Kala karatuan
Kala karatuan nujul kana guratmangsa karatuan (karajaan) saméméh ngadegna Républik Indonésia.
Milénium kahiji
édit- 70: Pasukan Romawi anu dipingpin ku panglima Titus nyerang Bangsa Yahudi di Baitul Maqdis
- 150: Salakanagara di Jawa
- abad ka-4: Karajaan Kutai di Kalimantan
- abad ka-5: Tarumanagara di Jawa
- 414: Biksu Fa Hien ka Ye Po Ti
- 450-an: Prasasti Jambu
- 571: Kanjeng Nabi Muhammad Shollallahu Alaihi Wasallam dilahirkeun
- 632: Kanjeng Nabi Muhammad Shollallahu Alaihi Wasallam tilar dunya
- 636: Perang Yarmuk
- 661: Ngadegna kakholifahan Bani Umayyah
- 669: Warta Cina ngabéjakeun datangna utusan Tolomo (Taruma),sanggeus taun ieu, teu kabéjakeun deui datang utusan Tolomo
- 670: Sunda Galuh di Jawa
- 682: Prasasti Kedukan Bukit ditulis di Sriwijaya (Palémbang, Sumatra)
- 686: Dina Prasasti Kotakapur, Sriwijaya ngancem arék ngarurug Bumijawa, para ahli aya anu ngahartikeun Bumijawa téh Pulo Jawa tapi ari Boechari mah ngahartikeun Bumijawa Lampung.
- 717: Mimitian Kalénder Sanjaya (Sanjayawarsa)
- 732: Wangsa Sañjaya didirikan menurut Prasasti Canggal
- 750: Ngadegna kakholifahan Bani Abbasyiah
- 751: Perang di walungan Talas antara Bani Abbasyiah ngalawan Cina Dinasti Tang
- 760: Prasasti Dinoyo
- 824: Candi Borobudur dibangun ku Samaratungga ti Wangsa Sailéndra
- 850: Candi Prambanan atawa Rara Jonggrang dibangun
- 904/826S: Prasasti Pesindon
- 929: Mpu Sindok mindahkeun puseur dayeuh Medang ti Jawa Tengah ka Jawa Timur, dimimitian dinasti anyar nyaéta Wangsa Isyana
- 932: Prasasti Kebonkopi II
Milénium kadua
édit- 1017: Medang jaman Dharmawangsa Teguh ngalaman mahapralaya, akibat serangan Haji Wurawari
- 1019: Salah saurang anu salamet tina kajadian mahapralaya nyaéta Airlangga, ngadegkeun karajaan Kahuripan
- 1025: Sriwijaya dirurug karajaan Chola
- 1030:
- Prasasti Sanghyang Tapak (952 Saka) dikaluarkeun ku Sri Jayabhupati
- Prasasti Horren
- Airlangga merangan Hasin, Wuratan, jeung Wengker
- 1032: Airlangga mindahkeun puseur dayeuh karajaan ti Watan Mas ka Kahuripan
- 1042:
- 1071: Perang Manzikert antara Turki Seljuk ngalawan Romawi
- 1099: Tentara Salib ngarebut Baitul Maqdis
- 1200-an: Islam mekar di Acéh.
- 1222: Kén Angrok ngarurug Kadiri, nelasan Kertajaya, laju ngadegkeun Tumapel.
- 1225: Ceuk Cau Ju Kua dina bukuna Chu Fan Chi, Sin-t'o aya dina kakawasaan San Fo Tsi.
- 1227: Anusapati naék tahta di Tumapel ngagantikeun Kén Angrok
- 1229: Prasasti Sadapaingan
- 1248: Ranggawuni naék tahta di Tumapel ngagantikeun Anusapati
- 1257: Baab Mashur Malamo ngadegkeun Kasultanan Ternaté di Maluku
- 1268: Krtanagara naék tahta di Singhasari, ngagantikeun Ranggawuni. Karajaan Tumapel leuwih kawentar ku sebutan karajaan Singhasari di jaman Krtanagara
- 1275-1290: Kertanagara ngirim ékspédisi Pamalayu ka Kadatuan Malayu di Sumatra.
- 1292: Jayakatwang nelasan Kertanagara; Singasari anggeusan.
- 1293:
- Mongol ngarurug ka Jawa minangka hukuman pikeun Kertanegara ti Kublai Khan ti Dinasti Yuan, tapi kalah éléh.
- Majapahit diadegkeun ku Radén Wijaya di wétan Jawa.
- 1294: Sang Lumahing Taman naék tahta Sunda ngaganti Sang Rakéyan Darmasiksa
- 1300: Sang Lumahing Tanjung naék tahta Sunda ngaganti Sang Lumahing Taman
Abad ka-14
édit- 1308: Sang Lumahing Kikis naék tahta Sunda ngaganti Sang Lumahing Tanjung
- 1309: Jayanegara ngaganti Radén Wijaya di Majapahit[1]
- 1328: Tribhuwana Wijayatunggadewi ngagantik Jayanegara di Majapahit
- 1330: Sang Lumahing Kiding naék tahta Sunda ngagantikeun Sang Lumahing Kikis
- 1340: Aki Kolot naék tahta Sunda ngagantikeun Sang Lumahing Kiding
- 1350:
- Prebu Maharaja naék tahta Sunda ngaganti Aki Kolot
- Hayam Wuruk nyilih Tribhuwana Wijayatunggadewi di Majapahit
- 1357:
- Perang Bubat
- Padompo
- Hiyang Bunisora nyilih lanceukna, Prebu Maharaja, anu palastra di Majapahit
- 1365: Kakawin Jawa kuno Nagarakertagama ditulis.[1]
- 1371: Prebu Niskala Wastukancana naék tahta Sunda ngagantikeun Hiyang Bunisora
- 1377: Majapahit ngirim ékspédisi hukuman ka Palémbang di Sumatra. Pangéran Palembang, Parameswara (Iskandar Syah) ngejat ka Malaka.[1]
- 1389: Wikramawardhana nyilih Sri Rajasanagara di Majapahit.[1]
- 1404-1406: Perang Paregreg antara Bré Wirabumi ngalawan Wikramawardana
- 1415: Armada Laksamana Céng Ho nepi ka Muara Jati, Cirebon
- 1428: Pangéran Walangsungsang ngawangun Gedong Witana pikeun paniisan[2]
- 1429: Ratu Suhita ngaganti Wikramawardana ngawasa Majapait.[1]
- 1430: Pangéran Walangsungsang ngadegkeun Dalem Agung jeung ngawasa Cirebon Larang[3][4][5][6]
- 1447: Kertawijaya (Brawijaya I) ngaganti Suhita di Majapait.[1]
- 1451: Rajasawardana (Brawijaya II) ngaganti Kertawijaya di Majapait.[1]
- 1453:
- Rajasawardana lekasan ngaraja[1]
- Interregnum di Majapahit, ceuk Pararaton "Telung Tahun Tan Hana Prabhu"
- 1456: Girindrawardana (Purwawisésa) ngawasa Majapait.[1]
- 1466: Singawikramawardana (Bré Pandansalas, Suraprabawa), ngaganti Purwawisésa di Majapait.[1]
- 1468: Bré Kertabumi (Prabu Brawijaya, Brawijaya V) ngawasa Majapait.
- 1475: Tohaan di Galuh atawa Ningrat Kancana atawa Déwa Niskala naék tahta di karajaan Galuh.
- 1478: Sirna Ilang Kertaning Bhumi
- 1479:
- Sunan Gunung Jati atawa Syarif Hidayatullah naék tahta Cirebon ngagantikeun Pangéran Walangsungsang
- Radén Patah atawa Panembahan Jimbun raja munggaran Demak
- 1481: Pararaton ditulis
- 1482: Ratu Jayadéwata jeneng di Pakuan Pajajaran
- 1511: Malaka direbut Portugis
- 1512:
- 1513:
- Tome Pires datang ka Pulo Jawa
- Pati Unus gagal ngéléhkeun Portugis
- 1518:
- Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
- Pati Unus atawa Pangéran Sabrang Lor naék tahta Demak ngagantikeun Panembahan Jimbun atawa Radén Patah
- 1521:
- Prebu Surawisésa ngaganti bapana, Ratu Jayadéwata atawa Sang Mwakta Ring Rancamaya di Pakwan Pajajaran
- Pati Unus atawa Pangéran Sabrang Lor miang deui ngarurug Portugis di Malaka, palastra dina pangperangan
- Pangéran Trenggana naék tahta Demak ngagantikeun Pati Unus atawa Pangéran Sabrang Lor
- 1522:
- 21 Agustus - Kasapukan antara Sunda jeung Portugis pikeun nyieun bénténg di Kalapa
- 1526: Pasukan Cirebon-Demak anu di pingpin Fatahillah ngarebut palabuan Banten
- 1527:
- 29 Juli - Francisco De Sa ti Portugis nancebkeun Padrao di hiji palabuan di wilayah Sunda
- Pasukan Cirebon-Demak anu di pingpin Fatahillah ngarebut palabuan Sunda Kalapa
- 1533: Prasasti Batutulis
- 1535: 1457 Saka - Prebu Ratudéwata nyilihSurawisésa nu mangkat
- 1543: Sang Ratusaksi Sang Mangabatan Ring Tasik naék tahta Sunda ngagantikeun Prebu Ratudéwata
- 1546: Pangéran Trenggana palastra
- 1551: Tohaan Di Majaya atawa Sang Nilakéndra naék tahta Sunda ngagantikeun Sang Ratusaksi Sang Mangabatan Ring Tasik
- 1552:
- Cirebon-Banten jadi kasultanan merdéka, sanggeus kacowna Demak sabada palastrana Pangéran Trenggana
- Maulana Hasanuddin jadi sultan munggaran kasultanan Banten
- 1567: Nusia Mulya naék tahta Sunda ngagantikeun Tohaan Di Majaya atawa Sang Nilakéndra
- 1568:
- Fatahillah naék tahta kasultanan Cirebon ngagantikeun Sunan Gunung Jati atawa Syarif Hidayatullah
- Panembahan Hadiwijaya atawa Mas Karébét atawa Jaka Tingkir raja munggaran Pajang
- 1569: Syarif Hidayatulloh atawa Sunan Gunung Jati tilar dunya
- 1570:
- Panembahan Ratu I naék tahta Cirebon ngagantikeun Fatahillah
- Maulana Yusuf naék tahta Banten ngagantikeun Maulana Hasanuddin
- 1578: Prabu Geusan Ulun naék tahta Sumedang Larang
- 1579: Pajajaran runtag
- 1580:
- Carita Parahiyangan ditulis
- Maulana Yusuf tilar dunya, tuluy Maulana Muhammad naék tahta Banten
- 1582: Adipati Mrapat di wewengkon Banyumasan asup kana kakawasaan Pajang
- 1585: Maulana Muhammad atawa Panembahan Séda Ing Rana atawa Panembahan Séda Ing Palémbang naék tahta Banten ngagantikeun Maulana Yusuf
- 1587: Mataram ngadeg diratuan ku Panembahan Sénopati
- 1595: Galuh asup kana kakawasaan Mataram
- 1596:
- Cornelis de Houtman ti Walanda anjog ka Banten
- Sultan Banten nyaéta Maulana Muhammad palastra di Palémbang, ku sabab éta katelah Panembahan Séda Ing Rana atawa Panembahan Séda Ing Palémbang.
- 1597: Mataram ngarurug Banten ti laut tapi gagal
- 1600: Mataram mareuman pabaruntakan Pati anu dipingpin ku Adipati Pragola I, anakna Ki Ageng Penjawi
- 1601: Panembahan Sénapati atawa Mas Ngabéhi Loring Pasar atawa Danang Sutawijaya, raja munggaran Mataram maot, digantikeun ku Mas Jolang atawa Panembahan Hanyakrawati, anu kawentar ku sebutan Panembahan Séda Ing Krapyak, ku sabab maot dipamoroan.
- 1602: Vereenigde Oost-Indische Compaigne (VOC) ngadeg
- 1610: Aria Suriadiwangsa naék tahta Sumedang Larang ngagantikeun bapana, nyaéta Prabu Geusan Ulun
- 1613: Sanggeus maotna Mas Jolang atawa Panembahan Hanyakrawati atawa Panembahan Séda Ing Krapyak, Adipati Martapura dinobatkeun jadi raja Mataram, tapi ngan sapoé, satuluyna anu naék tahta téh Mas Rangsang atawa Mas Jatmika atawa Panembahan Hanyakrakusuma anu leuwih kawentar ku sebutan Sultan Agung.
- 1618: Mataram nurunkeun status Galuh, ti karajaan jadi kabupatén
- 1619: VOC ngarebut Jayakarta ti Banten, tuluy diganti aranna jadi Batavia.
- 1620: Raja Sumedang Larang, Aria Suriadiwangsa masrahkeun kadaulatan karajaanana ka Mataram kalayan sukaréla.
- 1624: Pangéran Ratu naék tahta Banten
- 1625: Panembahan Hanyakrakusuma ganti gelar sabada nalukeun Madura, jadi Susuhunan Hanyakrakusuma
- 1628: Serangan mimiti Mataram ka Batavia
- 1629: Serangan kadua Mataram ka Batavia
- 1638: Pangéran Ratu meunang gelar sultan ti Syarif Makkah, aranna jadi Sultan Abul Mafakhir Mahmud Abdul Kadir
- 1641:
- VOC ngarurug Kapuloan Banda
- Susuhunan Hanyakrakusuma meunang gelar sultan ti Syarif Makkah
- 1645: Susuhunan Amangkurat Agung atawa Amangkurat I naék tahta ngagantikeun bapana, nyaéta Susuhunan Hanyakrakusuma.
- 18 Nopémber 1667: Kasapukan Bungaya antara Kasultanan Gowa jeung Walanda.
- 1649: Panembahan Ratu II atawa Panembahan Girilaya naék tahta Cirebon ngagantikeun Panembahan Ratu I
- 1650: Pacerbonan atawa Pagarégé, perang antara Cirebon eujeung Banten.
- 1651: Pangéran Surya atawa Sultan Abul Fath Abdul Fattah naék tahta Banten, ngagantikeun akina Pangéran Ratu atawa Sultan Abul Mafakhir Mahmud Abdul Kadir
- 1666: Panembahan Ratu II atawa Panembahan Girilaya tilar dunya di Mataram
- 1677:
- Trunajaya ngarebut puseur dayeuh Mataram di Pléréd, Susuhunan Amangkurat I ngungsi ka kulonkeun ngan maot di Tegalwangi, mantak katelah Panembahan Séda ing Tegalwangi.
- Susuhunan Amangkurat II masrahkeun Priangan Barat ka VOC.
- 1679:
- 1680: Amangkurat II ngahukum pati Trunajaya
- 1683: Sultan Ageng Tirtayasa ditéwak VOC[7]
- 1684:
- VOC ngabuang Syeikh Yusuf ka Sri Lanka[8]
- VOC ngangkat bupati-bupati di Priangan
- 1703-1707: Pabaruntakan Radén Alit Prawatasari ka VOC di Cianjur nepika Banyumas
- 1705: Priangan Timur jeung Cirebon dipasrahkeun ku Susuhunan Pakubuwana I ka VOC
- 1706:
- Gubernur Jendral Joan van Hoorn ngangkat Pangéran Arya Cirebon salaku opzigter atawa pamangku wilayah Priangan
- Untung Surapati palastra
- 1707: Herman de Wilde ngabongkar kuburan Untung Surapati, mayitna di duruk, tuluy lebuna di piceun ka laut
- 1708: Amangkurat III sumerah ka VOC, ku VOC di buang ka Sri Langka
- 9 Oktober 1740: Pembantaian urang Tionghoa di Batavia.
- 1743: Ku bantuanna VOC, karaton Kartasura hasil direbut ti leungeun pabaruntak sok sanajan dina kaayaan geus ajur. Pasukan gabungan Kartasura, VOC, jeung Madura, terus ngungudag Amangkurat V nepika kacerek tuluy dibuang ka Sri Langka, ngan ari Mas Said mah teu katéwak
- 1745: Sanggeus diayakeun panalungtikan pikeun rélokasi karaton, kapilih desa Sala ku usulna Baron van Hohendorff salaku tempat ngadegna karaton. Susuhunan Pakubuwana II tuluy ngadegkeun puseur dayeuh anyar di désa Sala, di gigireun Bangawan Beton. Alternatif lianna keur lokasi karaton harita nyaéta Talawangi jeung Sanasewu
- 13 Pébruari 1755: Kasapukan Giyanti ngabagi Karajaan Surakarta jadi Kasunanan Surakarta jeung Kasultanan Ngayogyakarta
- 31 Désémber 1799: Vereenigde Oost-Indische Compaigne (VOC) dibubarkeun.
Abad ka-19
édit- 1803 - 1838: Perang Padri
- 1825-1830: Perang Diponegoro
- 28 April 1859: mimiti Perang Banjar
- 26 Maret 1873: mimiti Perang Acéh
- 1894: Perang Lombok.
Abad ka-20
éditRujukan
édit- ↑ a b c d e f g h i j Ricklefs (1991), hal. 18
- ↑ Asdhiana, I Made. 2013. Kanoman, Sejarah yang Luka. Kompas.Com
- ↑ Rosmalia. Dini. 2013. Identifikasi Pengaruh Kosmologi pada Lanskap Kraton Kasepuhan di Kota Cirebon. Bandung : Institut Teknologi Bandung
- ↑ Susilaningrat. R. Chaidir. 2013. Dalem Agung Pakungwati Kraton Kasepuhan Cirebon
- ↑ Hardhi. TR. 2014. Dakwah Sunan Gunung Jati dalam Proses Islamisasi Kesultanan Cirebon Tahun 1479-1568. Yogyakarta: Universitas Negeri Yogyakarta
- ↑ Fajar, Rizky Nur. 2013. Perancangan Komunikasi Visual Publikasi Buku Seri Keraton Cirebon. Jakarta: Universitas Bina Nusantara
- ↑ Widiyatmoko, Bayu. 2015. Kronik Peralihan Nusantara: Liga Raja-Raja Hingga Kolonial. Hal. 488
- ↑ Widiyatmoko, Bayu. 2015. Kronik Peralihan Nusantara: Liga Raja-Raja Hingga Kolonial. Hal. 492