadi Kabupatén dina tanggal 21 Maret 1997.[2]

Sajalan jeung dinamika mekarna kahirupan masarakat adat di Kabupatén Tanggamus, dina tanggal 12 Januari 2004 Pupuhu Adat Saibatin Marga Benawang nyaluyuan ngadegna Marga Negara Batin, anu saméméhna mangrupakeun ngahiji dina adat Marga Benawang. Dina tanggal 10 Maret 2004 di Pékon Negara Batin disahkeun pupuhu adatna Marga Negara Batin kalayan gelar Suntan Batin Kamarullah Pemuka Raja Semaka V. Ku ngadegna Marga Negara Batin ieu, masarakat adat dina taun 1889 diwangun ku 5 marga, kiwari ngajadi 6 marga, tayalian: Marga Gunung Alip (Talang Padang), Marga Benawang, Marga Belunguh, Marga Pematang Sawa, Marga Ngarip, Marga Negara Batin.

Suku Lampung téh suku mayoritas di kabupatén Tanggamus oge mangrupakeun suku asli di propinsi Lampung, disusul ku suku anu datang pandeuri kayaning Suku Jawa, Suku Bali, Suku Sunda, jeung Minangkabau.


Pariwisata

édit

Objek Wisata

édit

1. Teluk Kiluan

Objék wisata Teluk Kilauan perenahna di Désa Kilauan Negeri, Kacamatan Kelumbayan. Teluk/ancol ieu anu ngajadi saingan beurat Basisir Lovina di Bali alatan duanana sarua mibanda atraksi anu sarua tayalian nampo aleutan lauk lumba-lumba langsung di tengah laut maké parahu pamayang. Teluk Kilauan nyayagikeun rupa-rupa pilihan wisata, sagigireun barlayar ka tengah laut pikeun nempo lauk lumba-lumba, wisatawan anu aya di basisir oge bisa ulin dina keusik jeung ngojay di laguna biru.

2. Basisir Gigi Hiu

Objék wisata Basisir Gigi Hiu perenahna di Désa Pegadungan, Kacamatan Kelumbayan. Basisir Gigi Hiu alias Basisir Batu Layar alias Basisir Pegadungan. Ngaran ieu ngarujuk kana gundukan batu karang seukeut anu diibaratkeun salaku huntu lauk hiu. Henteu kudu mawa pakakas snorkeling ka tempat ieu, alatan Basisir Gigi Hiu ngan bisa dirasakeun ku jalan ditempo langsung.

3. Gunung Tanggamus

Gunung ieu perenahna di kalér puseur dayeuh kabupatén tayalian Kacamatan Kota Agung. Gunung ieu kacida kasohor di lingkungan pecinta alam jeung ngajadi tempat anu pang dipikaresep pikeun naék gunung sarta kémah/camping. Gunung Tanggamus mibanda jangkung 2.102 méter di luhur beungeut cai laut anu ngajadikeun salaku gunung pangluhurna kadua di Propinsi Lampung sabada Gunung Pesagi. Punclut gunung ieu mibandi pamandangan/pintonan anu kacida éndahna komodeui mangsa isuk-isuk jeung pasosoré. Ieu landeuh Gunung Tanggamus baris katutup disimbutan ku haseup bodas anu kandel kukituna anu arulin di punclut ngarasa keur araya diluhureun haseup di langit.

4. Basisir Sawmiil

Wewengkon Kabupatén Tanggamus anu nyingareup ka Teluk Semangka ngajadikeun boga basisir anu kacida panjang sakaligus mibanda loba basisir anu mibanda pamandangan éksotis. Salah sahijina tayalian Basisir Sawmill anu perenahna di basisir kulon perenahna di Desa Karangsari, Kacamatan Wonosobo. Basisir kalawan ngaran séjén lain Sumil ieu mibanda pamandangan alam anu kumplit. Sagigireun laut anu lega ngampar, di beulah kulon basisir ieu katempo kumpulan pigunungan Bukit Barisan Kidul anu geus di tetepkeun pamaréntah salaku taman nasional. Pindah ka sisi wétan, tikajauhan katempo punclut Gunung Tanggamus anu ngajadi ikon ieu kabupatén.

5. Curug Way Lalaan

Curug Way Lalaan kacatet minangka tujuan wisata populér di Tanggamus anu loba didatangan ku wisatawan ti sagala rupa daérah. Curug Way Lalaan miboga jangkungna 11 méter sarta cai palidka Walungan Lalaan anu dialirkeun ka Teluk Semangka. Ieu curug bisa kapanggih di Désa Pekon atawa Kampungbaru, Kacamatan Kota Agung Timur atawa pas di suku Gunung Tanggamus. Aksés ka lokasi geus diwangun ku tangga beton anu dijieun dina jaman kolonial Walanda sabudeureun 1937.

6. Curug Jarum Lebuay

Curug Jarum Lebuay ayana di Désa Pekon atawa Lebuay Datar, Kacamatan Air Naningan. Ieu curug boga cai anu loba pisan sanajan dina usum halodo, ngan anu ngabédakeun nyaéta dina usum halodo ngan aya hiji aliran curug ieu. Ieu curug bakal robah jadi curug kembar kalayan dua aliran sisi-sisi nalika usum hujan. Di handapeun curug aya guha leutik sarta ogé aya balong anu bisa dipaké pikeun ngojay. Sanajan kitu, datang tetep kudu ati-ati lamun ulin kadinya.

7. Bendungan Batutegi

Obyék wisata ieu ayana di Désa Pekon atawa Lebuay Datar, Kacamatan Air Naningan. Bendungan, anu diwangun dina 1995 sareng réngsé 9 taun saatosna, aya di antara dua pasir anu luhur sareng ngorbankeun pasir anu handap pikeun kakeueum. Kacaritakeun Bendungan Batutegi mangrupa bendungan panggedéna di Asia Tenggara, mampuh nahan cai 9 juta méter kubik. Salian ti dipaké pikeun ngahasilkeun listrik, Bendungan Batutegi ogé dimekarkeun pikeun tujuan wisata. Hadé pisan mun nganjang isuk-isuk atawa soré, sabab beurang di bendungan ieu rada panas sabab euweuh pangiuhan.

8. Curug Rainbow Valley

Curug anu jangkungna 20 méter ieu mangrupa curug loba-tingkat anu diwangun ku 3 lapis. Nu matak, curug nu aya di posisi panghandapna aya sumber cai panas nu bisa dipaké keur mandi jeung terapi. Nganjang ka runtuyan Curug Lebak Pelangi hiji-hiji merlukeun usaha tambahan sabab tilu dipisahkeun ku jarak dina gawir lungkawing sanajan aranjeunna henteu jauh. Seuseueurna wisatawan anu nganjang hoyong ngarasakeun ngeueum dina cai haneut. Anjeun ogé teu kedah hayang ngeueum handapeun curug ieu lamun nganjang ka dinya.


9. Curug Kilat

Ieu curug miboga aliran anu unik, nyaéta wangun zig zag atawa kawas panetean jeung jangkungna kurang leuwih 50m. Curug Sinar Petir dingaranan ku sabab ayana di Pekon Sinar Petir, Kacamatan Bulok, jadi ngaranna henteu dumasar kana wangun zig zag. Tapi éta téh salah sahiji ciri unikna, sajaba ti wangunna zig zag, anu jadi lambang kilat, ngaran curug téh nyaéta Ray of Lightning. Aksés jalan ka lokasi henteu hésé teuing sabab jalan ka lokasi geus ngagunakeun jalan aspal.

10. Basisir Ronald

Dicutat tina

édit
  1. "Rincian Alokasi DAU Murni T.A. 2017" (PDF). Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 2018-08-26. Diakses tanggal 2017-05-02.  Archived 2018-08-26 di Wayback Machine
  2. a b c d e f "Provinsi Lampung Dalam Angka 2023". lampung.bps.go.id. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2023-03-31. Diakses tanggal 2023-03-13. 

Tutumbu ka luar

édit

Citakan:Lampung