Risnawati nyaéta salah sahiji sastrawati Sunda. Lahir di Jampang Kulon, pakidulan Sukabumi, 10 Mei 1971.[1] Ti leuleutik resep maca lantaran disadiakeun buku-buku bacaan (basa Sunda) ku kolotna.[1] Karesepna beuki kaanteur basa asup ka SPG Pasundan di Sukabumi.[1] Tamat ti SPG (1989) nuluykeun kuliah ka Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda IKIP (ayeuna UPI) Bandung, lulus 1993.[1] Lulus ti IKIP, Risna gawé jadi wartawan di Manglé.[1] Taun 1998 diangkat jadi guru jeung ditugaskeun di SMP 4 Subang bari masih kénéh jadi wartawan Manglé.[1] Ngadegkeun Yayasan Déwi Pramanik di Subang nu taun 2003 medalkeun buku pangajaran Basa Sunda pikeun SMP Lalayang Sunda.[1] Éta buku dipaké di wewengkon Kabupatén Subang.[1] . Nuluykeun deui kuliah S2-na di Program Studi Bahasa dan Budaya Sunda Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nepi ka tamatna taun 2016.

Foto Profil Ibu Risnawati (sastrawati Sunda dan Guru)

Mimiti nulis dina wangun sajak (sajak munggaran dimuat di Galura taun 1990).[1] Taun 1994 kungsi jadi juara katilu pasanggiri ngarang sajak nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan.[1] Sajak-sajakna dimuat dina antologi sajak Néangan Bulan, Sajak Sunda, jeung Lir Cahya Nyorot Eunteung.[1] Risna remen ogé nulis éséi.[1] Dua kali éséina kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS (1996, 1999).[1] Dina wangun lianna, opat carponna kungsi jadi Carpon Pinilih Manglé.[1] Taun 2007 carponna "Caah" kapilih jadi salah sahiji tina 15 carpon panghadéna ku Disbudpar Jawa Barat nu tuluy dibukukeun dina antologi Kembang Kadengda.[1]

Waktu kuliah resep kana kagiatan nu aya patalina jeung kaparigelan nyarita.[1] Kungsi dua kali jadi pinunjul kahiji Biantara Basa Sunda sa-Jabar-DKI nu diayakeun ku Jurusan Basa jeung Sastra Sunda IKIP Bandung.[1] Ti harita remen nga-MC dina acara-acara kasundaan.[1] Taun 2007 kungsi miluan Pasanggiri Ngadongéng Basa Sunda tingkat provinsi dina Raraga Miéling Poé Basa Indung Sadunya nu diayakeun ku Disbudpar Jawa Barat, kabiruyungan jadi pinunjul kadua.[1] Sataun sabadana jadi pinunjul katilu dina Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Maké Komputer di Unpad Bandung.[1]

Karya-karyana mindeng dimuat dina Manglé, Sunda Midang, Cupumanik, Galura, jeung Tribun Jabar.[1] Carpon-carponna dibukukeun dina Haté Awéwé (2011) kalawan pamedal Kiblat Buku Utama,[1] Medalkeun novél Pelesir ka Basisir Taun 2020 pamedalna ku Pustaka Jaya. [2] Taun 2021 medalkeun kumpulan sajak anu judulna Bangkarak Démokrasi ku penerbit Layung.[3] Medalkeun deui novél Sagagang Jacaranda (2022) anu asalna mah tina carita nyambung dina majalah Manglé, medal ku Pustaka Jaya. [4] Nulis ogé buku pangajaran Pamekar Diajar Basa Sunda (2014), diterbitkeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Nulis buku Rancagé Diajar Basa Sunda (2017), jeung Rancagé Diajar Basa Sunda: Édisi Kurikulum Merdéka Fase D (pikuen kelas 7, 8, jeung 9 SMP/MTs.) ku penerbit Pustaka Jaya, taun 2022-2023. [5] Bulan Novémber 2023 nulis novél bacaeun barudak judulna Juara Ortrad, medal ku penerbit Pustaka Jaya. [6]

Tos lami bumén-bumén di Subang, ti taun 1998. Salami di Subang sering disuhunkeun jadi juri keur lomba-lobma anu patali jeung kasundaan, atawa pikeun jadi panyatur dina kagiatan kabudayaan jeung atikan. Siga dina acara Mojang-Jajaka Kabupatén Subang atawa pasanggiri-pasanggiri pikeun barudak SD, SMP, jeung SMA.

Kantos miang ka Adelaide, South Australia pikeun jadi wawakil kagiatan Profesional Teacher Development Program anu diayakeun ku Dinas Pendidikan Kabupatén Subang gawé bareng Knowledge Excange Australia (KEA), salila tilu minggu. Kiwari linggih di Subang tur aktif di sawatara organisasi boh organisasi profési boh organisasi kamasarakatan.


Karya tulis édit

Karya-Karya Risnawati anu tos medal janten buku atanapi anu dimuatkeun dina antologi bareng penulis séjén:

Buku Fiksi:

  • Haté Awéwé (kumpulan carpon, 2011)
  • Pelesir ka Basisir (novél rumaja, 2020)
  • Bangkarak Démokrasi(kumpulan sajak, 2021)
  • Sagagang Jacaranda (novél, 2022)
  • Juara Ortrad (novél barudak, 2023)

Buku Antologi:

  • Sajak Sunda Indonésia Emas, 1995.
  • KANAGAN 1, 2003.
  • Ti Pulpén ka Pajaratan Cinta, 2004.
  • Néangan Bulan, 2006.
  • Sajak Sunda, 2007.
  • Kembang Kadengda, 2007.
  • Lir Cahaya Nyorot Eunteung, 2008.
  • KANAGAN 2, 2008.
  • Jalan ka Sawarga Patrém, 2008.
  • BERLIAN, 2013.
  • Carita 10 Kedok (Antologi Pangarang Sunda), 2016.
  • Salikur Carita Pondok Patrém, 2017.
  • Surat Penting Pustakawati (Lima Puluh Carpon Patrém), 2020.

Buku Non-fiksi:

  • PERCÉKA: Buku Pangajaran SD, 1994.
  • GBPP Bahasa dan Sastra Sunda untuk SD dan SMP Kabupatén Subang, 2002.
  • LALAYANG SUNDA: Buku Pangajaran Basa Sunda pikeun SMP, 2003.
  • SARAKAN BASA: Buku Pangajaran Basa Sunda pikeun SMP, 2012.
  • Pamekar Diajar Basa Sunda pikeun SD, SMP, jeung SMA, 2013.
  • Rancagé Diajar Basa Sunda pikeun SD, SMP, jeung SMA, 2017.
  • Rancagé Diajar Basa Sunda: Édisi Kurikulum Merdéka, kelas 7, 8, 9, jeung 10, taun 2023.
  • Modul Kurikulum Merdeka Kelas 7 dan 8 semester 2, 2023.


Penghargaan édit

  • Juara I Biantara Bahasa Sunda sa-Jabar & DKI 1989, dilélér hadiahna ku Jurusan Pendidkan Bahasa dan Sastra Sunda UPI Bandung.
  • Juara I Biantara Bahasa Sunda sa-Jabar & DKI 1990, dilélér ku Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda UPI Bandung.
  • Juara III Pasanggiri Nulis Sajak, anu alpukahna Paguyuban Pasundan, 1994.
  • Hadiah pinilih ka-III LBSS kategori Éséi ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (LBSS), 1995.
  • Hadiah pinilih ka-II LBSS kategori Éséi ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (LBSS), taun 1999.
  • Juara II Lomba Ngadongéng BBerbahasa Sunda ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat, taun 2007.
  • Juara III Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Maké Komputerr, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), 2008.
  • Juara I Ngarang Rumpaka Pupuh tingkat Kabupatén Subang, Dinas Pendidikan Kabupatén Subang, 2014.
  • Hadiah Hardjapamekas ti Yayasan Kabudayaan Rancagé jeung UPI Bandung, taun 2016.
  • Hadiah Sastra Samsudi taun 2021 pikeun novél Pelesir ka Basisir ti Yayasan Kabudayaan Rancagé, taun 2021.
  • Penghargaan Bupati Subang pikeun Guru 2022, dina raraga miéling HUT Kabupatén Subang ku Pamaréntah Daérah Kabupatén Subang.
  • Juara I Lomba Menulis Cerpen Tingkat Nasional dina raraga miéling poé Basa Indung Sadunya, anu dikokolakeun ku majalah Manglé jeung Universitas Pasundan, taun 2022.
  • Anugrah Budaya Bidang Sastra taun 2023, ku Pémda Kabupatén Subang.

Referensi édit

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Risnawati.2011.Haté Awéwé.Bandung:Kiblat
  2. Risnawati. 2020.Pelesir ka Basisir. Bandung: Pustaka Jaya.
  3. Risnawati. 2021.Bangakrak Démokrasi. Garut: Layung.
  4. Risnawati. 2022.Sagagang Jacaranda. Bandung: Pustaka Jaya
  5. Risnawati. 2023.Rancagé Diajar Basa Sunda: Édisi Kurikulum Merdéka Fase D Kelas IX Bandung: Pustaka Jaya
  6. Risnawati. 2023.Juara Ortrad. Bandung: Pustaka Jaya
 
Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAyip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNingrum DjulaéhaNano. SNazarudin AzharPopon SaadahRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraSamsoediS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Syarif AminTatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana