Indonésia

nagara di Asia Tenggara
(dialihkeun ti Républik Indonésia)

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo,[6][7] ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna).[8] Kalawan populasi disawang 270 yuta jiwa dina taun 2020,[9] Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota ti ASEAN, APEC, OSI jeung G-20.

Republik Indonesia
Républik Indonésia
Bandéra Indonésia Lambang Indonésia
Bandéra
Motto
Bhinneka Tunggal Ika
(Bébéda tapi tetep hiji)
Lagu

Indonesia Raya
Location of Indonésia
Location of Indonésia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Jakarta
6°10.5′S 106°49.7′E
Basa resmi Basa Indonésia
(bahasa nagara[1])
Pamaréntah Républik présidénsial
 -  Présidén Joko Widodo
 -  Wakil Présidén Jusuf Kalla
Kamerdikaan ti Walanda 
 -  Proklamasi 17 Agustus 1945 
Aréa
 -  Total 1.904.569 km² (15)
735.358 mil² 
 -  Cai (%) 4,85%
Populasi
 -  Perkiraan  19 Juni 2020 270.203.917[2] (4)
 -  Sénsus 2020 270.203.917[3] 
 -  Kapadetan 123,76 /km² (ka-84)
323,05 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total Rp 10,706 triliun
(AS$ 1,121 miliar)[4] 
 -  Per kapita Rp 44,885 yuta
(AS$ $4.700)[4] 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total Rp 4,821 triliun
(AS$ 846 miliar)[4] (17)
 -  Per kapita Rp 36,261 yuta
(AS$ 3.797)[4] (110)
HDI (2006)  0,734[5] (médium) (111)
Mata uang Rupiah (Rp) (IDR)
Zona wanci WIB (+7)
WITA (+8)
WIT (+9)
TLD Internét .id
Kode telepon +62

Ngaran

 
 Tempo ogé: Sajarah ngaran Indonésia.

Kecap "Indonésia" asalna ti Basa Latin tina kecap dus nu hartina "Hindia" sarta kecap Basa Yunani nesos nu hartina "pulo".[10] Jadi, lamun ditilik sacara harti kecap Indonésia hartina wewengkon Hindia kapuloan, atanapi kapuloan nu aya di Hindia, nu nunjukkeun yén ngaran ieu geus aya saméméh Indonésia jadi nagara daulat.[11] Dina taun 1850, George Earl, etnolog nu asalna ti nagara Inggris, mimiti ngusulkeun sesebutan Indunesia jeung Malayunesia pikeun pangeusi "Kapuloan Hindia atawa Kapuloan Melayu".[12] Murid éarl, James Richardson Logan, maké kecap Indonésia salaku sinonim ti Kapuloan India.[13] Tapi, panulisan akademik Walanda di média Hindia-Walanda teu maké kecap Indonésia, tapi Kapuloan Melayu (Maleische Archipel); Hindia Wétan Walanda (Nederlandsch Oost Indië), atawa Hindia (Indië); Wétan (de Oost); sarta Insulinde (istilah ieu diwanohkeun taun 1860 dina novel Max Havelaar (1859), yasana Multatuli, ngeunaan kritik kana kolonialisme Walanda).[8]

Saprak taun 1900, ngaran Indonésia jadi leuwih ilahar dina lingkungan akademik di luareun Walanda , sarta golongan nasionalis Indonésia maké kecap éta dina widang pulitik.[8] Adolf Bastian ti Universitas Bérlin ngawanohkeun ngaran ieu dina buku Indonesien oder die Inseln des Malayischen Archipels, 1884–1894. Pelajar Indonésia munggaran nu maké ngaran ieu nyaéta Suwardi Suryaningrat (Ki Hajar Dewantara), nalika anjeunna ngawangun kantor warta di Walanda nu ngaranna Indonesisch Pers Bureau dina taun 1913.[11]

Sajarah

 
 Artikel utama: Sajarah Indonésia.

Sajarah awal

Titinggal fosil-fosil Homo erectus, nu ku antropolog ogé dilandi "Manusa Jawa", mawa pamadegan yén kapuloan Indonésia geus dieusian antara 2 yuta nepi ka 500.000 taun kaliwat.[14]. Bangsa Austronésia, nu ayeuna mangrupa mayoritas pangeusi Indonésia, pindah ka Asia Tenggara ti Formosa. Maranéhna disawang nepi ka Indonésia dina taun 2000 SM, sarta ngabalukarkeun Bangsa Mélanésia nu geus aya saméméhna kagigirkeun ka wewengkon nu jauh di beulah wétan.[15] Kaayaan nu cocog pikeun tatanén ngabalukarkeun geu ayana kaahlian melak paré saprak abad ka-8 SM,[16]. ku kituna ngabalukarkeun ogé ku lobana désa, kota, jeung karajaan-karajaan leutik tumuwuh jeung mekar dina abad ka-1 M. Salian ti éta, Indonésia nu aya di jalur perdagangan laut internasional jeung antar pulo, geus jadi jalur lalayaran antara India jeung Cina dina sababaraha abad.[17] Sajarah Indonésia saterusna boga loba pangaruh ti kagiatan paniagaan éta.[18]

 
Rélief kapal di Candi Borobudur, +800 M.

Ti pangaruh agama Hindu jeung Buddha, sababaraha karajaan ngadeg di pulo Kalimantan, Sumatra, jeung Jawa saprak abad ka-4 nepi ka abad ka-14. Kutai, nyaéta karajaan nu pangkolotna di Indonésia nu ngadeg dina abad ka-4 di hulu Walungan Mahakam, Kalimantan Wétan. Di wewengkon kulon Pulo Jawa, dina abad ka-4 nepi ka ka-7 M aya Karajaan Tarumanagara. Dina abad ka-7 aya Karajaan Malayu nu puseurna di Jambi, Sumatra. Sriwijaya ngéléhkeun Malayu sarta jadi karajaan maritim nu pangkuatna di wewengkon Nusantara. Wewengkon kakawasaanna ngawengku Sumatra, Jawa, samenanjung Melayu, ogé ngawasaan paniagaan di Selat Malaka, Selat Sunda, sarta Laut Cina Kidul.[19] Kadatangan padagang-padagang Arab jeung Pérsia liwat Gujarat, India, tuluy mawa agama Islam. Samudera Pasai nu ngadeg dina taun 1267, mangrupa karajaan Islam kahiji di Indonésia.

Panjajahan

Indonésia ogé mangrupa nagara nu kungsi diéréh ku loba nagara. Ieu di handap nyaéta sababaraha nagara nu kungsi ngaéréh atawa ngajajah sakabéh atawa sabagian wewengkon Indonésia.

Nalika urang éropa daratang di mimiti abad ka-16, maranéhna manggih sababaraha karajaan nu gampang diéléhkeun pikeun ngawasaan perdagangan rempah-rempah. Portugis mimiti nepi di 2 palabuan Karajaan Sunda nyaéta Banten jeung Sunda Kalapa, tapi bisa ditundung jeung teras pindah ka wétan ngawasaan Maluku. Dina abad ka-17, Walanda ngéléhkeun Britania Raya jeung Portugal (iwal di Timor Portugis). Disawang mangsa harita ageman Kristenkmimiti sumebar dindonésia salaku salah sahiji tujuan imperialisme lawas nu kawanoh salaku 3G, nyaéta Gold, Glory, and Gospel atanapi "Emas, Kajayaan, jeung Ageman".[20] Walanda ngawasaan Indonésia salaku wewengkon jajahan nepi ka Perang Dunya II. KaMimitina VOC, tapi tuluy ku pamaréntah Walanda saprak awal abad ka-19.

 
Johannes van den Bosch, panaratas Cultuurstelsel.

Walanda nyieun sistim Cultuurstelsel (Sistem Pamelakan) dina abad ka-19, nyaéta sistim melak kebon-kebon garedé sarta pelak paksa nu sakabéhna dilaksanakeun di Jawa, nu méré kauntungan pikeun Walanda nu teu bisa dihasilkeun ku VOC. Dina jaman pamaréntahan panjajahan nu leuwih bébas sanggeus 1870, sistim ieu dihapus. Sanggeus 1901 pihak Walanda ngawanohkeun Kawijakan étis,[21] nu ngawengku parobahan pulitik nu tangtu sarta invéstasi nu leuwih gedé di Hindia-Walanda.

Dina jaman Perang Dunya II, nalika Walanda dijajah ku Jérman, Jepang ngawasaan Indonésia. Indonésia dieréh deui dina taun 1942, Jepang nempo yén para pajuang Indonésia mangrupa batur paniagaan nu kooperatif jeung bisa milu jadi prajurit lamun dibutuhkeun. Sukarno, Mohammad Hatta, KH. Mas Mansur, jeung Ki Hajar Dewantara dibéré pangajén ku Kaisar Jepang dina taun 1943.

Indonésia merdika

 
Sukarno, présidén kahiji Indonésia.

Dina Maret 1945, Jepang ngawangun hiji komite pikeun kamerdikaan Indonésia. Sanggeus Perang Pasifik bérés dina taun 1945, dina tekenan organisasi nonoman, Soekarno-Hatta ngadéklarasikeun kamerdikaan Indonésia dina 17 Agustus 1945. Sukarno jadi Présidén Indonésia, sarta Mohammad Hatta jadi Wakil Présidén Indonésia. Dina usaha ngawasaan deui Indonésia, Walanda ngirimkeun pasukanna.

Usaha-usaha ngalawan pergerakan kamerdikaan Indonésia ieu tuluy dipikawanoh ku Walanda salaku 'aksi kapulisian' (Politionele Actie), atanapi ku Indonésia dipikawanoh minangka 'Agrési Militér'.[22] Walanda ahirna ngaku kamerdikaan Indonésia dina 27 Désémber 1949 salaku nagara féderal nu disebut Républik Indonésia Sarikat sanggeus aya tekenan ti kalangan internasional, utamana Amérika Sarikat. Mosi Integral Natsir dina 17 Agustus 1950, ngahudangkeun balikna Negara Kesatuan Républik Indonésia sarta ngabubarkeun Républik Indonésia Sarikat.

Dina jaman 1950-an jeung 1960-an, pamaréntahan Sukarno milu sakaligus naratas gerakan non-blok awalna, tapi tujuanna sangkan leuwih deukeut jeung blok sosialis, saperti Républik Rahayat Cina jeung Yugoslavia. Taun 1960-an minangka saksi ayana konfrontasi militér jeung Malaysia ("Konfrontasi"),[23] sarta kateupuasan kana héséna ékonomi. Salajuna dina 1965 aya kajadian G30S nu nyababkeun maotna 6 jendral sarta sababaraha perwira tengah lianna. Kaluar kakuatan anyar nu dilandi Orde Baru (Ordeu Anyar) nu nuduh Partéy Komunis Indonésia salaku dalang kajadian jeung boga maksud ngaléngsérkeun pamaréntahan nu keur aya sarta ngarobah dasar nagara kana paham sosialis-komunis. Tuduhan ieu sakaligus dijadikeun alesan pikeun ngaganti pamaréntahan saméméhna dina paréntah Sukarno kana pamaréntahan nu anyar.

Jendral Soeharto jadi Présidén Indonésia dina taun 1967 maké alesan pikeun ngamankeun nagara tina bahya komunisme. Ratusan rébu warga Indonésia nu dianggap milu pihak komunis ditelasan, samentara loba warga Indonésia nu keur aya di luar negri, teu wanieun mulih ka Indonésia, sarta teras dicabut kawarganagaraanna. Jaman kakawasaan Soeharto dilandi Orde Énggal sarta jaman pamaréntahan Sukarno disebut Orde Lawas.

Soeharto ngagunakeun ékonomi néoliberal sarta hasil ngadatangkeun raloba invéstasi luar negri asup ka Indonésia sarta ngahasilkeun pamekaran ékonomi nu gedé, sanajan teu rata. Dina awal rézim Orde Énggal, kawijakan ékomomi Indonésia disusun ku sababaraha urang ékonom lulusan Universitas California, Berkeley, nu dilandi "Mafia Berkeley".[24] Soeharto ahirna dipaksa léngsér ti jabatanna ku aksi démonstrasi sarta kaayaan ékonomi nagara nu goréng dina taun 1998.

Sanggeus léngsérna Suharto, saprak 1998 nepi ka 2001, Indonésia miboga tilu présidén: Bacharuddin Jusuf Habibie, Abdurrahman Wahid, sareng Megawati Sukarnoputri. Dina taun 2004, diayakeun pamilihan umum hiji poé nu panggedéna sadunya[25] sarta Susilo Bambang Yudhoyono kapilih salaku présidén.

Sawatara wengkon Indonésia ngusahakeun pikeun misahkeun manéh, saperti Papua Kulon jeung Maluku Kidul. Timor Wétan resmi misah ti Indonésia dina taun 1999 sanggeus 3 taun dina administrasi PBB, jadi nagara Timor Lésté.

Dina Désémber 2004 jeung Maret 2005, di wewengkon Acéh sarta Nias ngalaman lini nu nelasan rébuan jiwa. (Tingali Lini Samudra Hindia 2004 jeung Lini Sumatra Maret 2005.) Kajadian ieu disusul ku lini di Yogyakarta jeung sunami di wewengkon Basisir Pangandaran dina taun 2006, sarta caah leutak di Sidoarjo saprak taun 2006.

Pulitik jeung pamaréntahan

 
 Artikel utama: Pulitik Indonésia.
 
Gedong MPR-DPR Indonésia
 
Istana Merdeka, bagian ti Istana Kaprésidénan Jakarta.

Indonésia miboga pamaréntahan républik démokrasi présidénsial multipartéy. Sistim pulitik Indonésia didasarkeun kana Trias Politika: législatif, éksekutif, jeung yudikatif.

Kakawasaan législatif dibogaan ku Majelis Permusyawaratan Rahayat (MPR). MPR Indonésia pernah jadi lembaga nagara pangluhurna sarta mangrupa hiji kamar (unikameral), tapi sanggeus améndmén ka-4 UUD Indonésia MPR sanés lembaga nu pangluhurna deui, sarta komposisi kaanggotaanna ogé robah. Saprak 2004, MPR miboga sistim parlemén dua kamar (bikameral) nu disusun ku 560 anggota Déwan Perwakilan Rahayat Indonésia (DPR) nu pajabatna ti jalur partéy pulitik, sarta ditambih ku 132 anggota Déwan Perwakilan Daérah Indonésia (DPD) nu minangka wakil propinsi ti jalur indepénden.[26] Anggota DPR jeung DPD dipilih langsung ku rahayat dina pamilihan umum législatif sarta diangkat pikeun masa jabatan lima taun.

Lembaga éksekutif museur kana présidén, wakil présidén, jeung kabinét. Kabinét di Indonésia mangrupa kabinét présidénsial jadina mentri mibanda tanggung jawab ka présidén.

Lembaga yudikatif dilaksanakeun ku Mahkamah Agung, Komisi Yudisial, jeung Mahkamah Konstitusi. Tapi Kamentrian Hukum jeung Hak Asasi Manusa tetep aya.

Babagian administratif

Indonésia ayeuna miboga 34 propinsi, 5 propinsi miboga status husus. Propinsi dibagi kana kabupatén jeung kotamadya nu dibagi deui kana kacamatan. Babagian administratifna lanjut deui nepi ka bagian nu pangleutikna nyaéta Rukun Tatangga (RT) nu mangrupa daérah tingkat ka-6.

Unggal propinsi miboga DPRD Propinsi salaku badan législatif wewengkon sareng gubernur salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Unggal kabupatén miboga DPRD Kabupatén salakeun badan législatif wewengkon sareng bupati salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Unggal kotamadya miboga DPRD Kotamadya salaku badan législatif wewengkon sareng walikota salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Sadayana, dipilih langsung ku rahayat langku pamilihan umum. Tapi di Jakarta (Wewengkon Husus Ibu Kota Jakarta) euweuh DPRD Kabupatén atanpai Kotamadya, ku sabab Kabupatén Administrasi jeung Kota Administrasi di Jakarta sanés wewengkon otonom.[27]

Propinsi Acéh, Daérah Husus Yogyakarta, Papua Kulon, jeung Papua miboga hak husus sarta tingkat otonomi nu leuwih luhur ti propinsi nu lian. Misalna, Acéh boga hak pikeun nagntukeun sistim hukumna sorangan; dina taun 2003, Acéh mimiti maké hukum Syariah.[28] Yogyakarta miboga status daérah husus salaku pangakuan kana pentingna Yogyakarta dina ngarojong Indonésia nalika Révolusi.[29] Propinsi Papua (baheulana disebut Irian Jaya), miboga status otonomi husus taun 2001.[30] DKI Jakarta mangrupa wewengkon husus ibu kota nagara. Timor Portugis digabungkeun ka wewengkon Indonésia minangka propinsi Timor Wétan dina 1979–1999, nu teras misahkeun manéh liwat réferéndum jadi nagara merdika, Timor Lésté.[31]

Propinsi

Pulo Sumatra

Pulo Jawa

Kapuloan Sunda Alit

Pulo Kalimantan

Pulo Sulawesi

Kapuloan Maluku

Pulo Papua

Géografi

 
 Artikel utama: Géografi Indonésia.
 
Curug Madakaripura di Taman Nasional Bromo-Tengger-Semeru, Lumbang, Probolinggo, Jawa Wétan.

Indonésia mangrupa nagara kapuloan di Asia Tenggara[32] nu miboga 17.504 pulo, kalawan kirang-langkung 6.000 pulo heunteu dieusian[33][34], nu nyebar di wewengkon khatulistiwa, kira-kira ti 95°BW - 141°45'BW sarta aya di antara 2 buana nyaéta Asia jeung Australia/Oséania.

Atikan

 
 Artikel utama: Atikan di Indonésia.

Dumasar kana undang-undang di Indonésia, pamaréntah puseur jeung daérah miboga anggaran atikan 20% ti anggaran nagara jeung anggaran daérah salian ti upah guru jeung biaya kadinasan. Tapi dina taun 2007, dana nu disadiakeun karak 17,2 %[35].

Ékonomi

 
 Artikel utama: Ékonomi Indonésia.
 
Peta nu némbongkeun Produk Doméstik Régional Bruto (PDRB) per kapita propinsi-propinsi di Indonésia dina taun 2008.
██ Langkung ti Rp 100 yuta ██ Rp 50 yuta ++ - Rp 100 yuta ██ Rp 40 yuta ++ - Rp 50 yuta ██ Rp 30 yuta ++ - Rp 40 yuta ██ Rp 20 yuta ++ - Rp 30 yuta ██ Rp 10 yuta ++ - Rp 20 yuta ██ Rp 5 yuta ++ - Rp 10 yuta ██ Kirang ti Rp 5 yuta

Sistim ékonomi Indonésia awalna dirojong ku ayana Oeang Repoeblik Indonesia (ORI) minangka mata uang kahiji Indonésia, nu sanggeusna ganti jadi Rupiah.

Dina jaman pamaréntahan Orde Lawas, Indonésia heunteu sapinuhna ngagunakeun sistim ékonomi kapitalisme, tapi dicampurkeun jeung sistim nasionalisme ékonomi. Pamaréntah nu masih anyar, raloba milu kana produksi nu boga pangaruh ka masarakat, ditambah ku kaayaan pulitik, nyababkeun ayana kateustabilan ékonomi nagara.[36]

 
Uang Rupiah.

Pamaréntahan Orde Énggal geura maké disiplin ékonomi pikeun neken inflasi, stabilisasi mata uang, pangaturan tambut luar nagri, sarta ngondang investasi asing.[36] Dina jaman 1970-an, harga minyak bumi nu naék nyababkeun naékna angka ékspor sarta tingkat tumbuh ékonomi rarata nu luhur saloba 7% antara taun 1968 nepi ka 1981.[36] Parobahan ékonomi salajengna dina jaman 1980-an, saperti dérégulasi kauangan jeung déflasi,[36] teras ngalirkeun invéstasi asing ka Indonésia hususna dina industri-industri nu ngarah ka ékspor antara 1989 nepi ka 1997[37] Ékonomi Indonésia ngalaman kamunduran dina ahir 1990-an ku sabab krisis ékonomi di raloba wewengkon Asia keur éta,[38] nu dibarengan ku réngséna pamaréntahan Orde Énggal sarta mundurna Soeharto salaku présidén dina 21 Méi 1998.

Pertumbuhan PDB Indonésia dina 2004 jeung 2005 leuwih ti 5%.[39] Tapi, akibatna heunteu boga pangaruh loba dina tingkat pangangguran, nyaéta 9,75%.[40][41] Perkiraan taun 2006, 17,8% masarakat hirup di handapeun gurat kamiskinan, sarta aya 49,0% masarakat hirup kalawan panghasilan kirang ti AS$ 2 sapoé.[42]

Sumber daya alam

Indonésia miboga raloba sumber daya alam saperti minyak bumi, timah, gas alam, nikel, kai, bauksit, taneuh subur, batu bara, emas, jeung pérak kalawan babagian lemah tatanén 10%, perkebonan 7%, tegalan 7%, leuweung 62%, sarta lianna 14% kalawan wewengkon irigasi 45.970 km²[43]

Hasil tatanén nu utama saperti béas, entéh, kopi, rempah-rempah, jeung karét.[44] Widang jasa mangrupa panyumbang PDB nu panggedéna, nyaéta 45,3% dina PDB 2005. Industri 40,7%, sareng tatanén 14,0%.[45] Sanajan kitu, widang tatanén miboga pagawé nu leuwih loba ti widan séjénna, nyaéta 44,3% ti 95 yuta jiwa. Widang jasa 36,9%, sarta widang industri 18,8%.[46]

Sanajan kitu, lembaga Transparency International nempatkeun Indonésia di paringkat ka-143 ti 180 nagara dina Indéks Persépsi Korupsi taun 2007.[47]

Démografi

 
 Artikel utama: Démografi Indonésia.
 
Kapadetan populasi Indonésia dumasar kana Sénsus 2010

Dumasar kana sénsus populasi taun 2000, Indonésia miboga kirang-langkungna 206 yuta jiwa,[48] sarta diperkirakeun taun 2006 miboga 222 yuta jiwa.[9] 130 yuta (leuwih ti 50%) ngeusian Pulo Jawa nu mangrupa pulo nu panglobana pangeusina sakaligus pulo tempatna ibu kota Jakarta.[49] Kalobaannana urang Indonésia mangrupa Urang Austronésia, sarta aya ogé kelompok urang Mélanésia, Polinésia, jeung Mikronésia utamina di Indonésia beulah wétan. Aya ogé urang nu asalna ti luar nagri saperti étnis Tionghoa, India, jeung Arab. Indonésia miboga kira-kira 4 yuta populasi urang Tionghoa.[50]

Ageman

 
 Artikel utama: Agama di Indonésia.

Islam mangrupa agama mayoritas nu pangagemna saloba kira-kira 85,2% urang Indonésia, nu nyababkeun Indonésia salaku nagara kalawan populasi muslim nu panglobana sadunya.[44] Umat lian saperti Kristen Protéstan (8,9%), Kristen Katolik (3%), Hindu (1,8%), Buddha (0,8%), jeung sajabana (0,3%). Pamaréntah Indonésia ogé sacara resmi ngakuan agama Konghucu.[51]

Basa

 
 Artikel utama: Basa di Indonésia.

Indonésia miboga basa Indonésia salaku basa kahijian jeung basa nasional. Indonésia ogé kaasup salah sahiji nagara kareng basa panglobana di dunya.[52] laloba basa, miboga rébuan panyatur tapi kaayaanna kaancam ku sabab generasi ngorana teu nyaturkeunna deui, sarta para panyatur pindah ka basa nasional.[53]

Kabudayaan

 
 Artikel utama: Budaya Indonésia.

Péntas

 
Wayang kulit.

Indonésia miboga kira-kira 300 kelompok étnis nu boga rupa-rupa warisan budaya nu mekar sairing jaman, nu ogé dipangaruhan ku kabudayaan India, Arab, Cina, Éropa, sarta kaasup ogé budaya sorangan, Melayu. Saperti kasenian wayang ti wewengkon Jawa jeung Bali nu midangkeun carita-carita mitologi Hindu kawas Ramayana jeung Baratayuda, ogé carita-carita adaptasi kaayaan modéren. Aya ogé kasenian tarian contona ti Sumatra saperti tari Ratéb Meuseukat jeung tari Seudati ti Acéh. Aya ogé seni sisindiran, gurindam, jeung sajabana ti raloba wewengkon misalna Melayu.

Busana

 
Mojang Palémbang keur maké songkét, salah sahiji busana tradisional Indonésia.

Salah sahiji budaya pakéan ti Indonésia nyaéta batik. Sababaraha wewengkon nu katelah ti industri batikna saperti Yogyakarta, Surakarta, Cirebon, Pandeglang, Garut, Tasikmalaya, jeung Pekalongan. Busana lian ti wewengkon Indonésia saperti baju kurung jeung songkétna ti Sumatra Kulon (Minangkabau), kaén ulos ti Sumatra Kalér (Batak), kabaya, baju bodo ti Sulawesi Kidul, koteka ti Papua, jeung sajabana.

Olahraga

 
 Artikel utama: Olahraga Indonésia.
 
Maria Kristin Yulianti (beureum), nu meunang medali perunggu dina Olimpiade Usum Panas Beijing 2008.

Olahraga nu populér di Indonésia utamina badminton jeung maén bal. Olahraga tradisional saperti takraw jeung karapan sapi. Pasanggiri adu tempur contona caci di Florés, sarta pasola di Sumba. Olahraga béla diri nu populér di Indonésia misalna saperti pencak silat.

Musik

 
 Artikel utama: Musik Indonésia.

Raloba wewengkon Indonésia miboga musik tradisionalna sorangan. Aya ogé musik tradisional campuran saperti keroncong nu dipangaruhan ku Portugis di wewengkon Tugu, Jakarta,[54]. Msik Indonésia lianna saperti dangdut nyaéta musik aliran Melayu modéren nu dipangaruhan ku musik India.

 
Degung/Gamelan

Alat musik tradisional Indonésia di antarana:

Kulinér

 
 Artikel utama: Masakan Indonésia.
 
Soto.

Sangu mangrupa kadaharan utama di lolobana wewengkon Indonésia. Sambel, saté, baso, soto, jeung sangu goréng nyaéta sababaraha contoh kadaharan masarakat Indonésia.[55]

Sinema

 
 Artikel utama: Perpileman Indonésia.
 
Poster pilem Tjoet Nja' Dhien (1988), pilem ngeunaan pahlawan nasional Indonésia ti Acéh.

Pilem kahiji nu diproduksi di nusantara nyaéta pilem taun 1926 kalawan judul Loetoeng Kasaroeng nu dijieun ku sutradara Walanda, G. Kruger jeung L. Heuveldorp, dina jaman Hindia Walanda. Pilem ieu dijieun ku Pausahaan Pilem Jawa NV di Bandung sarta diputer kahiji kalina dina 31 Désémber 1926 di téater Elite and Majestic, Bandung. Popularitas industri pilem Indonésia muncak dina jaman 1980-an sarta diputer di raloba bioskop di Indonésia,[56]. Antawis 2000 nepi ka 2005, jumlah pilem Indonésia nu dirilis unggal taunna teras ningkatan.[56] Pilem Laskar Pelangi (2008) mangrupa pilem kalawan pamasukan anu panglobana sapanjang sajarah pilem di Indonésia nepi ka danget ieu.

Kasusastraan

 
 Artikel utama: Sastra Indonésia.

Figur penting dina sastra modéren Indonésia saperti panulis Walanda Multatuli nu méré kritikan kana kalakuan Walanda ka Indonésia dina jaman panjajahan Walanda; Muhammad Yamin jeung Hamka nu mangrupa panulis sarta pulitisi pra-kamerdikaan;[57] sarta Pramoedya Ananta Toer, panulis novel Indonésia nu kakoncara salah sahijina nyaéta nulis novel Bumi Manusia.[58] Salah sahiji conto panulis puisi Indonésia misalna Chairil Anwar. Raloba urang Indonésia miboga tradisi lisan nu kiat, nu ngarojong dina nerangkeun sarta ngamumulé kaayaan budayana.[59]

Lingkungan hirup

 
 Artikel utama: Flora Indonésia jeung Fauna Indonésia.
 
Rafflesia arnoldii kembang nu panggedéna sadunya.
 
Komodo, sato réptil langka ti wewengkon Nusa Tenggara.

Wewengkon Indonésia miboga raloba rupa-rupa mahluk hirup. Ku kituna ku sababaraha sumber nyebatkeun yén wewengkon lingkungan Indonésia mangrupa "Mega biodiversity" atanapi "anéka rupa mahluk hirup nu loba"[60][61]. Rupa-rupa mahluk hirup Indonésia aya di paringkat ka-3 sadunya sanggeus Brasil jeung Républik Démokratik Kongo.[62]

Sanajan kitu, Guinness World Records dina taun 2008 pernah nyutat rékor Indonésia salaku nagara nu panggancangna ruksak leuweungna sadunya. Unggal taunna, Indonésia dituar leuweungna saluas +1,8 yuta héktar. Karuksakan ieu aya di wewengkon hulu/jero leuweung (hutan) nu ngaruksak ogé wewengkon di hilir (basisir).[63]

Tingali ogé

Rujukan

  1. Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945, Pasal 36
  2. Jam penduduk Indonesia
  3. "Hasil Sensus Penduduk 2020 Data Agregrat per Provinsi" (PDF). Badan Pusat Statistik. 2020. Diakses tanggal 2020-08-21. 
  4. a b c d International Monetary Fund (November 2011). World Economic Outlook Database. Rilis pérs. Diaksés dina 30 November.
  5. HDR Stats
  6. Indonesia Daftarkan 13.487 Pulau ke PBB[tumbu nonaktif]
  7. "Indonesia has completed surveys on its 13,000 islands", ANTARA News Agency, 18 August 2010 Archived 18 Maret 2015 di Wayback Machine
  8. a b c Justus M. van der Kroef (1951). "The Term Indonesia: Its Origin and Usage". Journal of the American Oriental Society 71 (3): 166–171. doi:10.2307/595186. http://links.jstor.org/sici?sici=0003-0279%28195107%2F09%2971%3A3%3C166%3ATTIIOA%3E2.0.CO%3B2-5.  Archived 2020-04-10 di Wayback Machine
  9. a b Badan Pusat Statistik Indonesia (1 September 2006). Tingkat Kemiskinan di Indonesia Tahun 2005–2006 (PDF) (dina Basa Indonésia). Rilis pérs. Diaksés dina 26 September 2006. Archived 2006-09-27 di Wayback Machine
  10. Tomascik, T; Mah, J.A., Nontji, A., Moosa, M.K. (1996). The Ecology of the Indonesian Seas - Part One. Hong Kong: Periplus Editions Ltd. ISBN 962-593-078-7. 
  11. a b Anshory, Irfan (Citakan:Citation/showdateError). "Asal Usul Nama Indonesia". Pikiran Rakyat. http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/0804/16/0802.htm. Diakses pada 5 Oktober 2006  Archived 2006-12-15 di Wayback Machine
  12. Earl, George S. W. (1850). "On The Leading Characteristics of the Papuan, Australian and Malay-Polynesian Nations". Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 119. 
  13. Logan, James Richardson (1850). "The Ethnology of the Indian Archipelago: Embracing Enquiries into the Continental Relations of the Indo-Pacific Islanders". Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 4, 252–347. ; Earl, George S. W. (1850). "On The Leading Characteristics of the Papuan, Australian and Malay-Polynesian Nations". Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 254, 277–278. 
  14. Pope (1988). "Recent advances in far eastern paleoanthropology". Annual Review of Anthropology 17: 43–77. doi:10.1146/annurev.an.17.100188.000355.  cited in Whitten, T; Soeriaatmadja, R. E., Suraya A. A. (1996). The Ecology of Java and Bali. Hong Kong: Periplus Editions Ltd. pp. 309–312.  ; Pope, G (15 Agustus, 1983). "Evidence on the Age of the Asian Hominidae". Proceedings of the National Academy of Sciences of the United States of America 80 (16): 4,988–4992. doi:10.1073/pnas.80.16.4988. PMID 6410399. http://www.pnas.org/cgi/content/abstract/80/16/4988.  Archived 2008-11-21 di Wayback Machine cited in Whitten, T; Soeriaatmadja, R. E., Suraya A. A. (1996). The Ecology of Java and Bali. Hong Kong: Periplus Editions Ltd. p. 309.  ; de Vos, J.P.; P.Y. Sondaar, (9 Desember 1994). "Dating hominid sites in Indonesia" (PDF). Science Magazine 266 (16): 4, 988–4992. doi:10.1126/science.7992059. http://www.sciencemag.org/cgi/reprint/266/5191/1726.pdf.  Archived 2009-09-29 di Wayback Machine cited in Whitten, T; Soeriaatmadja, R. E., Suraya A. A. (1996). The Ecology of Java and Bali. Hong Kong: Periplus Editions Ltd. p. 309. 
  15. Taylor (2003), kaca 5–7
  16. Taylor, Jean Gelman. Indonesia. New Haven and London: Yale University Press. pp. 8–9. ISBN 0-300-10518-5. 
  17. Taylor, Jean Gelman. Indonesia. New Haven and London: Yale University Press. pp. 15–18. ISBN 0-300-10518-5. 
  18. Taylor (2003), hal. 3, 9, 10–11, 13, 14–15, 18–20, 22–23; Vickers (2005), hal. 18–20, 60, 133–134
  19. Taylor (2003), hal. 22–26; Ricklefs (1991), hal. 3
  20. Wright, Louis B. (1970). Gold, Glory, and the Gospel: The Adventurous Lives and Times of the Renaissance Explorers. New York: Atheneum. 
  21. Ricklefs, M.C. (1991). A History of Modern Indonesia since c.1300. London: MacMillan. p. 151. ISBN 0-33-579690-X. 
  22. ZWEERS, L. (1995). Agressi II: Operatie Kraai. De vergeten beelden van de tweede politionele actie. Den Haag: SDU uitgevers. 
  23. van der Bijl, Nick. Confrontation, The War with Indonesia 1962—1966, (London, 2007) ISBN 978-1-84415-595-8
  24. Wibowo, Sigit, Sjarifuddin. Ekonomi Indonesia Gagal karena Mafia Berkeley Archived 2008-06-16 di Wayback Machine, Harian Umum Sore Sinar Harapan. Copyright © Sinar Harapan 2003. Diaksés: Salasa, 6 Agustus 2008.
  25. Laporan dari Carter Center. The Carter Center 2004 Indonesia Election Report (PDF). Rilis pérs. Diaksés dina 29 Juli 2008. Archived 2007-06-14 di Wayback Machine
  26. "Perubahan Ketiga Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945" (pdf) (dalam Indonesia). Diakses tanggal 2011-05-24.  Archived 2012-01-18 di Wayback Machine
  27. Kabupaten - Kementerian Dalam Negeri - Republik Indonesia Diaksés 4 Pébruari 2013 (UTC+7) Archived 2016-03-06 di Wayback Machine
  28. Michelle Ann Miller (2004). "The Nanggroe Aceh Darussalam law: a serious response to Acehnese separatism?". Asian Ethnicity 5 (3): 333–351. doi:10.1080/1463136042000259789. http://www.ingentaconnect.com/content/routledg/caet/2004/00000005/00000003/art00005.  Archived 2015-05-21 di Wayback Machine
  29. Dewan Perwakilan Rakyat (1999). Bab XIV Other Provisions, Pasal 122; Undang-Undang Republik Indonesia Nomor 5 Tahun 1974 tentang Pokok-Pokok Pemerintahan di DaerahPDF (146 ). Présidén Indonésia (1974). Bab VII Aturan Peralihan, Pasal 91
  30. Dursin, Richel; Kafil Yamin (Citakan:Citation/showdateError). "Another Fine Mess in Papua". Editorial (The Jakarta Post). http://www.infid.be/papua_mess.htm. Diakses pada 5 Oktober 2006  Archived 2006-01-15 di Wayback Machine; "Papua Chronology Confusing Signals from Jakarta". The Jakarta Post. Citakan:Citation/showdateError. http://www.infid.be/papua_mess.htm#Papua%20Chronology%20Confusing%20Signals%20from%20Jakarta. Diakses pada 5 Oktober 2006  Archived 2006-01-15 di Wayback Machine
  31. Burr, W.; Evans, M.L. (2001-12-06). "Ford and Kissinger Gave Green Light to Indonesia's Invasion of East Timor, 1975: New Documents Detail Conversations with Suharto". National Security Archive Electronic Briefing Book No. 62. National Security Archieve, Universitas George Washington, Washington, D.C. Diakses tanggal 2006-09-17.  Archived 2011-08-22 di Wayback Machine
  32. Dotinga, Harm; Netherlands Institute for the Law of the Sea (2000). International organizations and the law of the sea: documentary yearbook, Vol 14. Martinus Nijhoff Publishers. p. 960. ISBN 9041113452, 9789041113450 Check |isbn= value (bantuan). 
  33. International Monetary Fund. Estimate World Economic Outlook Database. Rilis pérs. Diaksés dina 5 Oktober 2006. Archived 2018-05-01 di Wayback Machine
  34. "Indonesia Regions". Indonesia Business Directory. Diakses tanggal 2007-04-24.  Archived 2005-12-28 di Wayback Machine
  35. World Bank, (2008), Spending for development: making the most of Indonesia's new opportunities : Indonesia public expenditure review, World Bank Publications, ISBN 978-0-8213-7320-0
  36. a b c d Schwarz, A. (1994). A Nation in Waiting: Indonesia in the 1990s. Westview Press. ISBN 1-86373-635-2, halaman 52–57.
  37. "Indonesia: Country Brief". Indonesia:Key Development Data & Statistics. Bank Dunia. September 2006.  Archived 2012-11-01 di Wayback Machine
  38. "Poverty in Indonesia: Always with them". The Economist. 2006-09-14. http://www.economist.com/world/asia/displaystory.cfm?story_id=7925064. Diakses pada 2006-12-26.  Archived 2006-11-28 di Wayback Machine
  39. "Indonesia: Forecast". Country Briefings. The Economist. 2006-10-03.  Archived 2008-08-04 di Wayback Machine
  40. Badan Pusat Statistik Indonesia (2008-12-02). Beberapa Indikator Penting Mengenai Indonesia (PDF) (dina Basa Indonésia). Rilis pérs. Diaksés dina 2008-03-18. Archived 2008-04-01 di Wayback Machine
  41. Ridwan Max Sijabat (Éror: titimangsa teu valid). "Unemployment still blighting the Indonesian landscape". The Jakarta Post. http://www.thejakartapost.com/review/nat05.asp  Archived 2007-05-01 di Wayback Machine
  42. Bank Dunia. Making the New Indonesia Work for the Poor - Overview (PDF). Rilis pérs. Diaksés dina 26 Desember 2006. Archived 2008-08-17 di Wayback Machine
  43. World Bank (1994). A World Bank country study Country Studies: Indonesia: environment and development. World Bank Publications. ISBN 0821329502, 9780821329504 Check |isbn= value (bantuan). 
  44. a b "Indonesia - The World Factbook".  Archived 2008-12-10 di Wayback Machine
  45. "Official Statistics and its Development in Indonesia" (PDF). Sub Committee on Statistics: First Session 18–20 February, 2004. Economic and Social Commission for Asia & the Pacific. p. 19.  Archived 2009-09-29 di Wayback Machine
  46. "Indonesia at a Glance" (PDF). Indonesia Development Indicators and Data. Bank Dunia. 2006-08-13.  Archived 2009-12-23 di Wayback Machine
  47. "[[Indeks Persepsi Korupsi]]". Transparency International. 2007. Diakses tanggal 2007-09-28.  Wikilink embedded in URL title (bantuan) Archived 2008-04-28 di Wayback Machine
  48. Indonesian Central Statistics Bureau (30 Juni 2000). 2000 Population Statistics. Rilis pérs. Diaksés dina 2006-10-05. Archived 2009-07-25 di Wayback Machine
  49. Calder, Joshua (2006-05-03). "Most Populous Islands". World Island Information. Diakses tanggal 2006-09-26.  Archived 2006-08-14 di Wayback Machine
  50. (16 Mei 2008). "Country Profile 2008: Indonesia" (pdf). Economist Intelligence Unit. Diakses pada 31 Juli 2008. Archived 2021-01-29 di Wayback Machine
  51. Yang, Heriyanto (August 2005). "The History and Legal Position of Confucianism in Post Independence Indonesia" (PDF). Religion 10 (1): 8. http://web.uni-marburg.de/religionswissenschaft/journal/mjr/pdf/2005/yang2005.pdf. Diakses pada 2006-10-02.  Archived 2006-09-10 di Wayback Machine
  52. Ethnologue Map Archived 2013-01-13 di Wayback Machine
  53. Endangered language Archived 2013-02-05 di Wayback Machine
  54. "Kampung Tugu, Menyimpan Kenangan Sejarah". Kompas. Citakan:ISO date/en. http://www2.kompas.com/kompas-cetak/0404/28/metro/996265.htm. Diakses pada 2008-08-14  Archived 2008-12-11 di Wayback Machine
  55. http://www.cnngo.com/explorations/eat/40-foods-indonesians-cant-live-without-327106 Archived 2011-10-25 di Wayback Machine 40 of Indonesia's best dishes. Diaksés 5 Désémber 2011.
  56. a b Kristianto, JB (Citakan:ISO date/en). "Sepuluh Tahun Terakhir Perfilman Indonesia". Kompas. http://www.kompas.com/kompas-cetak/0507/02/Bentara/1857854.htm. Diakses pada 2006-10-05  Archived 2008-01-13 di Wayback Machine
  57. Taylor (2003), halaman 299–301
  58. Vickers (2005) halaman 3 to 7; Friend (2003), halaman 74, 180
  59. Czermak, Karen; Philippe DeLanghe, Wei Weng. ""Preserving Intangible Cultural Heritage in Indonesia"" (PDF). SIL International. Diakses tanggal 2007-07-04.  Archived 2007-07-09 di Wayback Machine
  60. http://www.detiknews.com/read/2009/03/08/144934/1096302/10/pemerintah-siap-dukung-dana-pengembangan-obat-herbal-aids-kanker Archived 2009-03-11 di Wayback Machine http://www.detiknews.com/read/2009/03/08/144934/1096302/10/pemerintah-siap-dukung-dana-pengembangan-obat-herbal-aids-kanker Archived 2009-03-11 di Wayback Machine
  61. http://www.presidensby.info/index.php/fokus/2009/03/08/4070.html Archived 2009-03-11 di Wayback Machine Dunia Sebut Indonesia Mega Biodiversity
  62. http://www.cites.org/eng/prog/economics/report_mega_2001.pdf Archived 2010-10-07 di Wayback Machine Report on the CITES workshop on mega-biodiversity exporters (with the assistance of the European Commission)
  63. http://www.sinarharapan.co.id/berita/0712/29/kesra01.html Archived 2008-03-28 di Wayback Machine Sulung Prasetyo. Ekologi Indonésia Masuki Masa Genting, Paragraf 1. Sinar Harapan Online. Diaksés 13 Nopémber 2009

Tumbu kaluar