1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  

11 Maret nyaéta poé ka-70 dina sataun (ka-71 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 295 poé.

Kajadian

édit
  • 1702The Daily Courant, koran poéan Inggris nu munggaran, mimiti medal.
  • 1784 – Perjangjian Mangalore ngaréngsékeun Perang Inggris-Mysore.
  • 1811 – Wanci André Masséna mundur ti Bénténg Torres Vedras, hiji divisi pasukan nu dipingpin ku Marsekal Perancis Michel Ney nyerang pasukan gabungan Inggris-Portugis dina raraga méré waktu ka Masséna pikeun kabur.
  • 1845 – Perang Tiang Bandera: Teu puas ku perbédaan makna tian Perjangjian Waitangi, anggota Tua Suku Suku Hone Heke, Kawiti jeung Māori nyacag tihang bandera Inggris pikeun kopat kalina sarta ngusiran pangeusi Kororareka, Selandia Anyar kaluar.
  • 1851 - Opera Rigoletto karya komponis Giuseppe Verdi dipaeunkeun di La Fenice, Venesia.
  • 1879 - Jepang resmi ngawasa di Kerajaan Ryūkyū, anu wilayahna ayeuna jadi Prefektur Okinawa.
  • 1888Badéy salju dimimitian di sapanjang wates basisir wétan Amérika Sarikat, nelasan leuwih ti 400 urang.
  • 1917Perang Dunia I: Kampanye Mesopotamia: Baghdad murag ka pasukan Inggris-India nu dipingpin ku Jénderal Stanley Maude.
  • 1941Perang Dunia II: Présidén AS Franklin D. Roosevelt ngasahkeun Akte Séwa-Injeum, ngidinan sasadiaan perang AS pikeun diinjeumkeun ka Sakutu.
  • 1945 – Perang Dunia II: Angkatan Laut Karajaan Jepang mesatkeun serangan kamikaze ka Kapal Perang Pasifik AS nu ngajangkar di Atol Ulithi dina Operasi Tan No. 2.
  • 1945 – Perang Dunia II: Karajaan Viétnam, hiji nagara bonéka jijieunan Jepang nu umurna pondok, diadegkeun kalayan Bảo Đại minangka rajana.
  • 1946 – Rudolf Höss, komandan kahiji kémp konséntrasi Austria, kacerek ku pasukan Inggris.
  • 1966 - Supersemar, poé lahirna Surat Perintah Sebelas Maret
  • 1977 – Panyanderaan Hanafi: Leuwih ti 130 sandera nu ditahan ku Muslim Hanafi di Washington, D.C., dibébaskeun sabada tilu duta besar ti nagara-nagara Islam ngilu négo.
  • 1978Pangbantéan Jalan Basisir: Fatah ngabajak hiji beus Israél dina raraga rék ditukeran ku tawanan Palestina nu ditahan ku Israél, nalika Israél nyerang beus éta, beusna kalah kaduruk, nelasan saheunteuna 37 jalma sarta nyideraan 70 lianna.
  • 1981 – Ratusan mahasiswa protés di Universitas Pristina di Kosovo, harita masih kénéh bagéan ti Yugoslavia, dina raraga ménta hak-hak pulitik nu leuwih loba pikeun nagrina. Protés éta antukna jadi gerakan nasional.
  • 1983Pakistan hasil nguji coba nuklir.
  • 1983 – Bob Hawke kapilih jadi PM Australia.
  • 1985Mikhail Gorbachev kapilih jadi Sekertaris Jéndral Partéy Komunis Uni Soviét, nu sacara de facto ogé minangka kapala nagara Uni Soviét.
  • 1989 – Sir Tim Berners-Lee nyérénkeun usulanna ka CERN ngeunaan sistém manajemén informasi nu bakal tuluy dimekarkeun jadi world wide web (www).
  • 1990Lithuania nyatakeun merdéka ti Uni Soviét.
  • 2004Pangeboman Karéta Madrid: Pangeboman nu tutuluyan lumangsung dina jam-jam sibuk karéta api di Madrid, Spanyol, nelasan 192 jalma.
  • 2007Georgia nuduh hélikopter Rusia nyerang ka Landeuh Kodori di Abkhazia, hiji tuduhan nu sacara teges ditolak ku Rusia.
  • 2009 – Panémbakan di Sakola Winneden: Genep belas maraot sarta 11 tatu ditémbakan ku Tim Kretschmer, siswa nu karak lulus, méméh tuluy manéhna maéhan manéh. Nungtun kana disaringsetanna aturan kapamilikan sanjata di Jérman.
  • 2010 – Ékonom jeung pangusaha Sebastián Piñera disumpah minangkan présidén Chili, baréng jeung tilu lini nu narajang puseur Chili nalika upacara palantikan.
  • 2011 – Lini 9,0 Mw narajang di 130 km (81 mil) béh kidulen Sendai, di wilayah Tohoku, Jepang, micu kana tsunami nu nelasan rébuan urang Jepang. Kajadian ieu ogé ngakibatkeun kacilakaan nuklir panggedéna kadua dina sajarah.
  • 2012 – Saurang soldadu AS nelasan 16 rahayat sipil di Distrik Panjwayi, Afghanistan, di deukeut Kandahar.
  • 2016 – Saheunteunan 21 jalma palastra nalika banjir jeung longsor narajang sabudeureun Sao Paulo, Brasil, sabada hujan gedé.
  • 2020 – Pangkalan udara AS di Taji, kaléreun Baghdad, Irak, diserang ku 18 rokét, tilu palastra sarta 12 lianna taratu.

babar

édit

Nu pupus

édit

Poé peré / poé panginget-nginget

édit

Tumbu luar

édit

https://en.wikipedia.org/wiki/March_11